Seniman jeung Kasenian

ku Nazarudin Azhar

DI urang, tina sakitu réana kasenian tradisi nu biasa jadi pintonan, urang bisa nyindekkeun jenisna kana tilu sipat. Nyaéta kahiji, kasenian nu sipatna kontémplatif, upamana cianjuran, beluk, kawih, ciawian, pantun beton, calung tarawangsa, jeung lian ti éta. Terus kasenian nu sipatna téaterikal, upamana sandiwara, calung, réog, bodor, wayang golék, éblég, lais, jaipongan, jsb., jeung nu katilu campuran ti duanana (téaterikal-kontémplatif), upamana tari keurseus, upacara adat di nu kawinan, terebang gébés, ronggéng gunung, jsb.


Hiji pintonan kasenian, diwangun ku sababaraha unsur pangrojong, nyaéta nu sipatna visual (nu katempo), upamana pamaén, nayaga, sétting atawa artistik, kostum (pakéan); terus nu sipatna auditif (nu kadéngé), upamana sora pamaén jeung musik. Pikeun sababaraha rupa pintonan, ogé aya unsur pangrojong séjén nu kawilang penting nyaéta skénario atawa naskah.
Aya sababaraha kasenian nu wandana teu robah. Éstu tukuh kana tetekon nu turun-tumurun. Upamana waé cianjuran atawa calung tarawangsa. Aya ogé kasenian nu bisa leuwih dinamis nuturkeun kamekaran (atawa seléra) jaman, utamana kasenian nu sipatna téaterikal téa.
Hiji rupa kasenian, ti mimiti diciptakeun, atawa ti mimiti aya ngabentuk jiga nu ku urang dipikawanoh kiwari, tangtuna gé ngaliwatan mangsa nu kacida panjangna. Moal boa, wanda asalna mah teu kitu, tapi saluyu jeung kamekaran jaman jeung nu ngajamananana, éta kasenian téh saeutik-saeutik robah.
Upamana waé kasenian wayang. Ti mimiti wayang purwa, wayang gedog, wayang klitik, tepi ka wayang golek, ngalaman sababaraha kali inovasi, nu tangtuna dilakukeun ku dalang wayangna sorangan. Inovasi nu rada anyar, upamana, wanda buta dina wayang golék Asép Sunandar Sunarya, nu bisa bencar sirahna atawa utah emih. Malah béh dieu pisan mah, Asép ngarobah beungeut wayang nepi ka rada namblég beungeut manusa. Sanajan temahna réa nu protés, tapi saheulaanan, Asép Sunandar Sunarya bisa disebutkeun geus némbongkeun ajén dirina salaku seniman nu kréatif-inovatif.
Pikeun seniman, inovasi, atawa tarékah pikeun leuwih ngaronjatkeun ajén kasenianana, éstuning hiji tantangan nu sok ngalantarankeun manéhna teu weléh guligah. Manéhna bakal terus ditangtang ku kereteg batinna sorangan, sangkan terus bisa nyipta rupa kasenian, atawa ngaronjatkeun ajén seni nu salila ieu jadi lahan garapanana.
Kasenian, lebah dieu mah lain ukur sapétak lahan pikeun néangan pangupa jiwa, tapi leuweung bukbakeun nu nangtang kaweruh jeung wawanén sangkan dirina bisa ngajanggélékkeun hasil seni nu bisa aya mangpaatna, boh keur dirina sorangan, boh keur balaréa, pikeun ngabeungharan rasaning batin masarakat di mana éta kasenian dipidangkeun.
Salah sahiji nu kudu jadi udagan para seniman téh nyaéta, midangkeun “nu anyar” atawa “nu anéh” dina karyana pikeun nu lalajo atawa aprésiatorna. Nu anyar atawa nu anéh téh, kudu salawasna aya dina kasenian nu dipintonkeun, nu engkéna bisa terus ngaraketkeun hubungan batin antara si seniman jeung masarakat salaku aprésiatorna.
Lebah dieu, seniman bisa ngalelebah, naon waé tina unsur kasenian nu kasebut di luhur,  nu bisa diolah sangkan pintonan kasenianana mibanda sipat nu “anyar” atawa nu “anéh” téa. Mun “eusi” kasenian teu bisa dirobah, atuh bisa diolah séttingna, upamana. Da kalan-kalan, karancagéan seniman gé tetep kudu dipageran ku hal-hal nu dianggap geus baku ku umumna masarakat, utamana kasenian nu “mémang geus kitu kuduna”, jiga cianjuran atawa calung tarawangsa. Mun cianjuran mah bisa kénéh diolah ku nyiptakeun lagu anyar, jigana kasenian jiga calung tarawangsa mah, mun téa mah dipintonkeun di tempat umum atawa di panggung, bisa diolah sétting jeung artistikna.
Komo deui kasenian nu ilahar ditanggap di nu hajat mah, upamana réog atawa calung jeung wayang, éstuning loba pisan selah nu bisa dieusian ku bahan-bahan nu inovatif. Upamana waé dina bahan bobodoranana, laguna, jsb.
Seniman tradisi di urang, najan teu kabéh, tapi réa nu males mikir. Upamana dina  midangkeun hiji pintonan, gaya jeung carana langka aya nu bener-bener béda najan minton di sababaraha tempat, dina waktu nu tangtuna teu sarua. Remen ningali grup calung, sababaraha taun ka tukang, mun minton téh bahan dina ngabodorna teu géséh jeung saméméhna waktu minton di tempat séjén. Malah teu saeutik grup calung nu ukur nurutan gaya grup calung séjén dina mintonkeun lawakan. Tur padahal, seni lawak pisan, utamana, nu salawasna kudu mibanda sipat anyar jeung anéh téh. Lamun bahan lawakanana éta-éta kénéh, najan ceuk angkeuhan nu maén bakal pikaseurieun, tetep bakal réhé kadéngéna ku nu lalajo. Da geus teu anéh téa.
Sakapeung mah sok boga pangajén, nu ngabodor dina calung téh geuning éléh ku ajengan. Ajengan mah mun dina pangaosan, sok rajeun nyaritakeun atawa nyarita ku gaya nu pikaseurieun sangkan mustami teu nundutan, tur bisa bener-bener pikaseurieun. Béda jeung bodor (nu mémang tugasna ngunjal pikaseurieun nu lalajo), remen jiga nu heureut pakeun pungsat bahan. Ti panggung ka panggung téh arang aya bahan nu anyar. Kitu wé, mun teu tatarucingan tangtu baris berbaris maké paréntah ku Basa Sunda, upamana. Mun nu lalajo teu kadéngé waé seuri, sok terus silih degungkeun sirah, silih bura, atawa ngumbar banyolan nu jorang, najan nu panghareupna lalajo téh biasana barudak lembut.
Ngindung ka waktu ngabapa ka jaman, ceuk paribasa, keur seniman mah bisa ngandung harti “peka” kana naon nu keur lumangsung dina kahirupan masarakat. Pikeun seniman nu ngolah rupaning kasenian nu leuwih logor narima kréasi anyar, tangtu baris leuwih laluasa “ngamalkeun” éta paribasa.  Kaayaan ékonomi, pulitik, jeung kanyataan sosial nu leuwih lega ambahanana, bisa jadi bahan pikeun ngawarnaan pintonan, sangkan bener-bener adek jeung batin nu lalajona. Malah dina sababaraha pintonan, sindir-sampir atawa kritik kana kaayaan nu keur karandapan ku masarakat, biasana sok leuwih kalandep ku karéréaan nu lalajo, lantaran sacara teu langsung, nu lalajo ngarasa kawakilan kereteg haténa ku éta pintonan.
Upamana waé, nu sok parigel ngedalkeun kritik téh, dalang wayang golék. Asép Sunandar upamana,  lian ti parigel ngigelkeun wayang, ogé remen pisan paguneman  si Cépotna nenggel kana kaayaan masarakat kiwari. Malah leuwih ti kitu, ngabodorna lain wungkul ku ulin kecap, tapi ogé ku laku wayangna nu remen nyokot gaya tina pilem kartun. Dina hal ieu, Asép bisa disebutkeun geus hasil “nginjeum” gaya tina kamekaran jaman nu keur dilakonan.
Conto nu séjénna bisa nyokot tina wilayah seni populér. Upamana, lagu Darso, “Kabogoh Jauh”. Oon, nu nyiptakeun ieu lagu geus hasil ngarékam kaayaan masarakat nu keur meujeuhna kasengsrem ku hénpon. Rumpaka laguna éstu keuna kana mamaras, lantaran réa jalma nu ngarasa “kawakilan” ku eusi rumpaka éta lagu.
Sababaraha taun ka tukang, taun 1980-an, Darso gé kungsi ngawihkeun lagu calung nu rumpakana ngarékam kamajuan jaman harita, nyaéta dina lagu “Full Senyum” ciptaan Yaya Suharya. Lagu éta téh muncul sabot masarakat kasengsrem ku kecap “anyar” nu sing sarwa “full”. Utamana sanggeus riab beus nu “Full AC”. Tepi ka kecap full-téh jadi kalangenan masarakat. Bakat ku populér, réa warung nu dina kacana ngajeblag aksara “Full Kéjo”.
Conto nu séjénna deui, upamana nu geus dilakukeun ku Mang Koko. Dina lalaguan “Kanca Indihiang” Mang Koko réa ngébréhkeun kanyataan sosial nu kaalamanana harita, puluhan taun ka tukang. Upamana ngeunaan beus kota nu mimiti balawiri di Bandung, ngeunaan koperasi nu keur dihangkeutkeun ku pamaréntah, jrrd. Lain ukur dina rumpaka, Mang Koko geus hasil nginjeum spirit musik pop nu dina taun 1960/1970-an keur mimiti ceuyah ku lirik nu sipatna skétsa jeung kritik sosial, malah dina ngolah struktur, komposisi jeung harmoni  musikna gé, Mang Koko mah jiga nu loba kainspirasi ku musik ti peuntas deungeun, tepi ka hasil nyipta seni kacapian wanda anyar. Upamana dina lagu “Reumis Beureum dina Eurih”, nu kapangaruhan ku struktur orkéstra dina petikan kacapina, tepi ka éta lagu karasa mawa hawa anyar nu seger pikeun nu ngadéngékeunana.
Rada béh dieu, muncul Nano S. Inyana kungsi mopulérkeun prakpilingkung atawa keprak, kacapi, suling, jeung angklung pikeun mirig kawih Sunda ciptaanana. Atawa Ismét Ruhimat nu ngadegkeun Sambasunda, ngadumaniskeun musik samba jeung perkusi ti Sunda. Aya deui grup Krakatau, nu ngawinkeun musik jazz jeung musik tradisi nu aya di urang. Malah saméméhna, Mang Uking Sukri, tokoh seni cianjuran, kolaborasi jeung Bubi Chen, musisi jazz, midangkeun cianjuran “rasa” jazz dina albeum “Kedamaian” produksi Hidayat Record.
Dina taun 1970-an, Gugum Gumbira nyiptakeun Jaipongan, nu panginditanana tina ketuk tilu. Sasaha gé tangtu bakal ngaku, yén jaipongan téh salah sahiji kasenian nu teu ngan ukur mangaruhan seni (tari jeung musik) nu aya di sélér séjén di ieu nagara, tapi ogé geus jadi “ikon” kasenian Sunda nu ngamancanagara.
Seni tradisi téh mémang teu kudu dicekel ku sikep anu kaku, tapi kudu dijieun tatapakan pikeun nyipta kréasi anyar, atawa paling copél pikeun ngamekarkeun éta kasenian sangkan leuwih beunghar wandana. Urang ulah ngarasa alérgi ku kasenian nu datangna ti “deungeun-deungeun”, komo mun éta kasenian téh katémbong dipikaresep ku masarakat. Moal matak nanaon mun téa mah urang nyobaan ngadumaniskeun nu datang ti deungeun-deungeun, jeung kasenian nu geus jadi banda urang. Tangtuna gé ku takeran anu pas, ulah nepi ka banda urangna kalindih. Waktu ka urang asup waditra anyar nu disebut hitar, ku urang Cirebon mah pan terus diadumaniskeun jeung suling, tepi ka bisa nyipta wanda anyar nu disebut tarling, upamana.

Cindekna, seniman téh kudu rucita dina ngolah kasenianana, kalayan henteu ngarempak nu geus jadi tetekon. Kudu bisa “ngigelan jaman” téa kapan. Ceuk Saini KM, Perubahan adalah sifat hakiki kehidupan,  maka rnenolak perubahan berarti bunuh diri secara budaya.  Tapi tentu saja perubahan itu harus dilakukan secara sadar demi keselamatan dan kesejahteraaan, kalau mungkin kesejahteraan yang lebih tinggi daripada sebelumnya. Dengan demikian perubahan itu harus dilakukan secara kreatif.
Nu dimaksud ku Saini KM, nyaéta parobahan dina tataran artistik-éstétik, jeung parobahan dina widang ngokolakeunana (manajerial).
Di urang, seniman tradisi can pati réa nu ngokolakeun grupna kalawan maké manajemén modérn. Cukup ku aya pamingpin, aya nayaga jeung pamaén, aya waditra, prung wéh. Tur padahal, kasenian téh butuh tanaga pikeun “ngolah bahan”, “mungkusna” jeung “ngajualna”.
Jigana can aya di urang grup calung atawa réog nu ngahagalkeun nyieun naskah pikeun patokan ngabodor. Padahal ieu téh, minangka salah sahiji conto, kacida pisan pentingna. Tiap grup lawak, kiwari, tangtu ngabogaan script writer, atawa nu nyusun bagal lawakan nu engkéna jadi patokan nu maén dina panggung. Tah, dina manajemén modéren mah aya babagi tugas nu jelas, kaasup pikeun saha-sahana nu “mikiran” bahan pintonkeuneun. Kitu deui nu tugasna pikeun “ngajual” karya, nu proaktip “ngadagangkeun” kréativitas grup kasenianana ka umum, atawa malah ka pamaréntah, sangkan kantor Pariwisata réa piliheun mun dina sakali waktu kagiliran kudu mintonkeun kasenian di anjungan Jawa Barat TMII, atawa dina acara-acara resmi pamaréntahan. Ulah ngan ukur jaipongan wé, atawa tari payung.
Salila ieu urang remen ngangluh, yén masarakat téh beuki dieu jiga nu beuki teu resepeun kana seni tradisi. Boa hal éta téh dilantarankeun ku arang langkana kasenian tradisi diwanohkeun sacara langsung ka masarakat. Da mun remen diwanohkeun mah meureun réa di antarana nu terus bogoh deui, resep deui kana seni tradisi.***

Iklan

About nazarudin azhar

urang sunda pituin

Posted on 15 Oktober 2009, in Ngabako and tagged , . Bookmark the permalink. 5 Komentar.

  1. Asa bingung upami kedah masihan komentar kana seratan diluhur, terus terang seepeun kecap, naon anu bade diserat didieu tos nyampak diluhur, kantun upami aya kereteg hoyong ngamajengkeun seni sunda kedah kumaha tarekah urang sangkan seni sunda dipikawanoh dipikaresep ku nonoman sareng sepuh sepuhna. Manawi kacandak hiliwir angin pangdugikeun ka nonoman anu sok ngokolakeun seni sunda prak geura tatahar urang nanjungkeun seni sunda malar jadi “juragan” di lemah caina sorangan. PRUNG

  2. Hatur nuhun Kang, parantos linggih di blog sim kuring. Mugia seni Sunda apanjang-apunjung, nuhun.

  3. punten kang nazzarudin .pang dugi keun salam kanggo kang obing .ti si tulang ,hapunten sa te acanna, umumna ka sada yana warga cipurut //// mad kizi

  4. nazaruddin azhar

    Hatur nuhun Kang Nana… Insya Allah didugikeun

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: