pancakaki

Nunu Nazarudin Azhar, pituin urang Tasikmalaya. Tulisanana mangrupa carpon, sajak, éséy, jeung naskah drama, dina Basa Indonesia jeung Basa Sunda. Sawaréh karyana kungsi dimuat dina media citak, upamana dina Pikiran Rakyat, Nova, Ceria Remaja, Syir’ah, Bandung Pos, Koran Tempo, Horison, Suara Pembaruan, jeung Kompas, ogé dina sababaraha antologi. Karangan Basa Sundana dimuat dina Kabar Priangan, Kujang, Galura, Pikiran Rakyat, Tribun Jabar, Manglé, jeung Cupumanik. Carpon, sajak, jeung naskah drama Sundana ogé bisa dibaca dina sababaraha antologi. Antarana dina buku Heulang nu Ngajak Béngbat, Ti Pulpén tepi ka Pajaratan Cinta, Kembang Kadengda, Sajak Sunda, Kanagan, Kumpulan Naskah Drama ‘Jeblog’, Kumpulan Sajak ‘Katumbiri’,  jsb. Sawaréh dimuat dina blog pribadi kilangbara.wordpress.com. Bukuna nu geus medal nyaéta “Ngabungbang” (Geger Sunten, 2012), mangrupa kumpulan sajak, “Dayeuh Kasareupnakeun” (Mataholang, 2014) mangrupa kumpulan fiksimini. Sedengkeun naskah dramana kungsi dipanggungkeun ku sababaraha grup téater jeung dipaké pikeun naskah Festival Drama Basa Sunda, Téater Sunda Kiwari, Bandung. Kungsi meunang hadiah sastra DK. Ardiwinata ti Paguyuban Pasundan pikeun naskah drama Basa Sunda nu judulna Blor! (1996). Sedengkeun taun 2007 naskah dramana nu judulna Jeblog kapilih jadi Pinunjul I dina pasanggiri ngarang naskah drama Basa Sunda nu diayakeun ku Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS). Dina pasanggiri nu sarua, taun 2009, naskahna nu judulna Sadrah ogé kapilih jadi Pinunjul I. Dina widang puisi, kungsi meunang hadiah sastra LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda) pikeun puisi pinilih dina taun 2005, 2007, 2009, jeung 2010. Lian ti ngarang, ogé kungsi macakeun sajakna di sababaraha tempat, jadi panyatur dina seminar, diskusi, atawa lokakarya ngeunaan sastra, ogé ngasuh acara “Cakrawala Sastra Kita” jeung “Langari; Panglawungan Urang Kiwari” di RSPD Tasikmalaya (1999 – 2013).

Tanggal 16 Séptémber 2011 nyieun grup Fiksimini Basa Sunda (FBS) dina média sosial facebook, nu saterusna jadi tatapakan hirupna fiksimini dina pajemuhan sastra Sunda. Kiwari, lian ti ngokolakeun lapak FBS bareng jeung admin lianna, ogé digawé di koran Kabar Priangan (Grup Pikiran Rakyat) nu medal di Tasikmalaya.*

 

Karinding Ti Citamiang

oyon-noraharjo-2

Mang Oyon Noraharjo, tokoh seniman karinding ti Cineam, Kab. Tasikmalaya

Catetan Nazarudin Azhar

Di gulampéng Pasir Mukti, karinding kapireng deui
sora nu mentang dangiang, ti landeuheun Citamiang
ditabeuh ku haté nu nyidem tineung
keur nu leuseuh balas nanjak mapay jalan kahirupan

Ngaranna Mang Oyon Noraharjo, genep puluh lima taun
di buruan imahna inyana ngadongéng
na lahunan karinding ngagolér kénéh
na rénghapna nu katangen kaguligah

Di Cinéam hujan teh geus lila raat, Jang
urut panén buah salak nu tinggal carangka nangkub
ngitung ladang bati ngésang
ngan cukup keur nutup hutang

Tapi emang mah teu hariwang
hirup diatur ku Nu Maha Welas Asih
nu kiwari jadi pikiran jeung keur ditarékahan téh
kumaha sangkan seni karinding teu ilang musnah

Karinding teh kareueus emang, Jang
ti keur emang di SR taun limapuluhan
ayeuna ukur emang sorangan nu ngagugulung
da balad emang nungtut dipundut Nu Agung

Tapi alhamdulillah tarékah téh aya tapakna
ka dieu sok daratang barudak salapan urang
murid SD aya genep, sésana ti Sanawiyah
unggal minggu latihan diajar nabeuh

Pikeun emang mah karinding téh lain ukur kaulinan
atawa waditra nu ditabeuh sabot kesel
tapi estu dijieun jimat titinggal karuhun Sunda
nu kudu salawasna diropéa tur dipibanda

Taun limapuluh lima, emang boga pangalaman
nabeuh karinding na pasanggiri seni antar SR di Cikondang
nya ku emang pisan pinunjul kahijina téh kacangking

Kagok resep jeung hayang milu miara
taun genep puluh genep emang nyieun grup karinding
dingaranan ‘Sekar Komara Sunda’
nya lumayan réa nampa pangbagéa

Tapi éta téh baheula
ayeuna mah meureun puguh geus béda jaman
teu loba nu miroséa
komo deui nu nanggap atawa méré bantuan
keur waragad ngokolakeun

Kungsi éta gé ditanggap
di Hotél Preanger sababaraha taun ka tukang
dititah ngahibur turis sakalian ngenalkeun
yén di urang aya seni anu luhung

Kungsi deuih babarengan jeung seniman ti UPI Bandung
ti Kabumi nu diluluguan ku Gianjar Saribanon
taun 2002 maén di buruan Gedung Kesenian Tasik
karinding diadumaniskeun jeung jimbé
digerindo, kendang, rebab jeung rain stick
teu wudu jadi pintonan nu matak hookeun
waas emang mah, éta ku nu arolohok terus keprok
malah réa nu terus ngajak sasalaman
horéng karinding téh, cenah
bisa surup jeung waditra naon waé
boh waditra asli Sunda, boh waditra ti mancanagara

Kungsi deuih maén di Gasibu, 3 Mei 2003
ti harita téh acan kungsi manggung deui. Kitu.
Eta gé aya nu ngajangjian, ti Dinas Pariwisata Kabupatén
cenah rék ditanggap di TMII Jakarta
tapi tepi ka ayeuna can aya deui béjana

Kahayang téh teu sabaraha da
ngan ukur miharep pangrojong
sangkan karinding bisa terus diwanohkeun
ka sakur urang Sunda, utamana ka nonoman

Keur mah emang geus kolot deuih
katambah heureut pakeun pungsat bahan
da enya gé kasebutna pangsiunan pagawé nagri
kungsi ngawulang mangtaun-taun di SMP Pasuruan
hih, da tepi ka ayeuna gé teu kungsi nampa duit pangsiunan!

Pangsiun taun 1992
sagalana geus diuruskeun
tapi lebeng teu nampa sapésér acan

Kitu, Jang
Ngeunaan asal muasal karinding
ku emang rék didongéngkeun
da mémang aya dongéngna. Kieu yeuh:

Jaman baheula Cinéam téh asup ka wewengkon Galuh
hiji karajaan nu nanjung gemah ripah répéh rapih
di dieu, persisna di kampung Cikondang
aya saurang jajaka gagah perténtang
Kalamanda nu katelah, masih kénéh réréhan ti ménak Galuh

Kalamanda pamuda hibar komara
hiji mangsa tepung rérét jeung mojang dina jandéla
nu keur anteng neuteup kembang patamanan
nu laligar na wates teuteup pingitan

Sekarwati, teureuh ménak geulis nandingan pohaci
geus ngabandang Kalamanda jadi babandan simpéna
teu beurang teu peuting kabawa gering
rérét si mojang terus napel ngalangkangan

Geus réa nu ngahelaran, cenah, anak itu anak ieu
jawara katut santrina nu mitresna Sekarwati
tapi si mojang ukur imut sabengbatan
minangka jawaban pikeun nu kapéngpéongan

Kalamanda terus néangan akal
sangkan si mojang haténa nyantél
ka manéhna. Ukur ka manéhna

Nya hiji peuting meunang ilapat
sanggeus tirakat kuru cileuh kentél peujit
manéhna kudu nyieun hiji waditra
nu sorana kudu matak ngabandang nu dipitresna

Sanggeus réa nu dijieun, itu lain ieu lain
ahirna mah geuning manggihan
waditra basajan tina palapah kawung garing

Hiji peuting Kalamanda rerencepan
dianteur gumuruh rasa na dadana teu katahan
ngadeukeutan jandéla kamar nu dipikangen
terus nabeuh éta waditra anteb pisan

Sajeungkal palapah kawung, ditabeuh ku nu keur gandrung
sorana lir miboga kasaktén
tembus ka sanubari sang putri
nu di kamer pingitan keur lelenyepan

Teu kudu dicatur lalakon nu saterusna
da ku saréréa gé tangtu kamaphum
Sekarwati lééh haténa
ku sora nu ahéng tapi matak genah rasa

Kalamanda jeung Nyi Putri Sekarwati
tepung asih diraketkeun ku wirahma éta waditra
nu saterusna jadi wawakil gerentes geter cinta rumaja
nu keur kasmaran jaman harita

Éta waditra téh ku Kalamanda
diaranan ‘karinding’
Tina ngaran sato lucu nu sok aya di sérang
nu ngaranna kakarindingan

Ayeuna mah sato kakarindingan téh geus tumpur
ukur hirup na implengan nu apal kana ngaranna
tapi ari karinding mah ulah sina ilang musnah
da éta téh waditra titinggal karuhun Sunda!

Ngaranna Oyon Noraharjo
di imahna nu dijieun sanggar “Sekar Komara Sunda”
di Kampung Citamiang, Rt 04 Rw 01
Desa Pasir Mukti, Cinéam, Kabupatén Tasikmalaya
alon nyintreukan deui karinding dina biwirna
ngawihkeun geter batinna
sabot pucuk-pucuk pasir kalingkupan ku halimun
sabot layung tinggal sagedat di langit kasorénakeun

Kantos dimuat dina Majalah Cupumanik

Jangji

Fiksimini Nazarudin Azhar

Sareupna, geuning, dina rasa nu masih carangcang tihang. Dina gradasi warna kasang, gunung jeung tatangkalan jadi siluét lir lukisan. Manéhna nangtung luhureun sasak, melong cai nu ngamalir terus nikung landeuheun jalan satapak. Angin bangun nu puraga, ngusap alon daun angsana. Salambar kalakay ngaléong kabawa palid ka jauhna, laju leungit dina tungtung pelong éta wanoja. Manéhna jangji rék datang. Moal sulaya, da geus puguh gurat paheutna. Rét ka jalan, angger suwung. Poé beuki reupreupan. Percaya ka manéhna, percaya, tapi aya naon? Ti leuweung nu kadéngé ukur séah sora batin sorangan. Taya nu bisa dianggap iber yén manéhna teu kumaonam. Reup peuting, kapaksa kudu mulang. Éta wanoja tanggah, laju tina tonggongna kaluar jangjang. Lalaunan jangjangna usik, manéhna ngalayang, sakedapan ngarandeg, laju hiber beuki luhur.

Teu sawatara lila, ti lebah mongkléng aya anjing nu pundukna baloboran getih, méh taya tangan pangawasa, tapi maksakeun ngaléngkah. Dina tungtung sasak, éta anjing ngudupruk. “Jungjunan… hampura…” pokna.