Awéwé nu Kabawa Hujan

Carpon: Nazaruddin Azhar

Cakakak manéhna seuri bangun genah. Enya, nyakakak lir nu manggih kabungah taya hinggana. Jep, ngadadak eureun seurina, kerung bari ngadoyongkeun awakna. “Ceuk saha?” pokna bari nunjuk duka téh teuing, tablo sakeudeung, terus ngenyot ududna bari ngaléjég.

Kelepus-kelepus. Haseup nyerebung tina irung. Jiga ratu sihir dina sandiwara, manéhna ngawakwak nyarékan émbér, nu asalna jelema tapi cikénéh disupata ku manéhna. Basa éta émbér dicokot ku nu bogana –tukang parab manuk nu buruan kiosna keur jadi panggung- manéhna nulak cangkéng bari mencrong ka nu keur nyéréngéh.

Cakakak deui seuri. Sorana tarik di antara gerung angkot nu larsup ka éta terminal. Kabaya nu geus kakal ku kokotor, kitu deui samping nu disoléndangkeun, katut buukna nu digelung jucung jeung awakna nu cengkrang, ngawujud jadi waruga nu katémbong lir nu wibawaan basa manéhna ngagedig leumpang meuntas jalan. Nu pasarandog jeung manéhna, gancang maléngkot, nyingkir ngajauhan. Saréréa horéam pagaris jeung nu leumpang bari panonna seukeut niténan kaayaan. Jiga aya nu keur ditéangan, atawa keur ngaroris kaayaan.

Teu lila kadéngé seuri ti kajauhan. Jigana keur aya di gang nu brasna ka lebah masigit. Jol deui, leumpang ngagedig bari ngecewis. Rég ngarandeg, nyarita semu ogo ka tukang béca nu kadon nyenghél da digonjak ku nu séjén. “Matak gé ulah telat méré napkah…hahaha”
Éta awéwé téh milu seuri, mani ngalageday. Bep répéh bari ngacungkeun curuk leungeun katuhuna. Panonna ngadilak ka nu cikénéh nyarita. Rét ka tukang roko, ngacungkeun jempol bari kelepus udud. Pok nyarita ka wadah runtah. Wadah runtah téh dipapatahan jiga keur mapatahan jalma nu goréng lampah. Regot nginum ci akua tina wadah runtah éta. Kelepus deui. Ngajangilek ka kenék angkot nu ngaliwat ka hareupeunana. Kuntung dilepéhkeun kana cikolombéran. Gandeuang leumpang.
Kadéngé aya nu keprok bangun suka. Kadéngé nu seuri, nyeungseurikeun tingkah manéhna. Nyeungseurikeun nu gélo, sakumaha kabiasaan jalma nu nyebut dirina waras.

Di terminal angkot éta mah ukur manéhna nu gélo téh. Enya si awéwé éta, nu ceuk taksiran nu leukeun, umurna moal kurang ti 40 taun.
Saurang gé nu matuh jeung larsup ka terminal bari kungsi panggih jeung manéhna, taya nu wawuheun ka manéhna téh. Teuing embung ngaku meureun hiji dua mah, yén manéhna apal, atawa mémang taya saurang gé nu wawuheun ka éta awéwé nu kiwari keur usaha satékah polah nyarékeun buntelan kérésék na aisanana.

Gék manéhna diuk dina témbok sisi solokan, handapeun ténda kios kosong. Kadéngé ngahariring bari ngéyong téh. Paromanana ngadadak alum. Najan katémbong kotor beungeutna, tapi ari paroman nu ngemu kasedih mah tangtu bakal kaciri ku nu ngaliwat tur sakedapan ngarérét ka manéhna.

Lila cicing di dinyana téh. Rada buni da lapak kosong tempat manéhna cicing téh dihapit ku kios tukang buku loak jeung kios jajamu.
Hujan ngeprul deui. Jalan aspal témbong lecir. Haseup nu ngebul tina panyatéan tukang saté madura nu geus sababaraha kali rumahuh alatan cuaca nu teu daék cangra, gancang pisan leungitna dina girimis mah. Kitu ogé seungitna. Tukang béca nukeurkeun ladang ngésang jeung sabatang roko. Jajaran toko teu pati ramé. Angkot tinggeuleuyeung. Sawaréh karosong. Réréana ukur ngakut penumpang hiji-dua. Motor pasuliwer. Sababaraha waktu sakali, sora karéta api ngaguruh. Ngadius ka kulonkeun atawa ka wétankeun. Karasa dina radius dua méteran tina erél mah lemah téh ngageter.

Basa hiji karéta ngaliwat, ku manéhna dirérét, da tempat cicingna téh teu jauh ti erél, ukur tilu méteran anggangna, kahalangan ku solokan. Manéhna ngalimba bari ngéyong buntelan kérésék nu terus dicium ku manéhna bangun deudeuh.

Sada aya sora nu ngahariring ti langit. Sora nu galindengna matak tibelat. Sora nu éta, nu geus teu salah deui sora urang langit téa. Nu bageur. Nu sok meper karungsingna ku hariring. Manéhna gancang cengkat, bari nangkeup aisan, kojéngkang ka luar, terus tanggah. Nyéh seuri. Kiceupna rada anteb meunang sababaraha kali mah. Ngagupaykeun leungeunna ka nu keur imut di langit, nu keur ngeprulkeun girimis sangkan beungeutna kabaseuhan. Sangkan kekebul dina beungeutna kaberesihan. Bakat ku suka narima girimis paméréna, manéhna calangap. Heureuy ti dituna mah, api-api ngaleguk girimis, sangkan nu di langit apal yén girimisna téh katarimakeun pisan ku manéhna.

Manéhna ngagupaykeun leungeun deui. Gupay nuhun. Léos deui ka urut diukna tadi. Bréh katémbong nu keur diuk. Manéhna rada ngarénjag, nénjo aya jalma dina tempat diukna téh. Tapi sanggeus sidik mah, yén nu diuk téh lain sasaha, manéhna nyéréngéh. Malah terus galécok ngajak ngobrol.

Nu keur diuk atuh daria pisan ngawangkong jeung manéhna téh. Sagala dicaritakeun, tepi ka manéhna bisa apal sagalarupa kajadian dina kahirupan nu keur lumangsung kiwari. Kitu deui manéhna, malah bari pepeta, sakapeung lajag-léjég, sakapeung rengkuh, ngalengis, seuri, ngabarakatak, nyakakak, samutut, molotot, melong sinis, lewa-lewé, nerangkeun kumaha rarasaanana salila ngalalakon di dunya nu pinuh ku jalma kurang saeundan, jalma-jalma nu teu pupuguh sok nyeungseurikeun manéhna, najan manéhna keur ngararasakeun kasedih nu rohaka. Persis aktor nu geus hatam perkara obahna karakter, saluyu jeung gurat naskah. Kahayangna saban kalimah ditandeskeun ku sikep jeung paroman nu anteb sangkan leuwih écés tur pertéla. Da dina enyana atuh, nu diajak nyarita gé katémbongeun ku manéhna saregep pisan ngadéngékeunana téh. Malah ngéngklokan, boh ku carita, boh ku reundeuk taktak atawa seuri, mun aya carita nu pikayungyuneun nu kadéngé ku manéhna.

Aya sajamna ngobrol téh. Malah bisa jadi leuwih ti dua atawa tilu jam, atawa sapeupeuting, mun seug nu diajak nyaritana teu robah deui jadi kardus. Kardus urut manéhna peuting tadi nyumput. Kardus leutik sabenerna mah, urut mi instan, tapi cukup wé keur nyumputkeun sirah mah, basa aya naga ngaliwat tina panto mini markét, terus ungas-ingus jeung sesegor di jalan, saméméh kagiles ku roda tukang bajigur tepi ka penyék jadi sapatu butut.

Mindeng pisan panggih jeung nu ahéng téh. Boh sato boh mahluk séjén. Basa subuh-subuh mah, kira janari leutik kétang, teu gugur teu angin ngadadak aya barisan tentara maranggul bedil jiga rék maju ka pangperangan. Sora sapatuna tingkedepruk matak keueung. Geueuman. Keur jempling kitu atuh, manéhna tangka ngoréjat keur nyarékeun buntelan kérésék gé, gancang cengkat terus ngahormat. Pasukan tentara téh leumpangna beuki anéh, da jiga nu keur mapay tangga. Ngaleut ka luhur, beuki jauh, terus mencar jiga lalay.

Geus teu anéh panggih jeung jalma-jalma nu beungeutna parétot gé, tepi ka manéhna genah seuri. Atawa ningali mahluk nu terus igel-igelan tur awakna teu mangrupa. Réa pisan nu gélo téh, gerentesna. Naha dunya téh rék sina pinuh waé ku nu gélo? Manéhna ngagerendeng bari ngadu’a satékah polah sangkan manéhna teu kabawa ku sakaba-kaba.

Reup peuting, hawa beuki tiris. Girimis robah jadi hujan. Aya kilat malah, tepi ka tukang béca ngariuhan handapeun palapon toko. Tukang dagang sawaréh nutup kiosna, terus mulang. Angkot jeung mobil lianna beuki arang. Motor les pisan. Nu aya ukur cileuncang.

Hujan bener-bener keur dicicikeun ti langit. Banjir cileuncang. Terus banjir enyaan. Malah teu kungsi lila terminal téh robah jadi talaga. Jadi laut. Manéhna gancang naék kana témbok sisi susukan. Cai beuki luhur. Kapaksa manéhna meuntas ka téras toko. Tapi cai beuki lebleban. Hujan jiga nu keur ngumbar amarah, ngumbar pangawasa jeung kasaktianana ngarobah kaayaan sangkan sakabéh tempat kakeueum jadi lautan. Manéhna terus naék ka tempat nu luhur, tapi cai terus ngudag. Manéhna ngagorowok ka urang langit sangkan teu heureuy kamalinaan.
Ahirna mah teu walakaya. Manéhna kakeueum semet beuheung. Hadéna katémbong aya parahu ti kajauhan. Manéhna gugupay bari satékah polah ngojay sangkan awakna teu tilem..

Parahu nyampeurkeun manéhna. Jalma nu dina parahu, nyodorkeun leungeun sangkan manéhna bisa hanjat. Beuki écés, najan remeng-remeng gé, yén terminal téh geus leungit. Kota geus carem kakeueum ku cai. Manéhna kacida pisan nganuhunkeunana ka nu boga parahu, nu terus ngangkleungkeun parahuna teuing ka mana ngangkleungna. Manéhna bungah lantaran kajait tina balai.

Ti harita manéhna teu katémbong deui kumelendang di éta terminal téh. Tapi taya saurang gé nu ngarasa leungiteun. Saban jalma teu kungsi aya nu mikiran, ka mana jeung kumaha nasib si awéwé nu seurina sok nyakakak téh. Lantaran dina kanyataanana, saréréa nu hirupna suméndér kana kasibukan éta terminal, geus teu bisa ngitung sabaraha urang nu jiga éta awéwé, boh awéwé boh lalaki, nu ujug-ujug aya di éta tempat, terus ilang. Piligenti milu ngawarnaan kaayaan.***

Tasikmalaya, 8 April 2010

Kantos dimuat dina majalah Cupumanik

Iklan

About nazarudin azhar

urang sunda pituin

Posted on 16 September 2010, in carpon. Bookmark the permalink. 3 Komentar.

  1. Hade pisan ieu carita.
    kuring resep pisan kana ieu carita kang Azhar..
    hebat lah…

  2. Sumpah, ieu carita hade pisan..
    hahaha…
    Teu kuat hayang seuri euy…
    Nuhun ah, Kang…

  3. wowwwww
    Cae puican oyy!

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: