Nu Daragang Kasenian

Poé kacida panasna. Sanggeus mapayan proposal di sababaraha perusahaan, nu lapur taya nu daék nyeponsoran pagelaranana, Waru asup ka éta sakola, tur disanghareupan ku guru kasenian di rohang guru. Manéhna terus ngadadarkeun maksudna, nyaéta rék milu napelkeun poster di ieu sakola, jeung mun diijinan rék milu ngajual tikét pagelaran téater. Susuganan aya murid sakola ieu nu hayang lalajo.

“Pementasan téater naon?” guru kasenian téh nanya. Atuh derekdek Waru téh nerangkeun sinopsis lalakon nu rék dipagelarkeun. Carita dina pagelaranana nu éstuning pinuh ku ajaran moral, nu tangtuna cocog dilalajoan ku para siswa. Kituna téh bari némbongkeun poster pagelaran, nu ngan ukur potokopian. Da bororaah bisa nyieun poster nu diopsét, nu keretasna ngagenclang, keur kaperluan séting panggung gé kékéréhét. Da nyaéta atuh, pagelaran téaterna téh taya nu nyeponsoran. Teu jiga kana acara dangdut atawa bén, sponsor téh.

“Ooh, kitu…” ceuk guru kasenian téh bangun nu megat caritaan Waru, sangkan teu papanjangan nerangkeun. “Sabaraha gepok tikétna?” pokna nanya, jiga nu bener-bener rék milu mantuan mangjualkeun.

Waru ngasongkeun tikét, nu ogé ukur potokopian dina keretas warna beureum, nu ukur dicap ku stémpel sanggar téaterna minangka pengamanan sangkan tikétna “teu dibajak”.

“Ngan sapuluh lambar?” guru kasenian téh ngomékeun kacapanonna. Jiga nu hayang teges kana jumlah tikét nu digolérkeun ku sémahna.

Waru unggeuk. Tikét nu harega limarébu rupia téh diilikan salambar ku éta guru. “Kagok atuh sakieu mah, kumaha ngajualna?”

Leuh, jigana ieu guru téh bisa nulungan manéhna ngajual tikét rada réa. Kusiwel deui nyokot sapuluh lambar tina kantong kucelna, sok na luhur méja.

“Sabaraha ka dieuna?” ceuk éta guru téh. Lentongna éstuning persis makelar nu hayang geura apal sabaraha pibatieun tina barang nu rék dipangjualkeunana. “Kieu wé atuh, saya ménta opat gepok, kagok duapuluh siki mah. Kabéh barudak kelas hiji jeung kelas dua rék diabringkeun sina lalajo. Itung-itung aprésiasi,” guru kasenian téh nyarita deui.

Opat gepok? Opat ratus lambar?

“Tapi ka dieuna limapuluh persén…” ceuk éta guru, nyusul tepus.

Waru ngarénghap jero. Lain teu kabita ku opat gepokna, tapi bet kudu méré ka éta guru satengah tina haregana. Beu. Teungteuingeun atuh. Bororaah bisa keur nutupan waragad produksi. Malah dina buleudna gé duitna katarima ku manéhna, muklis teu dicocéng persénan, jauh kénéh kana jumlah duit nu ku manéhna dikaluarkeun pikeun produksi ieu pagelaran. Mun seug ukur ménta duapuluh persén wé, teu nanaon.

“Grup si Dadap gé bulan kamari méréna limapuluh persén keur sakola,” ceuk guru kasenian téh, bari nyaritakeun kumaha suksésna pagelaran si Dadap téa di gedong kasenian.

Heueuh, pikir Waru, urang gé apal. Ampir sapuluh rébu siswa lalajo éta pagelaran. Tiap pagelaran, gedung metet ku nu lalajo. Tapi naon hartina? Barudak ukur datang ka gedong kasenian lantaran sieun ku guruna, da cenah aya patalina jeung niléy ogé absén. Lain karana aya kereteg hayang lalajo tur ngaaprésiasi pagelaran. Mana komo di jero gedungna gé barudak téh kalah récét hareureuy, atawa nyoo hapé, SMS-an, tepi ka asa teu puguh ahirna mah pagelaran téh.

Naha nu kitu nu disebut aprésiasi téh?

Nu puguh mah kateuteuari. Kasenian ahirna mah ukur lahan pikeun hal-hal di luareun kasenian. Sapuluh rébu tikét béak, pikeun saminggu pagelaran. Kalikeun kana lima rébu rupia harga tikét salambarna. Gedé pisan. Bisa keur nutupan ongkos pagelaran. Tapi kapan dikurangan limapuluh persén keur muruhan guru nu mangjualkeun tikétna ka murid. Jual dedet téa. Sésana keur waragad nyieun tikét, nyieun poster, nyéwa gedung, ongkos itu ieu, ahirna mah nu maraén téh ukur kabagéan sangu bungkus tiap saméméh jeung sabada pagelaran. Teu kurang teu leuwih.

Naon atuh harti kasenian téh?

Waru ka luar ti éta kantor, tur bolay ngajual tikétna, da guruna keukeuh hayang ménta limapuluh persén, jaba ménta sértifikat. Keur manéhna cenah, bekel sértifikasi. Hayang ditulis, yén éta guru téh bagian tina pagelaran. Mun teu pelatih, tulis wé pembimbing, cenah. Kitu sértifikat nu katarima ku éta guru gé, ti si Dadap nu “berhasil” pagelaranana téa.

Waru seuri konéng, nyeungseurikeun lampahna sorangan ancrub dina dunya kasenian. Naha aing téh idéalis teuing? Tepi ka nolak tawaran ti guru éta?

Tapi ras inget, manéhna datang ka sakola rék ngajual tikét téh lain pikeun néangan kauntungan. Welasan taun tétéateran. Tiap pagelaran teu kurang ti tilu bulan latihanana. Manéhna jeung sababaraha urang di sanggar téaterna geus sapuk, yén pagelaran téh hayang dilalajoan ku nu bener-bener hayang ngaaprésiasi seni. Da najan kumaha waé ogé, manéhna ngarasa yén kasenian nu sipatna aprésiatif  jiga téater, tepi ka ayeuna can bisa jadi pangupa jiwa. Manasina di nagara batur, geus bisa jadi jalan hirup. Manéhna mah ngan ukur hayang nu lalajo bisa nyaksian kalayan daria pagelaran ti sanggarna. Ngalenyepan sakur palasipah nu ngalangkang dina paguneman para tokoh sapanjang lalakon nu dipagelarkeun. Mun téa nu lalajo tepi ka ngarti kana pagelaranana, éstuning geus leuwih ti nyugemakeun haténa. Mana komo ieu pagelaran téh maké basa Sunda. Susuganan bisa mantuan ngahirup-huripkeun basa Sunda nu ceuk sababaraha inohong (nu teu weléh pesimis), geus rék carem.

Tapi ari kudu ngajual dedet tikét ka murid mah, ké heulaanan. Kahirupan keur sakieu ripuhna, katambah masarakat nu jadi orangtua murid dibeungbeuratan kudu meuli karcis kasenian sangkan anakna bisa meunang peunteun. Leuh, naon hartina kasenian mun cara “ngajualna” jiga kitu?

Iklan

About nazarudin azhar

urang sunda pituin

Posted on 2 September 2009, in esei and tagged . Bookmark the permalink. Tinggalkan komentar.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: