Category Archives: Panglipur Kalbu

Lalajo Tipi di Buruan

Panineungan Nazarudin Azhar

Teu bisa dipondah deui, hiburan jeung média inpormasi nu pangmurahna ayeuna mah tipi téh. Balik gawé, nyetél tipi. Méméh saré, panasaran teu nénjo heula berita téh. Méméh indit isuk-isuk, bari sasarap téh panon mah mencrong rupaning kajadian nu keur diwartakeun. Jiga kumaha nya mun hirup dijauhkeun tina éta barang? Iwal ti pasosoré, éta mah geus teu bisa diganggu, waktuna maca buku. Kétang, mun Persib maén tur disiarkeun mah, angger wé andekak hareupeun tipi!

Ras inget ka jaman keur budak. Taun 1970-an mah aranglangka nu boga tipi téh. Teu jiga ayeuna méh di unggal imah nyampak. Atuda barang mahal baheula mah tipi téh. Ukur jalma aya nu bisa meulina gé. Geura wé, ceuk data departemén penerangan baréto, taun 1981 waé jumlah tipi nu dipibanda ku masarakat di Indonésia téh ukur 2,5 juta siki! Padahal mah kapan ceuk Oma Irama ahir taun 1970-an téh jumlah penduduk Indonésia geus 135 juta. Tuh, ganjor pisan pan. Jadi tong boroning nu aya di pasisian, dalah di béh tengah gé ukur sababaraha urang nu boga tipi téh.

Tapi, lain sombong, najan kuring aya di pasisian, di lembur Saungséél, Salawu, nu jauhna puluhan kilo ti dayeuh Tasik, ari kana tipi mah geus wawuh ti taun 1977 kénéh. Lain sasaha nu bogana gé, tapi Aki kuring pisan. Inget kénéh, tipi hitam putih mérek Toshiba, 14 inci. Ngahaja ceuk Aki meuli nu 14 in téh ngarah sugema nénjona. Da harita mah pan nu réa dijual ku toko téh tipi ukuran 11 inci.
Jigana, nu sok resep ngagugulukeun kana hiburan mah Aki wungkul di lembur téh. Éta wé, méméh boga tipi, di bumina téh geus aya radio transistor jeung gramopun, paragi muter piringan hitam téa. Ukur Aki wungkul nu boga nu kitu téh. Apal kénéh kana sababaraha péhana gé kuring mah. Di antarana aya albeum Titim Patimah, nu laguna baheula mah, enya ceuk kuring nu bolon kénéh, teu ngeunah teu sing. Ngahéang wé kadéngéna sorana téh, nyanyambat oray welang. Terus aya albeum Upit Sarimanah. Cangkangna héjo, judul albeumna “Pupudjan Manah”, dipirig ku Gamelan Sunda Siliwangi. Aya opat lagu dina éta péha téh. Nyaéta Pupudjan Manah jeung Bangbung Hideung Kukupu dina Muka I. Muka II-na Tjahaja Sumirat jeung Sri Wedari. Apal da tepi ka kuring kelas opat SD mah aya kénéh péhana téh.

Péha séjénna nu jadi kameumeut Aki téh nyaéta albeum Mimi Maryami, judul albeumna “Petis Kupa”. Lagu celempungan ieu mah.  Eusina leubeut aya kana dalapan laguna, di antarana lagu Undang-undang Dasar 45, Pantja Tunggal, jeung USDÉK.

Lah, wararaas mun pasosoré Aki nyetél péha. Sakapeung malah sok nyetél kendang penca, tina péha “Gadjah Putih” mun teu salah mah. Kungsi nénjo sakali waktu mah, kendang penca disetél bari si kucubung nu jadi salonna téh ditompokeun ka buruan. Pasosoré. Ngahaja keur nabeuhan Aki Mar’i, Aki Enjum, Mang Ayod, Mang Éman, jeung sababaraha urang tatangga lianna, nu bagilir metakeun jurus cikalong, cimandé, jeung lian ti éta. Ramé atuh, buruan imah nu rada lega téh pinuh ku nu lalajo, enya berenyit jeung tatangga nu deukeut, bari sakapeung mah sok bareng senggak lamun tepak atawa kelid nu kaul adumanis jeung blaktukna kendang atawa kowowongna goong.

Lian ti lagu Sunda, Aki gé teu éléh ku budak ngora dina hal seléra mah. Da éta wé, sakali waktu mah ngahajakeun meuli péha Koes Plus ka pasar Singaparna. Tah harita kuring gé mimiti ngadéngé lagu “Kisah Sedih di Hari Minggu” téh, tina péha Koes Plus volume 2. Ngahiji jeung lagu “Hidup Jang Sepi”, “Andaikan Kau Datang”, jeung nu lianna. Ari cangkangna éta péha téh teuing ku teu mararatut. Teu jiga artis atuda poto grup Koes Plus téh. Geura wé, Yok Koeswoyo jiga nu can mandi, ukur dikolor teu dibaju, nangkeup tuur bari nyarandé kana tihang di téras imah nu témbong batana teu dipéléstér, melong nu séjén nu keur ngaralinting bako. Malah katénjo bakona gé dina korsi, bako warning nu bungkusna biru polét hideung téa geuning.

Jiga nu teu mentingkeun cangkang baréto mah artis téh nya? Éta wé kapan, albeum Benyamin S mah malah aya nu gambar manéhna keur nungtun embé sagala!

Harita, lian ti Koes Plus, péha nu dibawa ku Aki téh lagu Nanin Sudiar. Albeum “Do’aku Mama.” Tah rada pantes ieu mah kaperna téh. Nanin Sudiar maké cutbray , keur imut manis dina luhureun kap mobil. Cantik, déh.

Aéh, naha kalah nyaritakeun péha ieu téh nya? Heuheuy deuh, abong keur ngalamun. Balik deui ah kana perkara tipi téa.

Pabeubeurang, basa kuring keur mukaan majalah nu emang nu sakola di PGA, basa kadéngé barudak lalumpatan ka jalan. Biasa, ukur hayang nénjo mobil bak nu Mang Paat ngaliwat rék narik kai atawa paré. Abong gendo. Najan keur rada jauh ka jalan gé, mun ti lebah Cipicung kadéngé sora gerung mobil, barudak mah sok geus tingberetek ka jalan bari ngajorowok patarik-tarik, “ Mang Pa-aaaat, dagoaaan…” cenah. Padahal ukur rék nénjo mobilna ngaliwat. Tapi kétang, nu wanian mah, sok terus ngudag mobil, tepi ka bisa nangkél ti lebah pos ronda ka hareupeun masigit nu jauhna kurang leuwih 30 méter. Nu pangjagona si Totom. Si éta mah bisaan, gurawil, gurawil wéh naék kana bujur mobil nu keur maju téh. Najan sok dicarékan ku Wa Engkin gé, pamajikan ajengan nu imahna deukeut masigit, hih teu kapok-kapok, teu sieuneun cilaka. Padahal mun kagusur ku mobil téh abong tah mun teu bararéd, jalan koral ieuh atuh.

Kuring mah tara pipilueun lumpat ka jalan, keur mah pangboyotna deuih, kacapé-capé. Jadi ngadéngé barudak susurakan gé, cicing wé dadapangan nénjoan gambar, sakapeung macaan nu aksarana galedé. Da najan can sakola SD gé, geus bisa maca mah, sok dipapatahan ku Apa jeung Ema.

Kadéngé mobil téh eureun. Teu lila barudak kadéngé deui susurakan, sorana beuki deukeut. “Mang Jumali mawa tipi, Mang Jumali mawa tipi,” cenah. Kuring curinghak, sanggeus ngababétkeun majalah terus lumpat ka imah Aki nu ukur kahalangan ku tilu imah ti imah kuring téh. Enya wé, katempo aya dua urang nu manggul dus badag, diiringkeun ku Aki nu ngélék anténeu. Apal éta anténeu téh sanggeus diterangkeun ku Apa nu milu masangkeun éta barang luhureun kenténg.

Sapoé harita mah pabéja-béja Aki Jumali meuli tipi téh. Tatangga réa nu geus ngaliud bada asar téh, da hayang lalajo. Barudak pon kitu deui, geus tingalingsreuk di buruan, bari sakapeung lol deui lol deui nempo ka jero imah susuganan tipi geus disetél. Tadi basa keur dicobaan ukur ngahéos tipina téh, euweuh gambaran.

Jam satengah genep mun teu salah mah, tipi disetél téh. Jalma-jalma aya kana puluhna ngaronyok ti tengah imah tepi ka dapur. Tipina ditunda luhureun sprongkas, diapit ku tangkal kolé nu diteundeun dina kéler nu dicaian téa.

Barang bray disetél na tipi keur lagu Indonésia Raya. Barang gambar bandéra nu ngélébét paselang jeung gambar pamandangan téh, réa nu cruk-crek bari nyarita, duh mani waas, cenah, padahal kapan ukur tipi hitam putih. Jaba pan kuduna mah geus teu anéh ningali pasawahan jeung pagunungan mah. Tapi angger wé pas nénjona na tipi mah nyarebut waas.

Dur magrib, nu lalajo bubar. Liwat isa tengah imah leuwih pinuh batan saméméhna. Nu lalajo beuki réa tepi ka heurin usik.

Poho deui acara-acara naon waé nu dilalajoan munggaran téh. Enya, siaran TVRI nu dibaraca turi téa, boh ku barudak boh ku kolot. Padahal kuring téh diuk panghareupna, pangdeukeutna kana layar. Bubuhan incu nu boga atuh, euweuh nu wani nyedekkeun babaturan gé.

Nu inget téh suasanana. Éta da meni sahéng wé teu puguh déngé satungtung lalajo téh. Ti mimiti disetél tepi ka béakna siaran, duka jam sawelas, duka jam duawelas. Itu ieu papada hayang nyarita, ngoméntaran nu keur kajadian na layar.

Isukna, Aki, dibantuan ku sababaraha urang tatangga ngadaleker nyieun teuing naon, kotak jiga peti sagedé kandang japati. Éta kotak téh terus ditihangan ku tangkal kai sagedé cangkéng orok, jangkungna aya dua méter mah, ditangtungkeun handapeun tangkal cengkéh di buruan hareup. Handapeun kotak dipasangan dadampar jiga jojodog. Singhoréng éta téh keur kandang tipi, ari nu handapna jang aki. Tah, meunang sababaraha bulan mah éta tipi téh unggal peuting nangkring di dinya. Dilalajoan ku salembur.

Peutingna, najan nu berjamaah isa di masigit karék awéh salam gé, barudak mah geus tingberebet muru buruan imah Aki. Papada hayang panghareupna, dariuk didamparan ku sendal séwang-séwang. Nu teu disendal ngurihit nginjeum nu batur sabeulah. Orokaya, si Ujér mah karék gé sajam geus eueuleugeugan nyeri beuheung, lantaran diuk panghareupna jadi lalajo téh kudu bener-bener tanggah. Kolot-kolot rada béh tukang, aya nu nangtung bari diharudum samping atawa sarung, aya ogé nu ngadon mawa jojodog ngarah tumaninah diuk. Kuring mah sok diuk téh dina témbok téras imah. Rada nyangigir nénjo tipi téh.
Ramé. Sora tipi ngahaja digedéan. Najan kitu, mimindengna mah angger teu mapakan sahéngna sora nu lalajo. Itu ieu papada hayang ngoméntar. Lain niténan acara atuda, kitu wé, ngoméntaran jalma nu katémbong na layar.

“Naha euy éta mah jiga si Kodoy,” ceuk saurang, “Éta, anakna si Ija urang Kalékér!”

“Naon, nu nambru kitu mah si Oting, anak si Imi urang Kumendur!” ceuk nu mairan. Ger éta téh sareuri. Ngong deui nu séjén, ditémpas ku nu séjén deui. Ah, teu puguh kadéngéna ahirna mah.

Mun na tipi aya sandiwara, kakara sok rada jempling. Enya mun ayeuna mah sinétron téa. Baheula mah can aya istilah éta, aya gé tv play, sandiwara atawa télédrama. Kitu gé jemplingna téh tara lila, da angger sok aya nu pangangguran ngoméntar. Nu séjén keur kabaud ku kasedih lantaran nénjo adegan nu mémang pikasediheun, ujug-ujug celengkeung aya sora, “Rék ka mana Pandi? Rék nyadap?” cenah, pédah dina tipi aya lalaki sarimbag jeung Mang Pandi, tukang nyadap di lembur. Ger deui sareuri, ramé deui silih témpas.

Jemplingna pisan mah buruan téh mun tipina teu disetél lantaran akina béak setrum. Dua poé biasana disetrumna téh di Singaparna. Aki Jumali mah tara ieuh capé manggul, da sok aya waé pamuda nu ihlas mangmanggulkeun boh ka jalan di lembur, mun pareng aya mobil Mang Paat, boh ka jalan hideung di Cicurug nu anggangna aya kana dua kilona.
Pareng usum hujan, tipi téh ngampih, disetél di tengah imah. Tara pati réa nu milu lalajo téh usum hujan mah. Ukur nu dareukeut wungkul. Nu rada jauh ti wétaneun lembur biasana ukur Aki Enjum, nu teu weléh hayang nénjo mobil dina tipi. Pajarkeun téh resep cenah asa milu ngageuleuyeung. Mun urang lembur séjén, nyaéta Aki Sumanta, urang Cipicung nu kungsi kaciri hanjelu pisan basa datang pas akina béak. Pokna téh, “Cobaan jiga di kota, Jumali. Di imah Pa Unus gé mun rék nyetél tipi téh kari cos wé kana bilik kabelna téh,” pokna. Teu apaleun, yén di kota mah geus maké listrik.

Heueuh. Sok hanjelu mun keur lalajo, layar tipi ngadadak ngeleper. Padahal mah sok diawét-awét aki téh. Mun na tipi keur berita atawa ngobrol samodél “Percakapan Malam Ini”, tara ieuh disetél, da bisi hambur setrum téa. Kitu wé mun aya hiburan disetélna téh. Najan éta gé sok aya nu protés mun rék berita, tipi dipareuman heula. “Setél wé atuh Mang, da ditémbongkeun ieuh beritana gé,” cenah. Maksudna mah ditémbongkeun gambar beritana. Da baréto mah mindéng pisan atuh berita tipi téh ukur dibacakeun penyiar, atawa ukur némbongkeun poto paéh jiga dina koran téh.

Sakapeung mun layar tipi geus mimiti ngeleper, hég acara keur raraména, sok aya sababaraha urang pamuda nu boga inisiatip, nginjeum kalawan rerencepan aki sapiker ti masigit, terus disambungkeun jeung aki nu rék béak setrumna, maké kabel. Salamet tah tepi ka réngséna siaran. Tapi éta kalakuan téh ukur sababaraha kali, da ahirna mah sok dicarék, boh ku Aki Jumali boh ku nu séjén. Iwal lamun acara na tipi bener-bener keur ramé pisan. Jiga basa Muhammad Ali, tukang tinju téa, maén duka jeung saha harita téh. Taya nu nyarék najan nyokot aki ti masigit gé, da moal dosa ieuh pajarkeun téh, pan nu keur dilalajoanana gé sasama muslim nu kudu dibobotohan tur dijurung du’a ku saréréa.

Lian ti sok dilalajoan ku salembur, tipi téh sakapeung sok aya nu nyéwa, ku nu hajat. Aya sababaraha kalina tipi diséwa ku nu hajat téh sainget mah. Mimindengna ku urang lembur séjén. Malah kungsi aya nu ti lembur nu anggangna kahalangan dua désa. Boh ku nu hajat ngawinkeun, boh nu kariaan. Sok aya kana tilu atawa opat peutingna sakali diséwa téh. Ari pas mulangkeun, nu datang téh lain ukur nu manggul tipi jeung akina, tapi ogé diiring ku rombongan jiga sésérahan. Sok aya kana tilu atawa opat urangna nu manggul tolombong dieusi rupaning dahareun, ti mimiti sangu katut deungeunna, angléng, opak, wajit, tepi ka cau dipanggul bari sakapeung mah diiringkeun ku barudak. Tah éta kadaharan téh minangka keur mayar séwa tipi. Tara ku duit.

Heueuh, nineung mun ras ka jaman harita. Ku aranglangkana nu boga tipi éta téh. Ayeuna mah di lembur gé méh unggal imah boga tipi. Tipi warna, lain tipi hitam putih nu maké palastik biru ngarah teu sérab téa.

Jaman geus kacida robahna.***

*Katineung keur pun Aki almarhum

Iklan