Category Archives: carpon

Carpon Lebaran

Lebaran Sakeudeung Deui

Sakeudeung deui lebaran. Enya sakeudeung deui, ukur saminggu deui. Si Bungsu geus dipangmeulikeun pakean sasetel. Baju katut sendal hello kitty. Meunang meuli ti Jl. Pasar Baru, ti Mang Uki.
“Ari jang si Cikal moal meuli ayeuna?” Mang Uki nanya bari nasupkeun duit sapuluh rebu ti kuring kana urut wadah biskuit.
“Lah, can aya duitna Mang, ke sugan, piduapoeeun ka lebaran,” tembal teh, tamba balem teuing. Atuda, lain teu hayang mangmeulikeun baju keur budak ayeuna, tapi keur meujeuhna suwung ku duit. Da nyeta atuh, bet hese pisan diarahna duit dina jaman kiwari mah.
Mun seug Imas jagjag mah, enya pamajikan kuring, meureun rada katulungan hirup teh. Sok meunang tambahan da manehna sok buburuh ngabordel di Haji Ipin. Malah kalan-kalan mah gede keneh pangasilan manehna mun dagangan kuring keur teu payu mah.
Lain teu hayang atuda, usaha nu gede batina, jiga batur, ngan nyakitu tea heureut pakeun ragap taya. Teu boga modal. Lain teu hayang deuih, unjam-injeum keur modal jiga Mang Uki, ngan bisi teu kuat mayarna. Atuda lain nginjeum ti bang, Mang Uki mah, da nyeta sok kalah riweuh uras-urusna pokna, tapi nginjeun ti si Jingking, tukang ngarentenkeun.      Hih, bet kalah nyiar pipanyakiteun. Nginjeum duit saanu, kudu dibayar sakitu anu. Leuheung basa mun usahana lancar, kumaha mun sabalikna?
“Ilaing mah gede kasieun, Ucup. Habek-habek we neangan modal, kaituna mah kumaha engke, nu penting usaha,” ceuk Mang Uki.
“Atuda kudu asak jeujeuhan sagala rupa ge, Mang. Piraku hubak-habek kitu wae mah, paur kalah matak tideuhak,” tembal teh. Enya, meureun kuring teh euweuh kawani. Tapi, da saha nu melang atuh, unjam-injeum bari jeung can kairong kumaha pikahareupeun? Jaba kapan keur boga nu gering. Paru-paru cenah. Ceuk dokter. Kuduna mah manehna teh dirawat di rumah sakit. Jigana gering geus rada lila, ngan tara dirasa. Ukur nginum obat warung sakalieun batuk teh.
Heueuh meureun, kudu nekad nginjeum modal sangkan…
“Kang,” ujug-ujug aya nu ngagareuwahkeun. “Tuh aya nu rek meuli…”
Kuring beunta, katenjo hareupeun si Marwan keur nangtung. Manehna nu cikeneh ngaguyahkeun teh. Ret kana dagangan, katembong aya ibu-ibu keur milihan cocoan jeung budakna.
“Bade nu mana, Jang?” kuring gancang ngeser. Ngusap panon nu asa cepel pisan. Cikeneh teh ngalamun bari nyarande kana tangkal katapang, bet kalah ngalenyap sakedapan.
“Nu ieu sabaraha, Mang?” si ibu-ibu tea nanya bari nunjuk kana kedok teletabis nu keur dicekel ku anakna.
“Mung dua rebu nu tina palastik mah. Nu tina karet tujuhrebuan,” tembal teh.
“Sarebu nu kieu mah, meni mahal-mahal teuing,” pokna bari ngacungkeun kedok palastik. Tuh, sok teu kira-kira nu nawar teh. Jinisna atuh sakitu mah.
“Limalas we, atuh…”
“Sarebu.”
Song duit sarebu. Asa-asa rek ditampanan teh, tapi ras yen poe ieu teh can ngararisan pisan.
“Mangga atuh,” cekeng.
Nu barangbeuli terus arindit. Budak nu terus ngilik-ngilik kedokna, katembongna jigrah pisan.
Sup duit kana pesak sanggeus dikebut-kebutkeun kana dagangan. “Ngararisan,” cekeng teh ka si Marwan nu keur nyerengeh. Si eta mah geus sababaraha kali ngaladangan katembongna teh. Dagang cimol.
“Seuseut pisan dagang teh,” cekeng.
“Sarua batur ge keur heseeun duit meureun kang. Iwal guru, pagawe nagri, nu terus terusan ditaekkeun gajihna ku pamarentah nu teu pati bingung teh meureun…” pokna.
“Heueuh, teu bela ka nu leutik boga pamarentah teh. Teu adil, nya euy,” cekeng. Atuda jiga nu teu mikir pamarentah teh. Hayoh naekeun gajih pagawe, bari jeung teu bisa ngontrol hahargaan. Sakalina naek gajih pagawe nagri, hahargaan milu nerekel. Rahayat sejen jadi korban.
Lebaran sakeudeung deui. Si Cikal geus ngurihit hayang dipangmeulikeun baju bebetmenan, nu aya jubahan tea. Keur pakeeun lebaran cenah, hayang baju jiga nu Jang Oyib. Abong budak, dibeja-beja geus boga baju anyar teh.
Tadi peuting pamajikan geus ngehkeh deui batuk.
“Ke sugan Rebo hareup urang ka rumah sakit,” cekeng. Maksudna mah poe Salasana rek mulang heula ka lembur, rek maheutkeun ngajual tanah di Cikaleker. Tanah satapak peucang titinggal kolot. Lain teu nyaah, tapi pan keur kacida butuhna. Geus ditawarkeun ka Guru Usman, manehna nyanggupanana poe Salasa. Kitu ge mun duitna bisa kacokot ti bang, cenah. Heueuh, susuganan we atuh.
Poe ieu teh kuduna boga ongkos keu ka lemburna, mun aya leuwihna tina keur balanja meuli beas. Tapi geuning geus liwat lohor can keneh beubeunangan. Tadi isuk ngider heula ka alun-alun, terus mapay-mapay jalan, nya ahirna mah ngadeluk di dieu. Da sok rea nu ngadon ngabuburit ka dieu teh. Bubuhan tempat panonoban jalma rea di lapang ieu mah. Lapang Dadaha.
Beuki beurang beuki rea nu dagang. Tukang dahareun nu amis nu asin katut nu haseumna, tumplek di tengah lapang. Tukang cocooan, lian ti kuring, geus rea nu ngagelar daganganana. Jol doger monyet. Monyetna cindukul dicangcang kana bonang. Runyah-renyoh dipakean kaos Persib. Can waka ditabeuh da can rea nu datang, nu rek ngadon ngabuburitna.
Tamba kesel, meresan dagangan. Rupaning cocoan murahan keur barudak nu teu kabeuli cocooan mahal di toko. Momobilan. Pepestolan. Tap kana kedok. Rupaning kedok warna-warni. Tina karet jeung tina palastik. Kedok badut, teletabis, kedok si Unyil, kedok rupa-rupa, nu monyong, nu seuri jeung nu keur ceurik. Rupa-rupa titiron beungeut keur kaulinan.
Ras ka si Cikal, sok lucu naker mun geus make kedok badut mun mawa ulin atawa ngarepehkeun si bungsu nu keur ceurik.
Si Cikal dangdak-dengdek, ragag-rigig mamake kedok. Calakatak si Bungsu seuri.
Beuki burit nu rek ngadon ngabuburit beuki rea. Tukang doger monyet geus mimiti nabeuh bonang jeung dogdogna. Monyet renyah-renyoh terus leuleumpangan make payung. Atawa ngagugusur sosoraan. Kitu jeung kitu petana teh, tapi nu lalajo jiga nu taya kabosen, utamana bebenjit. Si Marwan keur ngaladangan nu meuli cimolna. Gigireun Mang Aceng geus mimiti ngagoreng daganganana.
Kana dagangan kuring mah can aya nu nyampeurkeun deui.
Kungsi hayang pindah dagang dahareun. Malah geus nawar tanggungan nu Mang Sapja, tanggungan urut baso. Da manehna pindah dagang make roda. Ngan teu kira-kira nawarkeunana, hayang opatratus rebu. Enya tanggunganana mah alus keneh. Jeung kompor katut langsengna harega sakitu teh. Ngan ti mana duitna atuda. Teu boga tutundaan, boga lading sakeupeul ge dipake ngasupkeun si Cikal ka SD. Sakalieun keur mayar kamar kontrakan ge, kamar bedeng nu ukur sarohangan, saratus salawe sabulan jeung keur listrik, hih, sakapeung mah sok dibayar heula ku tamada ka Bu Esih nu bogana.
Lapang beuki rame. Jalma-jalma minuhan lapang. Nu keur cakah-cikih ngaladangan rea, nu ukur ngadekul jiga kuring wae loba. Rijki mah diatur ku Nu Maha Kawasa, ceuk Ajengan Saptari basa Jumaahan harita. Enya meureun can turun rejeki teh keur kuring mah. Can aya nu datang barangbeuli da.
Ras ka imah. Pamajikan keur ngehkeh batuk, moal henteu. Jiga peuting tadi, katembongna teh geus parna kacida panyakitna teh.
“Teu meunang askeskin, kitu Kang?” ceuk Maman, tatangga di bedeng.
Kuring gideug. Teu apal kumaha carana meunang askeskin teh. Rea batur ge nu sarua teu kabagean kartuna. Eleh keneh ku dulur RT, najan jalma ay age mareunang kartu askeskin nu cenah keur nu miskin teh.
Ras ka Si Cikal. Moal henteu pas balik teh pasti nagih baju bebetmenan tea. Komo da si Bungsu geus dipangmeulikeun baju jeung sendalna. Pasti kana nagihna.
Tilu bulan ka tukang, kungsi lahlahan balik ka lembur. Niat mah hayang ngagarap tanah nu satapak peucang tea di Cikaleker. Ngan geuning halodo beuki entrang-entrangan. Tanah ngahgar teuing naon nu kudu dipelakkeun. Balik deui weh ka kota. Dadagangan deui. Da ceuk angkeuhan, kabantuan ku pamajikan tea nu sok buburuh ngabordel.
Ayeuna kaayaan teh bet karasana robah pisan. Cocooan rea nu araheng. Momobilan kapan nu make remot ge geus nyampak di mamana. Boa geus euweuh nu resepen meureun kana cocooan nu didfagangkeun ku kuring mah. Matak tepi ka wayah kieu can aya keneh nu datang. Teu meuli ge atuh ngilikan-ngilikan. Ngabeberah kana hate.
Si Monyet nu make kaos Persib tea geus rea nu ngalungan duit. Sora tatabeuhanana beuki tarik da ditabeuh ku nu sumanget nenjo duit kencring patingkoloncrang kana kaleng nu diasong-asong ka tiap nu lalajo.
Ret kana dagangan sorangan. Ret ka si Marwan nu keur nyicikeun bubuk cabe kana cimol nu keur ditungguan ku dua budak awewe nu geus ngeupeul duit keur meulina. Ret ka Mang Aceng nu keur sarua ngaladangan. Ret ka si Monyet.
Ras ka imah. Kadenge sora batuk pamajikan. Kadenge sora si Cikal keur babatukan make kedok bari ngasuh adina.
Jung nangtung. Kedok badut dina meja dagangan jiga nu ngarenyohan, jiga nu ngajak ocon. Kuring asa manggih akal. Kop kedok badut teh dipake. Pas pisan kana beungeut sorangan. Ujug-ujug hayang ngarengkenek. Ujug-ujug hayang ngigel. Ngan badingkeung weh ngigel bari make kedok.
Si Marwan seuri. Teu lila rob barudak ngarariung kuring bari sareuri. Nyeungseurikeun si badut nu terus joged di tengah jalma rea nu aya di ieu lapang. Nyeungseurikeun kuring. Kuring asa dihaminan, terus ngigel beuki motah. Nu tadina awak karasa leuleus da keur puasa, ngadadak jiga datang tanaga anyar. Sakabeh kasedih nu nyangkaruk dina dada, dina ati, robah warna jadi tanaga nu ngalantarankeun kuring manggih gerak-gerak anyar saban datang jalma nu niat ngalalajoan.
Awak jiga nu terus misah tina pikiran. Cus-cos pikiran kana sakur kasusah, kana kasakit pamajikan, kana kahirupan nu teu daek menyat tina kabalangsak, kana kaayaan nu ngalantarankeun kuring kudu jadi badut pikeun kahirupan kuring sorangan.
Barudak nu lalajo kaleprok mirig engklak leungeun kuring. Si Marwan katembong melongkeun jiga nu bengong. Manehna mah apaleun pisan kana kaayaan kuring das ok remen diajak nyarita. Jigana ukur manehna deuih nu kiwari apaleun, yen di satukangeun kedok badut nu napel na beungeut kuring, lalaunan cipanon kuring nyalangkrung.***

Ramadhan, 1487 H.

Nu Datang Tengah Peuting

MANEHNA masih keneh nangtung di hareupeun eta imah. Geus rada lila nangtung di dinyana teh, sanggeus anjog ka ieu tempat tur pikiranana terus pagaliwota ku kekecapan naon nu kudu tiheula dipokkeun. Lima belas taun ka tukang, manehna ge kungsi nangtung di dinya. Malah sababaraha kali, dina sababaraha peuting.

Geus peuting. Manehna ngilikan arloji. Jarum posfor nu pondokna nunjuk angka hiji. Ampir janari. Janari leutik malah cenah. Tanggah. Aya bentang baranang, sesana kahalangan reueuk hideung. Gap kana panto pager, karasa tiis ku ibun. Angin ngahiliwir. Leungeunna lalaunan nyurungkeun panto pager, tetela teu dikonci, atawa memang euweuh koncian. Tapi leungeunna teu laju, malah panto pagerna lalaunan ditutupkeun deui. Ret kana panto imah nu kacaangan ku lampu lima watt tina palapon teras hareup. Ret kana jandela nu aya di sisi beulah wetan. Paroek. Jandela kamarna eta teh. Biasa sok dipoekan mun manehna sare teh.

Manehna tangtu keur meujeuhna tibra. Keur ngimpi naon? Dua poe kamari ditelepon, tapi teu nyambung-nyambung. Naha geus diganti kitu nomer telepon imah teh? Naha make diganti? Atawa geus euweuh teleponan?
Lalampahan jauh nu geus disorang kiwari ukur nyesakeun rasa sono kana tempat pangreureuhan. Sukuna karasa beurat, leuwih ti cangkeul. Tapi manehna can wani keneh muka panto pager, mana komo ngetrok panto eta imah. Rasa sono nu ngawasa dadana, saheulaanan dipeper ku manehna. Manehna masih keneh hayang neangan kecap nu merenah nu engke baris diomongkeun ka nu kiwari keur dilamun. Lima belas taun teu panggih. Kuduna mah rea pisan nu hayang dicaritakeun ku manehna teh, tapi sanggeus tepi ka hareupeun imahna, naha bet ngadadak laleungitan. Manehna ngarahuh. Enya, kungsi nyieun kasalahan. Heueuh.

Basa kadenge sora tahrim ti masjid nu teu jauh ti eta imah, manehna masih keneh nangtung hareupeun pager. Manehna mah teu ningalieun, yen gigireun panto imah nu ukur kacaangan ku lampu lima watt tea, aya keretas ditapelkeun kana tembok, aksarana geus burem ku heubeul jeung kekebul: Rumah ini akan dijual…

Tasik, Desember 2007

carpon nazarudin azhar

Hiji peuting manehna ngarang carita cinta

Hiji peuting manehna ngarang carita cinta. Deui-deui carita cinta.
Kamarna jempling tengah peuting, memeh kadenge sora mesin ketik manehna terektek-terektek tring. Dina tungtung huleng karihut tarang. Di luar taya kajadian nanaon nu aheng. Tapi manehna nuliskeun angin nu ngahiliwir nebak kana buuk hiji wanoja nu kacida endahna. Basa ngareret sareretan ka buruan imahna tina jandela nu ngahaja dibuka aya hiji pasosore nu kacida pisan bengrasna nu dina simpena ngadadak rajeg tangkal camara nu jiga geus puluhan taun tumuwuh dina jero taneuh tur poe ieu pisan sakabehna marucunghul pikeun latar eta wanoja nu nangtung neuteup manehna. Ramo-ramona ngarandeg luhureun mesin ketik. Ret deui. Eta wanoja imut.
Manehna sadar yen manehna keur nulis hiji carita cinta. Jadi teu cukup ku imut wungkul. Eta wanoja kudu bari jeung ngagupaykeun ramo-ramona nu lalancip lir pucuk eurih, nu kacida lemesna sabot patarema jeung ramo-ramona nu kiwari keur mencetan tut mesin ketik. Terektekterektekterektek tring sorolok, dina jajaran nu ka sakitu dina lambaran kertas teuing kasabaraha lambarna –lian ti nu geus nyayang na wadah runtah, eta wanoja teh geus diuk gigireunana.
Handapeun tangkal camara nahun. Batu lempar. Walungan gumenclang herang ngamalir alon ka kalerkeun. Taya tiktek arloji. Mangsa lumangsung di luar linggeran waktu.
Manehna nulis. Bengras langit semu beureum. Daun-daun camara lir nu usik saperluna da angin nu keur sumedeng laweun bangunna teh leuwih resep nebak kana amis cau eta wanoja. Apal keneh, amis cau nu eta pisan nu kungsi diusap ku tungtung ramo teh. Halis eta pisan nu kungsi diusap ku biwirna teh. Bulu panonna nu sanajan teu carentik jiga dina rumpaka lagu heubeul, tapi sampurna mapaes sapasang panonna nu kungsi peureum hayam dina dadana bareto, basa manehna dina hiji peuting ngahariringkeun puisi ngeunaan amis cau, halis, bulu panon katut panon ngenclong nu manehna.
Lila taya nu nyarita. Paguneman nu ngagelek dina dada ku hese pisan kedalna. Tapi manehna ngarasa yen teu sakabeh carita cinta kudu make paguneman nu verbal sajalantrahna. Leuwih hade sina gunem rencep sidem heula dina dada. Leuwih payus mun kasono nu mokaha teh ditataran heula kalayan lantip ku sababaraha katerangan nu diraeh ku kalimah puitis. Atawa ku usikna leungeun nu geterna nyaliara tepi kana mamaras rasa sabot ramo patarema bari patukeur teuteup kadeudeuh. Kuduna. Tapi teu kuat oge. Manehna ahirna miheulaan nyarita;
“Teuing ku heubeul waktu ngawasa urang dina anggang dina hiji lalakon nu
Manehna ngarandeg. Kop kana tip-ex, kalimah nu cikeneh ditulis dicoret deui, ditiupan rada lila, terus ditimpah ku kalimah anyar.
“Ku lawas atuh urang teu tepung. Lawung remen ukur dina pangimpian,” sora karasa teu tatag. Manehna imut teleb bari mageuhan ranggeuman dina ramo kuring nu ngadadak ilang tanaga. Kahayang mah da langsung ngagabrug awakna, ngagalentorkeun kakangen katut sakabeh guligah nu heubeul maseuk katingtrim dina angen dina batin.
“Wayahna, jungjunan. Pan urang keur ngalalakon…” tembalna alon.
“Lalakon urang
Manehna ngarandeg deui. Kop deui kana tip-ex, kalimah nu cikeneh ditulis dicoret deui, ditiupan rada lila. Leng ngahuleng. Mikiran kecap jungjunan na kalimah nu cikeneh. Teu kudu make jungjunan. Biasana mun ngobrol teh tara make kecap-kecap kitu.
Cikopi tiis. Jarum coklat. Salse.
“Wayahna. Pan urang keur ngalalakon…” tembalna alon.
Kuring unggeuk. Tangkal camara seah ku angin nu datang ti jauhna. Nu datang sapandeurieun manehna nu kiwari ngajirim hareupeun kuring. Katembong pangling, manehna, dina hariring nu kapireng deui ngawisaya.
Lila taya sora. Nu kedal ukur rupa-rupa napas dina panjang-pondokna nu beda-beda. Tepung renghap jeung simpena. Kereteg rea nu miheulaan ingkah memeh dipokkeun. Ngelos deui. Dada.
Teuteup manehna nyaliarakeun wanci nu sok remen diimpleng moal kapimilik deui. Manehna geus ampir sampurna jadi wujud monumen nu permanen na implengan saban peuting. Tungtung lalakon liar lir peurah oray na saurat-urat insomnia nu nyiksa usik-malik sakabehna. Dina pabeulitna anggang antara korsi nu nadah ambeyen nahun jeung parapatan jalan, juru-juru pab, kafe, juru-juru dunya nu eta-etana tempat pangacian ngelun awor jeung haseup kintel roko rebuan batang katut budah bir na eureuleu teurab nu kaimpleng lestreng lir birit peuting. Lagu-lagu digalindengkeun para biduan nu katembong saropan pisan memeh ngagitekkeun bujur tur nembongkeun kutang neuhneur warna-warni.
Kuring keur nungguan manehna nu ceuk angkeuhan bakal datang tina rerenghat peuting, imut teleb mupus longkewang lengkah katukang-tukang. Manehna. Nyeborkeun harepan anyar na tempat di mana ipukan impian meh teu kapuluk sirungna sanggeus katiga heubeul ngagahgarkeun lelembutan.
Kitu nyah? Terus kumaha deui?
Yeah. Asa mending keneh nyieun carita detektip ieu teh. Nu ceuk nu maca pirameeun. Memangna rek aya nu maca kitu? Yeah. Judulna we sing alus, nu ngahudang kapanasaran. Jiga beunangna Ahmad Bakri atawa Duduh Durahman. Atawa nulis carita jiga karya Godi Suwarna, Deden Abdul Aziz, Darpan (nu ayeuna teu make Ariawinangun), Budi Darma, Seno Gumira Ajidarma, Milan Kundera, Gabriel Garcia Marquez, Anton Chekhov, Kurt Vonnegut, Paulo Coelho, Kafka, Camilo Jose Cela, Gogol, Jorge Luis Borges, Bharati Mukherjee, Yasunari Kawabata, Naguib Mahfouz, Heinrich Boll, JRR Tolkien, Albert Camus, John Steinbeck, Pramudya Ananta Toer, jeung para pangarang sejen nu bukuna ngabaris di kamar, nu remen nimbulkeun rasa timburu. Mugia aranjeunna aya dina panangtayungan sareng kaasih Alloh salawasna. Amin.
Cikopi tiis. Jarum coklat. Simpe.
Teruskeun entong ieu teh?
Cikopi tiis. Jarum coklat. Simpe.
Sora mesin ketikna nerektek deui.
Skenario saha nu keur dilakonan? Gusti Alloh imut. Kakawasaanana nu tan wates wangen geus nepungkeun deui kuring jeung manehna.
Kuring leumpang duaan ninggalkeun leuweung camara. Teu pacekel leungeun lumrahna rumaja nu keur kasmaran. Geus beda jaman. Manehna ngahariring gigireun. Lagu nu lawas ukur kareungeu dina seah angin sareupna, atawa na jempling janari leutik sabot leumpang sorangan ngitung reana kalangkang nu remen ngalelewaan.
Duaan ngagupaykeun leungeun males gupayna gapura kota nu jiga ngahaja diwangun puluhan taun katukang ukur keur ngabageakeun kuring duaan burit ieu. Toko-toko mimiti baranang. Jalma-jalma dina kariweuh jeung karineh sewang-sewang milu ngawarnaan gunemna kapireu duaan. Manehna ngajak asup ka hiji kafe.
Can aya sasaha lian ti pagawe di dinya. Kakara buka. Unggeuk pangbagea. Musik tina sidi Cassiopea.
Diuk milih rada juru, ditingker ku kasimpe sejen nu ngoleab tina poster Ritchi Blackmore, Jim Morisson jeung Janis Joplin. Cassiopea taya posterna. Simpena nyoara tina komposisi piano, gitar jeung perkusi. Anjeun nyebut sababaraha ngaran inuman, tapi nu dipilih ukur hiji, keur kuring.
Manehna neuteup. Kabaca na panonna.
“Sabaraha lila nu dipikabutuh ku anjeun, waktu pikeun ngimpleng datangna kuring?”
Saabad, jigana. Dua abad, meureun. Leuwih ti sakitu. Nu karasa.
“Lain teu hayang saendeng-endeng. Kuring kudu milih wanci nu lantip sangkan mun tepung teu karasa cawerang da leungiteun sari kaendahanana…”
Salawasna endah, kuduna. Jiga nu karasa. Nyiksa.
“Pan kuring geus dibere tempat ku anjeun, na sajak nu sok remen digalantangkeun.”
Kuring seuri. Ras inget kana kalakuan. Maca sajak di statsion. Di terminal. Di shelter-shelter. Sabot kesel nungguan manehna datang.
Mojang nu dikaos bodas datang mawa bir. Kuring ngaharewos hayang dipangmuterkeun lagu lawas. Manehna unggeuk, satuju.
When evening falls
She’ll run to me
Like whispered dreams
Your eyes can’t see

Manehna seuri.
Buukna digelungkeun. Tembong pundukna umyang. Apaleun nu keur dilamun.
“Masih keneh aya tapak biwir anjeun. Teu kapupus da teu weleh karasa. Samalah naon nu ku anjeun kungsi diharewoskeun, masih keneh nantrat na ingetan…”
Cinta?
Anjeun gideug.
“Leuwih ti nu ku batur sok disebut cinta. Kuring nyebutna ajal nu kacida endahna.”
Kuring ngaheheh. Roko nu tinggal sabatang deui dipesat tina bungkusna, diseungeut, bungkusna disakuan deui.
Kunaon anjeun resep pisan nyebut ajal. Jeung naha hirup kudu ditutungguan ajal. Hayang hirup sabatae, anggang tina leokna simpe.
Budah bir dina tikoro. Calacah roko murag kana tuur. Nu marudah lir nu ngagero. Ngarecah kasono sesa umur. Na hate.
Kunaon seuri?
“Tibatan ceurik. Barina ge taya nu kudu dipicangcam pan?”
Ku kuring leungeunna dihontal. Diranggeum luhur meja. Lemes. Ramo nu manehna nu sok remen digalentoran memeh sare, na ranjang cebrek janari leutik. Ramo-ramo nu remen ngusikkeun hate, dina jajaran aksara mesin ketik. Manehna sumur nu taya saatna ditimba saban renghapan. Pikeun mangrebu carita nu dipiharep maseuhan hiji kayakinan. Cinta. Ajal. Cinta atawa ajal? Ku raket pisan atuh duanana, ngarengkolan ieu sukma.
Simpe. Manehna masih keneh melong hareupeun. Riuk beungeutna angger sakapeung sok teu pikahartieun. Mun rek pamit. Mun rek deui-deui ngaleungit tina tetenjoan.
Kafe-kafe terus tumuwuh dina subuh pangjauhna. Lalakon bareto. Meja-meja bar nu kungsi kaunggahan angger nyaliarakeun hangitna alkohol na biwir gelas wates kangen. Peron jeung bangku statsion. Beungeut-beungeut nu apilain. Kalan-kalan kaliwatan koridor rumah sakit. Sora dampal nu ngaweuhan. Sora brankar. Sora penyanyi kutang neuhneur warna-warni. Parapatan jalan. Sakabeh carita taya nu bisa disebutkeun bener-bener anggeus.
Manehna ngiles. Mulang deui kana cikopi tiis. Jarum coklat nu pamungkas. Episode panjang cinta platonis.
We believed we’d catch the rainbow
Ride the wind to the sun
Sail away on ship of wonder

Manehna nangtung. Babatek. Bujurna beuki panas. Melong keretas. Jajaran buku lir nu tingkecewis. Sababaraha lambar keretas jeung nu masih keneh aya na mesin ketik dicokot. Teu dibaca deui da sababaraha detik ti ayeuna pasti baris aya nu maca, manehna.
Muka lomari, dijerona geus ngahunyud kertas nu sarupa jeung nu dicekelna. Hunyudan nahun kaambeu hapeukna. Nu anyar diteundeun na tumpukan pangluhurna. Kabehanana carita keur manehna.
Manehna?
Manehna jeung manehna terus melong eunteung. Silih pelong. Melong beungeut sorangan nu beuki cakueum. Taun sabaraha ayeuna?
But life’s not a wheel
With chains made of steel
So bless me, oh bless me, bless me*


*Lagu nu dicutat na ieu carita judulna Catch The Rainbow –
ti grup Rainbow, Ritchie Balckmore.