Puisi Topeng Keretas

kukupu

aya kukupu, ngageleber kana kaca
kukupu nu éta, nu teuing datang ti mana

tina rérégan nu disérédkeun ka juru jandéla
maruragan tapak sora. Sésa wangkongan
sapeuting jeput guntreng jeung jempling

kukupu bangun betah dina kaca
duka saha nu rék nuturkeunana

2007

topéng keretas

topéng keretas hideung bodas
kedok nu sok remen ngahelas
mun pareng ningali si beungeut kanyos
keur tibra na ranjang ngeukeupan poé isukan

“geus sabaraha abad
urang sakiceup-sapangdeuleuan?

rék sabaraha lawas, juragan
urang silih pihapékeun paroman
beungeut anjeun rupa deungeun
papelong-pelong jeung lain
sangkan nampa pangbagéa
ti topéng mangrébu séjén?”

topéng keretas hideung bodas
sakapeung manéhna pisan nu tibra
dina ranjang wates angen
sabot si beungeut kanyos ngaraut beungeut sorangan
sangkan beuki pas jeung topéng keretas
nu keur sumedeng ngimpi
dipaké ku lain sepi

2007

Rarakitan

rarakitan
keur Jovin Jiwa Satrian

nu raket jeung riak cai
deukeut ku teu ngabibisani
liwung na saleuwi aing
disiuk gandrung hariring

gurat caang dina mongkléng
lebah jumlah teu kaimpleng
takeran keueung jeung ludeung
sagetih sakeupeul pareng

miang da bongan pangjurung
salapan lawang kalarung
ti luhur dipulut umur
ti handap disina jengkar
melak ketak ngala suka
dunya teu ngaboga-boga

rarakitan lalayaran
sarakit jeung deuleu deungeun
sawelah kamalinaan
kacatet dina sampeureun

dina kurang dina leuwih
pageuh kudu ku cangreudna
pukah alatan jejerih
ulah nyalahkeun talina

ah, ringkang lebah pimulangeun
kalangkang disalindungkeun
leuh, anggang tujul ka rusiah
nyicikaan pangabetah

kana sakapat sumerah, heueuh
ceurik seuri bawa ngampih

2008

 

Fiksimini Sunda Nazarudin Azhar

KASUS

Kuwu mencrong nu keur silih rérét. “Jadi can katéwak mangkelukna? Geus tilu kajadian!” pokna bari ngacungkeun tilu poto minangka barang bukti. Lebé ngabetem tapi jiga keur nahan piseurieun. Kumis Ulis usak-usik. Kulisi Désa ngéngkréng, “Numawi teu acan, Pa Kuwu. Anak si Imi jeung baturna, nu kamari katémbong ngaradu jangkrik di buruan balé gé tos diinterograsi, kéképéhan teu ngaku. Daék medu, cenah. Medu téh naon Kang Ulis?” Rét ka Ulis. “Bisul!” ceuk Ulis. “Tuh, daék bisul cenah geuning, heuheu…” Kulisi Désa mungkas laporanana. Kuwu ngarahuh. Buntu. Riungan ahirna dibubarkeun. Ulis saparakanca marulang. Bukti kajahatan mah diampihan ku Kuwu. Tilu lambar poto Persidén SBY nu biasa dipasang di balé désa, nu geus dikumisan teuing ku saha. Lain perkara énténg, ngumisan poto persidén! Kuwu ngelepus udud. Poto persidén téh diilikan. Kerung. Sanggeus ngarérétan buruan, terus muka laci méja, nyokot spidol. Gambar kumis nu katémbong déngdék na poto persidén téh dibenerkeun, apik pisan.***

PETENG

Dayeuh peteng. Miskin. Leutak hideung sapanjang gang nu antel jeung koral jalan. MOERAH; aksara tingparèol na papan ngaran hiji losmèn, kacaangan ku lantèra. Di lebah dinya èta awèwè nangtungna. Ngeupeul kucel saputangan. Ngeukeuweuk harepan. Manèhna maseuhan biwirna, basa ti lebah gang kadèngè nu ngahariring. — Di dinya amprokna dua kahirupan. Nu hiji miharep duit. Nu saurang keur nyiar kasenangan. Duanana ditepungkeun takdir. Teu kungsi rebut tawar. Handapeun girimis, deukeut jambatan, nu tadina niskala kajadian. Si lalaki numpangkeun lambaran duit dina harigu nu tadi digalèntoran, terus meresihan pèso bedahna, dibuntel laju disakuan. Halon manèhna ngahariring, lagu liwung, ngaléngkah ninggalkeun layon nu geus direcah, jadi sababaraha bagian.***

GERING

Mang Darman ngagogog, Bi Asih nyegrok. Si Papa ngagulusur tina kasur, elal-elél. Di tengah imah si Mamah geus jadi lancah. Si Etéh mah keur kokotak bari dangdan. “Abi alim janten careuh, ” cekéng, ngadégdég, basa dipariksa ka dokter. “Ulah loba pikiran, ngarah gancang cageur,” ceuk dokter ngagerem. Uing unggeuk bari ngadoa sangkan manéhna teu ngerekeb, mangkaning sihung jeung kukuna gé paranjang basa ngasongkeun resép téh.***