Pasampangan

Wilujeng sumping di blog sim kuring. Hapunten upami kirang nyugemakeun. Mugia nu nyampak di ieu lapak, tiasa aya mangpaatna. Tabe pun…!

 

  1. sampurasuuuuuun
    aduh meni kilangbara atuhnya ngamumule sunda…ngan sakur ngacapruk wungkul simkuringmah haha…alah nyambung teu nya?

  2. nyambung teh. kilangbara teh basa sunda nu teu aya terjemahanana dina basa nu sanes. janten nyunda pisan haha…

  3. sampurasun…
    punten ah, ngiring ngalangkung…nepangkeun, pun …zaky mubarok pami masih emutmah…abdi teh anak buah agus AW kapungkur mah, kantos di jurian ku akang dina lomba maca puisi di pendopo tasik acara sumpah pemuda… kantos ngobrolkeun “ti pulpen dugi ka pajaratan cinta”…dina acara ultah emas almarhum KH. Ilyas Ruhiat…wilujeng patepang di alam aheng…ke iraha iraha abdi hoyong di bantos ku akang…mungguh abdi di ciputat teh nuju ngagerakeun barudak sunda sina aremut ka purwadaksi…nyen mahasiswa sunda nu aya di Ciputat teh pawaris kasundaan…leres kitu kang…diantos bantosanana…hatur nuhun
    salam,

    zaky

  4. assalamu’alaikumwrwb.. abdi oge nepangkeun pa.. websitena ku abdi di link nya pa.

    sareng bade naros sakedik. ieu abdi dugi ka websitena bp tina websitena pa ajip. dupi ngilarian buku2na pa ajip kedah dimana kitu..? bapa gaduh buku naon wae? bpapa linggih dimana? hehe, punten borongan pertanyaanna.

    diemail wae pa waleranna ka dedehsh(at)gmai(dot)com. hatur nuhun pisan sateuacanna

    • Dedehsh upami bade milari buku2 karya Ajip Rosidi mangga buka selerek eeh surelek Rumah Baca Ajip Rosidi. Atawa Facebookna Didin Tulus.

      • nazarudin azhar

        Tah geuning Kang Didin. Lian ti nu parantos diimelkeun, sae pisan upami Dedehsh milari dina panuduhan Kang Didin…

      • hatur nuhun.. punten nembe kabuka waleranna 🙂

  5. sampurasun dulurrr

    duh
    komen naon nyak
    bingung ah

  6. kang,kumaha kirana lamun di ajak tukeuran link,tiasa teu,manya kasalemur mah lah!

  7. wilujeng tepang di dunya blog….

  8. Sampurasun Kang Nunu, meuni hebring, Kin ngiring bingah. Salam baktos.

Tinggalkan Balasan ke mybooam Batalkan balasan