Category Archives: fiksimini

Jangji

Fiksimini Nazarudin Azhar

Sareupna, geuning, dina rasa nu masih carangcang tihang. Dina gradasi warna kasang, gunung jeung tatangkalan jadi siluét lir lukisan. Manéhna nangtung luhureun sasak, melong cai nu ngamalir terus nikung landeuheun jalan satapak. Angin bangun nu puraga, ngusap alon daun angsana. Salambar kalakay ngaléong kabawa palid ka jauhna, laju leungit dina tungtung pelong éta wanoja. Manéhna jangji rék datang. Moal sulaya, da geus puguh gurat paheutna. Rét ka jalan, angger suwung. Poé beuki reupreupan. Percaya ka manéhna, percaya, tapi aya naon? Ti leuweung nu kadéngé ukur séah sora batin sorangan. Taya nu bisa dianggap iber yén manéhna teu kumaonam. Reup peuting, kapaksa kudu mulang. Éta wanoja tanggah, laju tina tonggongna kaluar jangjang. Lalaunan jangjangna usik, manéhna ngalayang, sakedapan ngarandeg, laju hiber beuki luhur.

Teu sawatara lila, ti lebah mongkléng aya anjing nu pundukna baloboran getih, méh taya tangan pangawasa, tapi maksakeun ngaléngkah. Dina tungtung sasak, éta anjing ngudupruk. “Jungjunan… hampura…” pokna.

 

 

Iklan

Satru Kabuyutan

 Fiksimini Nazarudin Azhar

“Tulungan kuring…” leungeunna jiga manjangan, hayang geura diranggeum. Tapi kuring can meunang alesan kudu nulungan manéhna. Nu beuki atra iwal ti runtuyan gambar hirup na ingetan. Sagala rupa kaceuceub témbong sungapanana. Manéhna geus nelasan jalma nu dipikanyaah ku kuring. Pikeun kasenangan. Kiwari kuring boga kawasa pikeun ngulinkeun nyawa jalma nu keur miharep kasoléhan kuring sangkan awakna teu ancur ku seuseukeut karang. Ombak muncratkeun budah jeung getih manéhna. Umpalan jaladri ngahantem gawir nu biwirna dipuntangan ku leungeunna. Cikénéh galungan, ayeuna kuring boga waktu sababaraha detik pikeun nyangking kaunggulan. Malés pati. “Tulung…” sorana leslesan. Ombak nyaweur ku séahna. Kacaangan bulan, beungeutna ngararas. Panonna miharep hirup. Panon nu ménta piwelas. Nu miharep tinimbangan.  Kuring ngajorowok. Hayang mapakan sahéng sora-sora peuting. Leungeunna dirawél, tapi teu waka ditongtak. “Uing teu salah!” pokna, jiga nu nyarita ka diri sorangan. Angin gumulung, sora-sora ngaweuhan jeroeun dada, parebut kawasa. Kuring masih nyekel nyawa kuring sorangan, luhureun jungkrang lungkawing.

Fiksimini Sunda Nazarudin Azhar

KASUS

Kuwu mencrong nu keur silih rérét. “Jadi can katéwak mangkelukna? Geus tilu kajadian!” pokna bari ngacungkeun tilu poto minangka barang bukti. Lebé ngabetem tapi jiga keur nahan piseurieun. Kumis Ulis usak-usik. Kulisi Désa ngéngkréng, “Numawi teu acan, Pa Kuwu. Anak si Imi jeung baturna, nu kamari katémbong ngaradu jangkrik di buruan balé gé tos diinterograsi, kéképéhan teu ngaku. Daék medu, cenah. Medu téh naon Kang Ulis?” Rét ka Ulis. “Bisul!” ceuk Ulis. “Tuh, daék bisul cenah geuning, heuheu…” Kulisi Désa mungkas laporanana. Kuwu ngarahuh. Buntu. Riungan ahirna dibubarkeun. Ulis saparakanca marulang. Bukti kajahatan mah diampihan ku Kuwu. Tilu lambar poto Persidén SBY nu biasa dipasang di balé désa, nu geus dikumisan teuing ku saha. Lain perkara énténg, ngumisan poto persidén! Kuwu ngelepus udud. Poto persidén téh diilikan. Kerung. Sanggeus ngarérétan buruan, terus muka laci méja, nyokot spidol. Gambar kumis nu katémbong déngdék na poto persidén téh dibenerkeun, apik pisan.***

PETENG

Dayeuh peteng. Miskin. Leutak hideung sapanjang gang nu antel jeung koral jalan. MOERAH; aksara tingparèol na papan ngaran hiji losmèn, kacaangan ku lantèra. Di lebah dinya èta awèwè nangtungna. Ngeupeul kucel saputangan. Ngeukeuweuk harepan. Manèhna maseuhan biwirna, basa ti lebah gang kadèngè nu ngahariring. — Di dinya amprokna dua kahirupan. Nu hiji miharep duit. Nu saurang keur nyiar kasenangan. Duanana ditepungkeun takdir. Teu kungsi rebut tawar. Handapeun girimis, deukeut jambatan, nu tadina niskala kajadian. Si lalaki numpangkeun lambaran duit dina harigu nu tadi digalèntoran, terus meresihan pèso bedahna, dibuntel laju disakuan. Halon manèhna ngahariring, lagu liwung, ngaléngkah ninggalkeun layon nu geus direcah, jadi sababaraha bagian.***

GERING

Mang Darman ngagogog, Bi Asih nyegrok. Si Papa ngagulusur tina kasur, elal-elél. Di tengah imah si Mamah geus jadi lancah. Si Etéh mah keur kokotak bari dangdan. “Abi alim janten careuh, ” cekéng, ngadégdég, basa dipariksa ka dokter. “Ulah loba pikiran, ngarah gancang cageur,” ceuk dokter ngagerem. Uing unggeuk bari ngadoa sangkan manéhna teu ngerekeb, mangkaning sihung jeung kukuna gé paranjang basa ngasongkeun resép téh.***