Bau Lisung

Réa pisan babasan pikeun nyontokeun hiji sipat atawa kaayaan, dipapandékeun kana kaayaan di sabudeureun imah atawa kampung.

Upamana, “Urang kampung bau lisung”. Biasana sok diucapkeun ku hiji jalma nu resep mamandapan mun keur nyanghareupan jalma nu dipikaajrih. Pokna, “Ah, abdi mah rumaos urang kampung bau lisung,” kituh. Mamandapan, hartina nahap-nahapkeun manéh. Rumasa jadi jalma euweuh kanyaho, euweuh pangabisa, da urang kampung téa. Atawa sok dipaké ngahina jalma nu dianggap belegug, “Dasar sia mah urang kampung bau lisung!” cenah.
Naha maké kudu aya babasan “urang kampung bau lisung”? Pan meureun baheula, di kampung mah can aya héler paragi ngagiling paré. Masih kénéh maké lisung keur nutu. Jadi dianggapna, lisung téh ciri tinggaleun jaman. Nu sok nutuna, para wanoja, leungeunna sok sasanggaleun da haben nyekel halu. Matak pikaéraeun mun sasalaman téh, da dampal leungeun karasa heunggal, semu karadak. Jadi éstu dianggap teu matak reueus nutu téh.
Kiwari, beuki jarang nu sok nutu téh. Paré téh sok dihéler waé. Dalah di kampung gé, iwal di kampung adat jiga Kampung Naga, kiwari mah geus arang langka nu nutu paré téh. Maké héler dianggap leuwih praktis jeung moal matak sasanggaleun dampal leungeun. Padahal mun seug apal, kualitas béas nu ditutu maké lisung jeung halu, jauh pisan mun dibandingkeun jeung béas meunang ngahéler.
Béas nu ditutu ngandung serat alami atawa séréalia anu réa pisan dibandingkeun jeung béas héleran. Séréalia téh aya dina kulumud béas, sajeroeun cangkang, nu sok leungit ngahiji jeung bakatul mun paréna dihéler.  Mémang, katénjona béas tutu mah sok rada konéng jeung teu pati pulen da masih kénéh ngandung séréalia téa, tapi mangpaatna pikeun kaséhatan gedé pisan, nyaéta ngalancarkeun pencernaan. Lian ti éta, béas tutu gé ngandung vitamin B1 leuwih gedé tibatan nu dihéler. Nu matak teu anéh réa urang kota nu geus ngarti kana hal éta, ngahajakeun ngonsumsi béas tutu da gedé mangpaatna. Malah béas tutu mah béjana haregana gé leuwih mahal, dijualna gé di mal.
Tuh, lebah dieu mah nu “bau lisung” téh geuning aya punjulna, nya?

Iklan

About nazarudin azhar

urang sunda pituin

Posted on 5 Februari 2011, in esei and tagged . Bookmark the permalink. Tinggalkan komentar.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: