pancakaki

Nunu Nazarudin Azhar, pituin urang Tasikmalaya. Tulisanana mangrupa carpon, sajak, éséy, jeung naskah drama, dina Basa Indonesia jeung Basa Sunda. Sawaréh karyana kungsi dimuat dina media citak, upamana dina Pikiran Rakyat, Nova, Ceria Remaja, Syir’ah, Bandung Pos, Koran Tempo, Horison, Suara Pembaruan, jeung Kompas, ogé dina sababaraha antologi. Karangan Basa Sundana dimuat dina Kabar Priangan, Kujang, Galura, Pikiran Rakyat, Tribun Jabar, Manglé, jeung Cupumanik. Carpon, sajak, jeung naskah drama Sundana ogé bisa dibaca dina sababaraha antologi. Antarana dina buku Heulang nu Ngajak Béngbat, Ti Pulpén tepi ka Pajaratan Cinta, Kembang Kadengda, Sajak Sunda, Kanagan, Kumpulan Naskah Drama ‘Jeblog’, Kumpulan Sajak ‘Katumbiri’,  jsb. Sawaréh dimuat dina blog pribadi kilangbara.wordpress.com. Bukuna nu geus medal nyaéta “Ngabungbang” (Geger Sunten, 2012), mangrupa kumpulan sajak, “Dayeuh Kasareupnakeun” (Mataholang, 2014) mangrupa kumpulan fiksimini. Sedengkeun naskah dramana kungsi dipanggungkeun ku sababaraha grup téater jeung dipaké pikeun naskah Festival Drama Basa Sunda, Téater Sunda Kiwari, Bandung. Kungsi meunang hadiah sastra DK. Ardiwinata ti Paguyuban Pasundan pikeun naskah drama Basa Sunda nu judulna Blor! (1996). Sedengkeun taun 2007 naskah dramana nu judulna Jeblog kapilih jadi Pinunjul I dina pasanggiri ngarang naskah drama Basa Sunda nu diayakeun ku Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS). Dina pasanggiri nu sarua, taun 2009, naskahna nu judulna Sadrah ogé kapilih jadi Pinunjul I. Dina widang puisi, kungsi meunang hadiah sastra LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda) pikeun puisi pinilih dina taun 2005, 2007, 2009, jeung 2010. Lian ti ngarang, ogé kungsi macakeun sajakna di sababaraha tempat, jadi panyatur dina seminar, diskusi, atawa lokakarya ngeunaan sastra, ogé ngasuh acara “Cakrawala Sastra Kita” jeung “Langari; Panglawungan Urang Kiwari” di RSPD Tasikmalaya (1999 – 2013).

Tanggal 16 Séptémber 2011 nyieun grup Fiksimini Basa Sunda (FBS) dina média sosial facebook, nu saterusna jadi tatapakan hirupna fiksimini dina pajemuhan sastra Sunda. Kiwari, lian ti ngokolakeun lapak FBS bareng jeung admin lianna, ogé digawé di koran Kabar Priangan (Grup Pikiran Rakyat) nu medal di Tasikmalaya.*

 

About nazarudin azhar

urang sunda pituin

Posted on 14 Oktober 2016, in pancakaki, Uncategorized and tagged , , . Bookmark the permalink. 7 Komentar.

  1. Silahkan kunjungi http://teater-sandekala.blogspot.com untuk pementasan teater Sandekala

  2. punten bilih lepat
    ari nunu kapungkur kantos di SMIK tasikmalaya?
    punten nya soalna geuning rada mirip sareng balad kuring anu kapungkur sok babarengan aktif di teater
    puntennya upami lepat….

  3. leres ang, kapungkur di SMIK gaduh rerencangan namina Arif………KAMANA WAE LUR? hehehe…lawas pisan nya teu tepung. damang juragan? di mana ayeuna?

  4. kang nunu emut ka pribados, agus jalu sundana
    alias agus hernawan. kirim alamat email atanapi no telpun kangen yeuh….

  5. gus, diantosan dina ym saderek teu aya wae uy…heuheu..kamana wae

  6. mantep lah kang,.,

Tinggalkan komentar