Category Archives: Ngabako

Basa Sunda di Radio

Kamari ieu, aya sobat nu nyarita, pangna barudak ngora teu pati resep nyarita ku Basa Sunda téh, lantaran Basa Sunda (BS) dianggap basa kolot, teu gaul. Sok wé déngékeun, cenah, dina radio. Acara nu maké BS téh, boh iklan, boh siaran, rata-rata penyiarna geus kolot, atawa sok niron sora aki-aki.
“Jadi rumaja di urang mah teu anéh mun teu pati resep nyarita ku Basa Sunda téh da dianggapna Basa Sunda mah bahasa aki-aki,” pokna. Read the rest of this entry

Iklan

Setrés

KUNGSI aya nu méré tatarucingan. Hésé mana ngagambar kuda jeung ngagambar jurig? Tah, jawabanana téh, tangtu hésé kénéh ngagambar kuda, lantaran méh kabéh jalma apal kumaha ari kuda, jadi mun teu jiga téh gampil nyawadna. Ari ngagambar jurig mah bébas, kumaha aing wé, da moal aya nu nyawad. Mémangna saha nu apal kumaha ari jurig? Jadi kuma karep nu ngagambar wé. Da sanajan dina pilem jurig téh teu weléh digambarkeun cawigwig pikagilaeun, atawa awéwé pias nu buukna teu weléh ngarumbay panjang tur panonna dibuleudan hideung gé, da éta mah ciciptan. Bébas. Read the rest of this entry

Seniman jeung Kasenian

ku Nazarudin Azhar

DI urang, tina sakitu réana kasenian tradisi nu biasa jadi pintonan, urang bisa nyindekkeun jenisna kana tilu sipat. Nyaéta kahiji, kasenian nu sipatna kontémplatif, upamana cianjuran, beluk, kawih, ciawian, pantun beton, calung tarawangsa, jeung lian ti éta. Terus kasenian nu sipatna téaterikal, upamana sandiwara, calung, réog, bodor, wayang golék, éblég, lais, jaipongan, jsb., jeung nu katilu campuran ti duanana (téaterikal-kontémplatif), upamana tari keurseus, upacara adat di nu kawinan, terebang gébés, ronggéng gunung, jsb.

Read the rest of this entry