Arsip Blog

Surat keur Hiji Dayeuh

Sajak Nazarudin Azhar

na pucuk-pucuk leumpeuh
leuweung liwung hiji dayeuh
gurat-gurat jalan teu nyésakeun
tempat istirah, lian ti tikungan
nu terus miharep awahan
saban léngkah miuhkeun ulekan

halodo bangun rék manjang
béntang ditalikung ku peutingna
sakur cahaya nyamagaha
suremna haat nu nyésa

kekebul na bangku taman
aksara lain bacaeun
kalakay-kalakay marulang
ka nu kungsi ngahirupkeun

2013

Demi Mangsa

sajak Nazarudin Azhar

 

ngaprak dina satangkarak jagat
nganteur nu hayang ngundeur hakékat
linduh pucuk nyuhun ibun nu gumenclang
maseuhan rangrang dina hanaang panungtung

ramo-ramo simpé teu leupas tina catetan
nuliskeun nu kudu jadi bagian tina ingetan
pelong nu nyimpang dina halis ngatumbiri
keur manggihan deui riwayat mimiti ngancikna surti

sorot ngénclong diseuseup heuleutan kiceup
papada ngudar talikung di luar rusiah héman
patukeur riak talaga, silih teuleuman sungkawa
mapaykeun kelir haréwos nu geus teu perlu ungkara

huluwotan sakur ucapan, tepung cacap jeung geterna
lampah mokaha nyanding pasir jeung léngkobna

neueulkeun angen-angen kana saban jalan nanjak
sabot mudun nu lumaku lain ngan ukur duriat
lulurung waktu disorang, beurang awor jeung peutingna
dijurung nu muka lawang, rénghap madakeun hégakna

dalit késang jeung lemahna, akar-akar purwa
mucukkeun deui hégarna, demi mangsa
jeung lalakon panginditan, pikeun saleunjeur carita
nu dina saban bukuna nyalangkrung cikahuripan

2014

Curuk Mustajab

Carpon: Nazarudin Azhar

LAIN beurit samanéa! Pasti beurit kajajadén! Bagian tina konspirasi politik!
Mustajab ngagerung. Manéhna melong dua curuk leungeunna nu buntung. Dempes dina buku nu kadua ti tungtung. Enya, ngaranna pasti masih kénéh curuk, najan ukur sapotong, tapi curuk nu geus ilang wibawana.

Manéhna ngacungkeun curukna. Buntet. Geuleuh kadeuleuna gé. Ukur sabuku. Saliwat mah malah leungeunna jiga keur meureup, ngan aya nolol saeutik, si curuk téa.

Mustajab najong pot kembang tepi ka peupeus. Can kénéh puas, sukuna rék najong korsi, tapi kaburu sadar, korsina kai jati. Ucing nu keur nagog bari melongkeun dina kékéséd, bangun nu boga pirasat, belesat lumpat ngaliwatan buruan, terus moncoran pager, kabur ka peuntaseun jalan.

Bari mébérkeun ramo-ramo leungeunna, awak Mustajab ngageter. Karék saminggu dibuka perbanna, sanggeus rutin diubaran ku dokter nu ngahaja diangkir ti kota. Manéhna teu hayang ngawiwirang karep ku datang ka puskesmas atawa rumah sakit atawa ka tempat prakték dokter. Kaleungitan dua curuk alatan dihakan beurit, éstu geus jadi hiji siksaan lahir batin nu ngalantarankeun manéhna aya kana tilu bulanna teu liar ka mamana. Numpi di kamar bari gegerungan. Lain, lain lantaran nyeri nu nyanyautan dina leungeunna, tapi lantaran nyeri nu ngalémbéréh tina puncak kanalangsa, asa diteungteuinganan ku nasib kudu kaleungitan curuk nu salila ieu jadi simbul tina pangawasana. Kanyeri nu terus ngamalirkeun amarah, ngagolak dina dadana, jadi tanaga nu rosa pikeun ngahanca sakabéh kadaharan nu disuguhkeun ku Ratna.

Ukur Ratna nu bisa meper kasedihna. Pamajikanana nu kadua. Nu bisa ngahibur ku carana nu has.

“Teu nanaon atuh, Pih, teu gaduh curuk mah. Da kanggo abdi mah mangpaat kénéh jajangkung tibatan curuk mah,” pokna bari ngadilak.

Mun geus aya dilak éta, getih Mustajab sok béda nyéakna, henteu kana dada jeung sirah, tapi ka lebah anggahota badan nu lian, nu bisa jadi panglipur pikeun saheulaanan.
Tapi mun geus ngalakukeun pagawéan nu ngalibetkeun mangpaat curuk, kasedihna ngoléab deui. Amarahna merejih, ngagolak, mudal mun keur teu kaampeuh. Barang-barang di imah pamajikanana nu ngora, nu geus dianjrekkan ti saprak meunang musibah, geus réa nu diganti ku nu anyar. Kalan-kalan mah aksina ngumbar amarah katarumpangan ku pangrasa réa dunya. Naon waé nu sakirana lemah pikeun obyék tajonganana, taya nu manggapulia.
Tapi geus tilu poé ieu, ukur pot kembang nu nyangkorah peupeus dina panyawéran, minangka korbanna. Ratna keur ka salon. Manéhna nyorangan di imah, nyoba-nyoba negerkeun manéh. Ngajaran ka luar najan ukur lajag-léjég dina téras. Imahna rada nénggang ti nu lian. Béda jeung imah nu dicicingan ku pamajikan nu kolot. Di tetengah lembur pisan. Deukeut pasar désa.

Beurangna méméh kajadian, manéhna nguriling di pasar. Poé Kemis Pahing. Ka unggal jongko manéhna datang, ngajak sasalaman ka nu dagang. Geus aya kana dua bulanna manéhna soméah. Sikep nu éstuning barang langka bisa bijil ti cungap nu salila ieu teu weléh dangah. Ieu aing pangkayana. Ieu aing hormateun saréréa.

Di pasar, manéhna teu weléh ngagakgak seuri. Diiring ku Daroji jeung Masnan, dua pakacar satiana, nu ngajingjing balanjaan.

“Rék nyalon jadi kuwu, ceuk béja mah,” ceuk tukang pindang, diukna doyong ka lebah tukang tahu.

“Paingan atuh,” kecewis nu némbalan. “Ukur meuli sabungkus ka urang mah…” jebi.

“Urang mah komo ukur diajak sasalaman wungkul…”

Mustajab anjog ka jongko bako.

“Haturan Agan, mangga, bako molé bako tampang, daun kawung dibeungkeutan. Hésé saré ngajapapang, nu ngacung teu… kaleupeutan… Aheuheuheu….” Tukang bako hégar pisan menerkeun silana.

Mustajab ngagakgak, gék diuk dina korsi panjang nu sabenerna mah depek teuing pikeun awakna nu bayuhyuh. Curuk katuhuna diutek-utek heula bari nempoan rupaning bako. Terus nunjuk, “Bungkus!” pokna. “Bonusan nya!”

Sagalarupana kabayang deui ku Mustajab.

Di pabrik aci, curukna dituturkeun ku kasuhud para pagawé nu dadak sakala ningkat ténsina. Di kebon kopi, curukna mampuh ngagerakkeun pagawé nu saméméhna talangké. Di sawah, nu ngarambét ngapikkan hanca gawéna  mun curuk nu boga jeceng ka lebah nu masih kénéh bala.

Mustajab ngeupeulkeun leungeunna.

Di buruan masjid, curuk Mustajab tutunjuk ka ditu kadieu bari nyarita kumaha kuduna nyieun wangunan nu bener. Kulah hadéna lain di dinya. Munara kuduna beulah ditu. Manéhna jangji rék ngawangun masjid nu leuwih agréng. Di jalan, méh saban batu nu parentul katunjuk ku curukna bari nyarita kumaha pentingna ngawangun jalan pikeun ningkatkeun perékonomian masarakat.

“Inprasetruktur kudu jadi nu utama,” pokna ka jalma-jalma nu aya di dinya. Kecap “inprasetruktur” jadi bagian tina sababaraha kecap anyar nu kudu diucapkeun kalawan paséh sakumaha nu disarankeun ku Guru Mimid, anggota tim suksés nu jadi kapercayaan manéhna pikeun nyusun bahan pidato.

“Apal geus sabaraha puluh taun ieu sasak gantung umurna?” pokna hiji poé, basa manéhna jeung tim suksés ngaroris rawayan di walungan Ciséél. Curukna lempeng ka lebah sasak nu oyag ku nu ngaliwat.

“Upami teu lepat mah, saur Aki Mar’i, didamelna téh sawaktos sareng basa anjeunna disepitan…” ceuk Hatimi, warga nu imahna sisi walungan. “Meureun kana taun opatpuluhan mah, nya, Dim?”

Hadim nu keur ngahua awi di buruan imahna unggeuk bangun nu henteu teuing.

“Geus teu layak pikeun inprasetruktur. Kudu diganti ku jambatan nu keweg, dibeton!” ceuk Mustajab.

“Saé atuh dibeton mah, ngarah si Mamay teu tiporos waé saban balik sakola,” ceuk Hatimi.
“Keun ku kami diusahakeun! Matakna ari milih kadés ulah nu kuuleun!” Mustajab nyaritana tatag. Tim suksésna keprok.

Mustajab ngarahuh. Ucing nu tadi jicir, ningali kaayaan nu bangun geus kondusif, manéhna rerencepan asup ka buruan, terus nagog nyérangkeun tina handapeun tangkal kembang keretas.

Rét ka ucing. Ras ka beurit. Angen Mustajab seueul deui. Tapi manéhna satekah polah meper amarahna.

“Fokus kana program, Pih,” ceuk Ratna tadi peuting. “Cita-cita, Apih…”

Sakeudeung deui pendaptaran, terus kampanyeu.

Naskah pidato apalkeuneun geus katarima ti Guru Mimid, dianteurkeun ku Daroji. Pidato mun keur nganjang ka pangajian. Pidato mun keur ngumpul jeung kelompok tani. Pidato keur waktuna engké kampanyeu méméh pilkadés. Tapi nyekel lambaran keretas téh ayeuna mah jadi siksaan nu rohaka. Curukna.

Malem Jumaah, harita téh. Manéhna ngimpi keur nangtung dina mimbar. Pidato kalayan lancar, intonasina sakumaha nu diajarkeun ku Guru Mimid. Sababaraha repetisi merenah dina undakan lentong nu dijurung ku tahapan tanaga dina ngunikeun sora. Curukna masieup dina tingkatan nu pas. Ti mimiti sajajar jeung taktak, terus ningkat saluyu jeung wirahma kalimah nu diucapkeun kalayan pertéla, tepi ka ngacung ka langit. Ger hadirin di hareupeun balé désa surak. Keprok. Suit.

“Hidup Mustajaab! Hidup Mustajaaab!” Tim suksés pangtarikna.

Tapi Mustajab terus ngocéak, getih mancer tina dua curukna. Di para kadéngé sora ngagebrug. Ratna ngoréjat, ngeureuceum, terus molohok ningali getih. Peuting nu éndah dipungkas ku kajadian nu teu asup akal! Leungeun Mustajab ranggah, baloboran. Dua curukna ilang. Malah, tepi ka datangna dokter geus rada beurang, curukna ilang tanpa karana. Dikotéktak di kamar, di tengah imah, di dapur, di para, di buruan…

“Tapak huntu beurit,” ceuk dokter nu keur ngabulen leungeun Mustajab.

Mustajab kekerot. Gumalingging. Muriang nu dilantarankeun ku sababaraha sangkaan nu terus jadi ulekan dina dadana, dina sirahna.

Beurit naon nu bisa ngarumpungkeun curuk kénca katuhu dina waktu nu sakilat pisan bari teu ninggalkeun juringkangna? Panto kamar nutup. Taya liang na palapon. Jandéla buni. Érang-érang dikasaan. Taya nu nyurigakeun. kamana losna? Ti mana datangna?
Beurit kajajadén. Titahan jalma nu julid.

Pamajikan nu kolot? Lawan politik?

Ditataan ku ingetan, dipapay dikira-kira saha pijalmaeunana.

Poé Jumaahna, Sahidah, pamajikan nu kolot datang, rawah-riwih. Ditelepun cenah ku Ratna, yén salaki maranéhna meunang musibah. Peutingna Sahidah ngariungkeun tatangga, ngaraji yasin pikeun kasalametan Mustajab. Moal mungkin, pamajikan nu sakitu soléhahna nyieun peta nu nyilakakeun.

Lawan politik? Si anu, si anu, jeung si anu. Opat urang dukun panuduhan si Masnan diangkir hiji-hiji, taya nu bisa nuduhkeun saha-sahana nu boga dosa. Dukun nu kaopat mah kalah ngabarubahkeun da ngadon kasurupan, bari sagala dipénta. Ahirna digarotong ku si Masnan jeung Daroji ka luar ti imah.

Hiji waktu pasti bakal kapanggih sasaladna! Kitu ceuk kayakinanana.

Curuk nu salila ieu jadi wawakil sabot metakeun rasa kawasa, kiwari ilang dangiangna. Jalma jegud nu curukna dipikaajrih ku sakur pagawé, minimal mun keur hareupeun, kiwari kudu kaleungitan banda nu pangdipikareueusna. Kabiasaan tutunjuk, nuduh ka batur mun aya masalah, nunjuk rorék pihak nu lian mun aya bancang pakéwuh bari ngamangkeun curukna, kiwari tinggal panineungan. Curukna geus teu jiga curuk.

“Pokus kana tujuan!” gerentes Mustajab. Manéhna ngadéngé béja, yén anggaran keur désa ayeuna aya samilyarna per taun. Meureun tina sakitu téh bakal kabagéan sabaraha persénna mah.

“Matakna tong seueur émutan, Apih kudu jadi kadés!” ceuk Ratna.

Eungkeut-eungkeut rasa percaya dirina nguniang deui. Mustajab paromanana geus jiga sabihari. Leungeunna geus cageur. Amarahna geus peper. Manéhna latihan pidato. Ngacungkeun curukna, tapi leungeunna ngareunteut deui.

“Cobian ku jempol, Pih,” Ratna méré saran. Dicobaan bari pidato, bet kalah jiga nu keur ngajempolan nanahaon. Teu umum pisan pidato bari hayoh waé ngacungkeun jempol.
“Cinggir…” Ratna daria.

Dicobaan ngacirkeun cinggir.

“Jiga nu ngahina, atawa ngajak pacantél,” ceuk Ratna deui.

Nyobaan bari meureup, jiga nu ambek-ambekan.

“Maké jariji, hésé lempeng…” ceuk Mustajab, bari nyontokeun ngacungkeun jarijina.

“Ku jajangkung wé atuh, Pih. Paporit abdi,” Ratna ngahihih.

“Tah, lumayan bisa nunjuk kieu mah…” ceuk Mustajab. “Saliwat mah jiga ku curuk nya?” sorana atra keur ngahibur manéh.

Waktuna kampanyeu, Mustajab geus bangun taya masalah. Naskah pidato, najan seuseut seuat, bisa katalar sawaréh. Ceuk Guru Mimid, nu penting intina nu kudu kacangkem. Upamana ngeunaan inprasetruktur jeung pentingna pangwangunan.

Poé nu geus ditangtukeun, hareupeun balé désa, Mustajab geus saged rék kampanyeu.  Diuk bari ngodok saku jasna. Rét ka Supéndi, inkumben, keur seuri leutik, duka nyeungseurikeun naon. Rét ka si Musa, calon urang Cipicung, keur nyusutan késang. Di hareupeun panggung, masarakat tumplek ngadagoan acara dimimitian. Pangpangna mah di ahir acara bakal aya hiburan organ tunggal, midangkeun biduan dangdut kawentar ti kabupaten, Imas Vibrator.
Calon kahiji. Mustajab geus sayaga rék biantara. Mimiti rada karagok rigig gésturna. Tapi tim suksésna nu terus nyumangetan ti sisi panggung, nguniangkeun deui wawanénna.
“Sadérék sadaya!” Manéhna ngusikkeun leungeunna, rék ngacung, tapi kaburu sadar kana kondisi. Leungeunna ngarempod sakeudeung, tapi kituna téh bangun nu ngawahan pikeun ngacung. Éta wé, sanggeus ngarénghap, pok manéhna nyarita bari ngacungkeun jajangkung leungeun katuhuna, “Pangwangunan téh…”

“Pakyuuuu!” ceuk sababaraha urang barudak ti hareupeun panggung, bari tanggah ningali leungeun Mustajab. Sawaréh cicirihilan.

“Pangwangunan…!” pokna deui leuwih bedas.

“Pakyuuuu!” témpas barudak tinggorowok.

Mustajab rungah-ringeuh.***

Tasikmalaya, 31 Agustus 2016

Kantos dimuat dina Tribun Jabar, September 2016