Kasenian di Kota Tasikmalaya

MUN nataan kasenian tradisi nu aya di Kabupatén Tasikmalaya, jumlahna réa pisan. Ti pakidulan antarana aya terebang sejak, terebang gébés, lais, calung tarawangsa, rengkong, jeung beluk. Beulah kulon aya angklung adu (angklung séréd). Ti wétan aya éblég, atuh ti kalérna kapan aya pagerageungan.  Najan hirupna can manjing hurip, tapi réréana kasenian di Kab. Tasikmalaya masih kénéh aya dikieuna. Réa kénéh seniman nu kalayan didasaran ku rasa nyaah jeung reueus, miara éta kasenian sangkan teu tumpur ludes.

Ari di Kota Tasikmalaya? Tah, enya, rada hésé niténanana. Meureun lain euweuh, tapi can manggih nu bener-bener khas. Sababaraha taun ka tukang kungsi aya seniman pantun beton, ngan cenah sanggeus inyana tilar, lacakna (mun teu salah) taya nu neruskeun. Najan pantun téh lain kasenian pituin Kota Tasik, tapi tangtu leuwih hadé mun bisa tetep aya di ieu daérah. Bisa ngeuyeuban kareueus nu micinta seni buhun di kota santri.

Basa ngareuah-reuah milangkala Kota Tasik kasalapan, Senén (18/10/2010), di Jl. Oto Iskandar di Nata, aya sababaraha kasenian tradisi nu dipintonkeun ku masarakat. Antarana kasenian kuda lumping, kasidah rebana, dogdog (réog), angklung, ibing ronggéng (dina oratorieum) jeung tari payung barudak. Teu katémbong nu khas.

Naha di Kota Tasik ukur aya kasenian éta? Teu bisa dicindekkeun kitu, da meureun teu kabéh seniman milu aub makalangan dina éta pagelaran. Boa aya nu can kahiap, kasenian nu aya di pasisian. Ngan pikeun gambaran awal mah, kasenian tradisi nu aya di Kota Tasik téh teu pati réa jumlahna.

Teu ngabibisani atuda, wilayah kacamatan ukur aya sapuluh. Dina ayana gé baheula ti keur jaman ngahiji kénéh jeung Kabupatén Tasik, lantaran pangwangunan modéren museur di dieu nu dituturkeun ku mahabuna kasenian popilér, katambah taya tarékah sangkan aya régenerasi , atuh nungtutan kasenian tradisi téh tarilem.

Kanyataan jiga kieu téh lumangsung lain di Kota Tasik wungkul, tapi ogé di daérah séjén nu aya di Nusantara, utamana nu teu boga kultur kadaérahan nu pengkuh. Tapi lain hartina kudu diwayahnakeun terus taya tarékah pikeun ngabeungharan deui ajén diri ku kasenian tradisi. Mun téa mah aya kasenian buhun nu bisa dihirup-huripkeun deui, nya matak naon dicobaan diguyahkeun dihudangkeun susuganan bisa walagri. Dina euweuhna, atuh ieu bisa jadi tangtangan pikeun para seniman Kota Tasik, pikeun nyipta kasenian anyar nu panginditanana tina tradisi.

Tarékah barudak ngora di Kelompok Trotoar, upamana, bisa dipaké conto nu pikareueuseun. Maranéhna ngahirupkeun kasenian badawang. Najan lain ciptaan orsinil, da kapangaruhan ku wanda barongsay jeung kasenian bebegig, sarta ngaran badawang gé mangrupa kasenian sarupa kitu nu kungsi hirup sababaraha taun ka tukang di daérah Bandung, tapi ieu tarékah téh bisa jadi conto nu hadé tina kréatifitas seniman entragan anyar. Komo kapan badawang nu ieu mah aya muatan kritik sosialna, utamana nu aya kaitanana jeung masalah lingkungan. Kapan bahan-bahanna gé tina runtah, kaasup pakéan pamirig nu nabeuh kaléng minangka waditra, nu dijieun tina runtah plastik.

Di Kota Tasik teu saeutik seniman seniwati lulusan paguron luhur, nu icikibung dina dunya kasenian tradisi. Mun salila ieu can pati katémbong karucitaanana dina nyipta, meureun can aya lolongkrang nu bener-bener bisa jadi kalang karancagéanana. Hal ieu bisa ditarékahan ku Bidang Kebudayaan, Disbudparpora Kota Tasikmalaya. Upamana ku cara ngayakeun pasanggiri nyipta tari, atawa mentaskeun karya koréografer nu bisa ngahudang sumanget para seniman dina nyipta. Kitu deui dina widang musik, kaulinan barudak,  jeung nu lianna. Teu kudu loba aturan atawa palanggeran nu bisa nyengker daya cipta senimanana, keun wé bébaskeun heula. Nu penting ieu tarékah bisa ngabukur heula.

Saha nu apal, ku tarékah jiga kieu, engké bakal muncul wanda kasenian anyar nu nyoko kana tradisi, nu bisa jadi kareueus Kota Tasikmalaya.***

Nazaruddin Azhar
Resep kana Seni Sunda

Iklan

About nazarudin azhar

urang sunda pituin

Posted on 5 Februari 2011, in esei and tagged . Bookmark the permalink. 1 Komentar.

  1. sae pisan kang blog na, cobi tiasa di jelaskeun sajarah na aya kesenian kuda lumping sareng kesenian nu sanes, nuhun kang..

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: