Asa Aing Uyah Kidul

Dina sababaraha acara kasundaan, Aki Darya, kasepuhan ti Dangiang Sunda Pakidulan, Tasikmalaya, kungsi bari heureuy nyarita, cenah urang kidul mah (maksudna Tasik kidul) sok disangka degig, da éta kapan tepi ka aya paribasa: Asa aing uyah kidul!
Naha enya éta paribasa atawa babasan téh, ditujulkeun ka urang Tasik pakidulan? Atawa pakidulan nu mana? Naha maké kudu aya paribasa jiga kitu?
Asa aing uyah kidul, mémang sok dilarapkeun ka jalma nu degig, gumedé, asa aing, boga sikep nu réhé, jeung karakter teu pikaresepeun séjénna.
Mun seug dipaluruh tina kekecapanana mah, najan enya éta téh basa Sunda, tapi asalna éta paribasa téh mangrupa “perlawanan kultural” ka para ménak baheula, keur jaman tatar Sunda kaéréh ku Mataram awal abad ka-18.
Jaman harita kabéh pangagung, ménak, atawa nu méménakeun di urang biluk kana pangaruh Mataram. Tingkah laku nyeta-nyeta urang ditu. Malah nyarita gé maké jeung jajawaan. Atawa paling henteu niron urang Jawa, tepi ka di urang aya undak-usuk basa. Basa Jawa malah dianggap leuwih luhur ajénna tibatan Basa Sunda, tepi ka aksara Jawa kapan diparaké ku urang Sunda. Malah dina sasabaraha dékadeu mah aya anggapan yén cacarakan téh (enya, hanacaraka téa) aksara Sunda. Bubuhan bangsa jajahan, urang Sunda di kalangan ménak (ti mimiti aparat désa tepi ka pamaréntahan tingkat kabupatén) jaman harita ngarasa leuwih punjul darajatna mun geus “sarua” jeung ménak urang Mataram.
Dina tingkah laku sapopoé, kalakuan para ménak nu “asa pang-aingna” téh nerap. Boh di lingkungan kulawargana, boh dina lingkungan kamasarakatan nu leuwih lega. Mémang réa nu mikasérab, utamana rahayat nu ngarasa kaparaban ku maranéhna. Upamana para pagawé di lingkungan kulawarga ménak, pangkat bawahan, atawa bangsa cacah nu teu weléh ngarasa hina darajatna dibanding jeung kaum ménak atawa nu pangkatna saluhureun. Bubuhan teu ngambeu atikan nu nétélakeun yén darajat jalma mah sarua mungguh Pangéran nu murbeng alam. Kapan geus biasa pisan, kaum cacah mah nyebut ka para ménak téh ku kecap “Gamparan”. Ari harti gamparan téh bakiak paranti ka cai. Upamana dina kalimah, “Abdi mah sadaya-daya, Gamparan…”
Kecap gamparan ditujulkeun pikeun jalma nu dipikahormat, nu darajatna saluhureun juragan. Upamana diucapkeun ku bawahan ka atasan, ku kaum cacah ka kaum ménak, bari géngsor jeung nyembah. Lian ti éta kecap ditujulkeun pikeun ngahormat (jalma kadua), ogé kecap gamparan téh sakaligus nuduhkeun darajat nu ngucapkeunana (jalma kahiji), nu mapandékeun dirina ngan ukur sadarajat jeung bakiak nu dipaké ku jalma nu dipihormatna. Pikeun nétélakeun yén si ménak mah éstu lain babandingan manéhna, si bawahan téa, si kaum cacah téa.
Pangaruh Mataram gedé pisan dina numuwuhkeun sikep féodal di masarakat urang. Tepi ka ayeuna malah, réa kénéh turunan ménak baheula di urang nu masih kénéh reueus ku jiwa féodalna. Masih reueus ku gelar radén, bari teu weléh jécéh yén manéhna turunan ka sakitu ti radén anu, ti bupati anu, ti patih anu, upamana. Teu apaleun yén jaman geus robah.
Najan loba nu sérab ku maranéhna nu gumedén, nu méménakeun, teu saeutik ogé masarakat nu ngarti, nu teu mikaresep sikep féodal jiga kitu. Najan tara nembrak, sakumaha karakter urang Sunda nu sok neundeun sikep dina semu, tara togmol. Dalah dina sakalieun nyarita gé, sok malibir maké gaya basa nu teu saujratna, maké perlambang atawa métafor, tepi ka urang Sunda mah beunghar ku paribasa. Upamana mun nyawad jalma nu resep agul ku banda batur, disebutna “Adéan ku kuda beureum”. Nu agul ku gelar ménak najan taya pangoba, disebutna “Agul ku payung butut”, jeung sajabana.
Tah, kitu ogé pikeun ka jalma nu boga rasa pangpunjulna, panggindingna, pangkasépna, panggeulisna, panggagahna, sok disebut “Asa aing uyah kidul” atawa “Ieu aing uyah kidul”.
Ieu paribasa téh mapandékeun jalma nu “asa pang-aingna” kana uyah kidul. Naha naon nu disebut uyah kidul téh? Tangtu wé, uyah buatan urang kidul? Kidul nu mana?
Kecap “kidul” nuduhkeun tempat dijieunna éta uyah, nyaéta di Laut Kidul. Ari laut kidul téh sesebutan urang baheula ka Lautan Hindia atawa nu ayeuna disebut Samudera Indonésia. Lantaran di tatar Priangan (atawa tatar Sunda) baheula mah tara aya nu nyieun uyah, nya nu kungsi kakoncara téh baheula uyah buatan masarakat nu dumuk di basisir Laut Kidul nu perenahna di Yogyakarta. Kawentar hadé kualitasna uyah laut kidul téh baheula mah, najan ceuk nu apal cara nyieunna mah éta uyah téh kurang beresih.
Ari cara nyieunna kieu. Mimitina nu rék nyieun uyah téh nyieun heula tambak di sisi basisir, kira-kira satumbak pasagi. Ari satumbak téh sarua jeung 3,77 méter (mimindengna sok dijejegkeun jadi 4 méter). Terus dibanjuran ku cilaut. Sanggeus kapanasan tur keusikna tuhur deui, caina saab, jadi tinggal uyah nu napel dina keusik. Geus kitu, cur deui dicician cilaut, nepi ka dua tilu kalina. Ari geus tuhur pisan, heug keusik nu pangluhurna téh digundukkeun, terus disupkeun kana wadah nu disebut turas.
Geus kitu turas téh dicician deui cilaut, bari ti handapna ditandéan nu jajambaran. Éta cai beunang nuras dibawa ka saung, laju ditaheur. Mun geus ngagolak terus disiukkan, cur dicicikeun kana aseupan, ditandéan ku jajambaran. Ari di handapeun aseupan téa digantungan ku régang awi. Jadi cai tina aseupan téh mapay kana éta régang. Sabot keur kitu, cai kaburu tiis, tuluy jadi uyah deui. Nu lembutna narapel. Lembutna alahbatan meunang meuleum. Ari nu baradagna ragragan kana jajambaran téa. Beuki mindeng nyician, beuki kandel nu narapel kana régang téh.
Tangtu wé, ieu téh téhnik nyieun uyah urang pakidulan Yogya baheula. Uyahna kapaké ku masarakat, malah dijual tepi ka daérah urang. Maké sok disebutkeun ku nu ngajualna, yén ieu mah uyah kidul, pikeun narik ati nu meuli.
Lantaran kawentar pangsét pisan, malah aya semu pait dina pangsétna, uyah kidul téh “diinjeum” pikeun dipapandékeun ka jalma nu asa pangpunjulna, utamana ka jalma nu asa aing pangménakna, asa aing turunan ménak, jaman baheula. Nyaéta jalma nu hirupna ngawula ka Mataram téa. Pan Mataram téh ayana di Jawa, lain? Enya.
Nepi ka ayeuna, sok rajeun éta paribasa téh dipaké kénéh, pikeun ka jalma nu asa aing téa. Malah ngalegaan ayeuna mah, lain ukur ka jalma nu asa pangménakna, tapi ogé ka jalma nu ngarasa leuwih luhur darajatna, nu asa panggagahna, pangpinterna, pangkasépna, jeung sajabana ti éta.***

NAZARUDDIN AZHAR
Pangarang

Nu bade nyutat atanapi mosting deui dina blog, mangga, mung sebatkeun sumberna nya…

Iklan

About nazarudin azhar

urang sunda pituin

Posted on 5 Februari 2011, in esei and tagged . Bookmark the permalink. Tinggalkan komentar.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: