Sora

Aya sora, sora haréwos jeung sora nu bedas. Sok piligenti nepikeun ungkara kana geter rasa. Dina dada.
Sora nu sok jiga nu sono, maturan rasa tibelat ka mangsa baréto. Sora kahariwang, nu mawa gerentes ati sorangan, mikamelang naon nu bakal disanghareupan.
Enya, urang téh hirup di antara dua kahirupan. Kahirupan mangsa lawas, jeung nu bakal datang. Kahirupan nu kungsi kaalaman, jeung nu aya dina ugeran biheung teuing. Urang aya di tetengahna, nyeuseup hawa poé ieu, neuleu nu masih kadeuleu di kieuna. Bari kalan-kalan sumoréang ka nu kungsi dilampahkeun, beureum hideungna atra dina pangajén diri sorangan nu pangjujurna.
Teu bisa bohong haté téh, mun keur ulin ka dunya panineungan mah. Nu baheula dianggap bener, ayeuna mah bisa diaku salahna. Nu baheula keukeuh dibélaan lantaran dipiyakin enyana, ayeuna mah bisa katémbong lebah mana teu pantesna. Nu baheula dianggap jejeg atawa leuwih, kiwari mah kaciri kurangna. Sagala rupa nu geus jadi banda dina katineung, némbongan jeung hakékatna nu nyata. Bisa diajén ti sababaraha jihad rasa. Diaku ku haté pangleutikna.
Katineung téh cenah banda urang nu pangnyatana. Nu geus jadi milik diri urang nu teu bisa dirampid deungeun. Teu bisa dipaling batur. Banda nu bisa dijieun eunteung tuladeun, sangkan mun pareng nincak salah, bisa meunang conto nu atra, sabab jeung balukarna, tina katineung nu geus kungsi dilakonan.
Teu bisa bohong haté gé, mun keur ulin ka dunya sawangan. Ngimpleng nu bakal datang, ngalelebah ka mana léngkah léokna. Dina ijiran nu dipiyakin, sagala rupana horéng nyidem haleungheum. Pan urang teu bisa norah naon nu bakal kajadian. Enya, lebah dieu mah sok remen lelenyapan. Bisi kitu-bisi kieu. Kumaha mun kitu, kumaha mun kieu. Isuk pagéto aya dina kaayaan nu meredong mongkléng. Nangtang kapanggeran jeung kapancegan haté jeung pikiran.
Sok datang sora haréwos, pikeun dua kahirupan éta téh. Nu hiji sora nu ngaenyakeun. Pikeun mangsa lawas nu geus kungsi jadi bagian tina kahirupan urang. Nu hiji sora nu remen netegkeun. Sangkan urang mun pareng leumpang teu loba kabéngbat ku réana simpangan. Léngkah pengkuh kudu dina bebeneran.
Tapi sok datang sora haréwos nu katilu. Sora nu ngaléléwaan, sora nu ngabibita, sora nu dikedalkeun ku rasa ieu aing. Matak naon mun aing gé kieu? Matak naon mun kitu? Kumaha engké wé balukarna mah! Nu penting aing ngahontal nu dipikahayang! Hirup senang kajeun kumaha carana! Ngahenang ngahening batur mah kajeun téh teuing!
Heueuh, sora nu remen ngajak méngkol ka kénca, nu ngabibiraan nu kasenangan hirup saheulaanan, nu kalan-kalan bisa meruhkeun kapancegan. Aya kalana urang téh éléh ku pangajak sora éta. Teu mampuh nyingkahan pangbibita, tur padahal apal pisan kumaha pibalukareunana. Pan urang geus boga conto, tina katineung. Pan urang geus nénjo conto, tina kahirupan di sabudeureun. Tapi da angger, sora nu éta sok remen leuwih rosa tanagana, tepi ka urang serah bongkokan. Éléh lantaran ku ipisna iman.
Aya sora, nu angger sok maturan getering rasa. Sora nu mana nu rék direungeukeun, sora nu mana nu kudu ditolak jeung dibaeukeun? Sakabéhna mulang kana diri urang sorangan.***

Nazaruddin Azhar
17 Agustus 2010

Iklan

About nazarudin azhar

urang sunda pituin

Posted on 16 September 2010, in gunem rencep sidem. Bookmark the permalink. Tinggalkan komentar.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: