Aksara

DI rohangan nu teu pati lega, sora jam dingding teu pati atra. Tapi wanci nu ngawasa urang, geus mulangkeun deui beurang.
Awor jeung sora patalimarga ti luareun jandéla, sora kibor komputer nunda ranggeuyan aksara. Nulis-nuliskeun deui nu geus tiheula natrat dina ingetan. Nuliskeun deui hanca nu teu weléh ngagunasika lelembutan, ku geter nu asa tan wates wangen. Ngeunaan hirup nu keur dilakonan.
Enya, hirup. Hirup nu lumangsung di hiji dunya nu ku urang dipibanda. Nu kalan-kalan pinuh ku gupay pangbagéa, tapi kalan-kalan ogé dikawas simpé nu sok remen ngadodoho tina guligahna haté.  Di dieu urang dalit jeung kapeurih, nu maksa urang sangkan bisa meureut peurah. Metakeun pangawasa, meruhkeun katunggara.
Aya kalana urang dipisobat ku kabagja. Kembang ligar di satungkebing dada. Kembang wening patamanan, dalingdingna ngan ukur aing nu boga.
Enya, dina lampah mapayan jalan hancengan, kénca-katuhueun téh singhoréng jungkrang. Batu naréngtong jeung rembetna kakayon.  Mun lengkah teu panceg kana tujuan, moal boa urang ukur jadi babandan kahariwang. Salawasna jadi babandan kakeueung.
Tapi da urang kudu percaya, dina robahna beurang jeung peuting, dina detik nu ngamalir alon, katut haréwos angin jeung hujan silantangan, aya ungkara nu bisa dibaca tur disurahan,  aksara tina gaibna kahéman nu bisa ngabeungharan jatining rasa, sangkan kahontal anu diseja.
Aksara nu natrat dina pucuk-pucuk halimun jeung daun-daun pugur. Aksara nu ngalangkang dina gebur layung jeung ciibun nu peupeus na titincakan. Aksara nu marengan ti barang gumelar, tepi ka mun diparengkeun puput umur. Lebar temen mun teu kungsi kasurahan.
Enya. Kalan-kalan sok ngarasa balilu, ngaderes lakuning lampah nu geus kasorang. Lain pikeun mitineung nu geus puguh ngangkleung ka sagara mangsa lawas, tapi pikeun milihan nu bisa dijieun tilam lampah nu rek dipetakeun, sangkan boga eunteung keur mapantes ringkang sorangan.
Ngaji aksara na diri, tulisan nu ti Ajali. Ngaji aksara di luareun diri, tutulisan ti nu surti. Maca karep jeung karesep. Maca katuna ku rasa rumasa.
Hirup dijurung reujeung huripna.  Enya. Hurip nu nyamuni dina kelir ajén diri. Nu kudu diungkab ku laku nu murwakanti. (Nazaruddin Azhar)***

Iklan

About nazarudin azhar

urang sunda pituin

Posted on 16 September 2010, in gunem rencep sidem. Bookmark the permalink. Tinggalkan komentar.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: