Seni Lais Hésé Régenerasi

lais-1.jpg

Pikeun karéréaanana urang Sunda, kana kasenian Lais téh jigana geus teu pati apal. Padahal mah éta kasenian téh masih kénéh hirup, utamana di daérah Tanjungjaya, Kabupatén Tasikmalaya.

Di ieu wewengkon, perenahna di Dusun Cipurut, Désa Sukasenang, seni Lais téh masih kénéh dipiara tur sok remen dipintonkeun dina acara hajatan ku grup ‘Pusaka Muda Mekar’ nu dipingpin ku Iding (50) jeung Obing (36). Anggota grupna kiwari aya 30 urang. Karéréaanana tukang silat, ditambah ku tukang kendang tiluan, tukang tarompét tiluan, tukang goong jeung tukang ngalaisna.

lais-2.jpgCeuk Obing nu satamatna di SMA terus milu ngokolakeun ieu grup, tepi ka danget ieu berekah grupna téh geus magelaran ka mamana. Najan ukur sakali-sakali, kungsi maén di Ancol, Taman Mini, Ciater, Ciamis, jeung di mimindengna di Tasik.

“Bisa disebutkeun keur rada haneuteun deui ku nu nanggap ayeuna téh,” pokna, basa ditepungan méméh grupna magelaran di palataran kampus Unsil, Tasik sababaraha waktu ka tukang. Nu dimaksud haneuteun ku manéhna, nya tiap bulan sok aya waé nu nanggap, paling henteu sakali dina sabulan, utamana ditanggap ku nu hajat di pasisian.

“Maén di béh kota mah kitu wé mun ditanggap ku para seniman deui. Acan kungsi ditanggap ku nu hajat atawa ku pamaréntah mah,” cenah, nu terus dienyakeun ku Sarip (42) lanceukna Obing nu di ieu grup lian ti sok silat téh, ogé purah ngamankeun pagelaran bisi aya nu hasud rék niat nyilakakeun.

Kawilang beurat tugas nu kudu disanghareupan ku Sarip téh, boh mun maén di pilemburan, boh maén di kota. Kalan-kalan sok aya waé nu ngaheureuyan téh, cenah. Upamana waé cenah basa ngalais di Padahérang, Ciamis. Ikin (60) tukang ngalaisna geus di luhur tambang, awina ujug-ujug ngagelenceng hiji. Potong. Untung euweuh nu cilaka. Ikin nu keur aksi gancang ngagulayun kana tambang terus muntang kana awi nu hiji deui.

“Sok aya waé nu kitu téh, duka naon maksudna,” ceuk Sarip nu dina sakuna teu weléh mawa menyan, boh sisirihan tangkalna, boh geutahna nu sok diasupkeun kana roko nu rék diududna. Di kebon di lemburna manéhna malah miara menyan nu tangkalna ayeuna geus sagedé cangkéng kolot. Keur pakéeun, pokna téh bari ngahéhéh.

Perkara sok aya waé nu hasud téh geus teu anéh dina pagelaran Lais mah, ceuk Ikin nu geus ngalais ti keur pamuda kénéh.

“Geus aya ti baheulana,” pokna. Ngan manéhna tara ieuh geumpeur. Hirup jadi tukang ngalais mah kudu ngabiasakeun manéh nyanghareupan picilakaeun. Atuda najan euweuh nu rék niat nyilakakeun gé, kapan angger tukang ngalais mah kudu salawasna ati-ati. Kangaranan maén dina tambang sagedé indung suku kolot nu panjangna 10 m, dipantengkeun di luhur awi dua leunjeur nu jangkungna 15 m, tangtu wé kudu bener-bener iatna jeung tarapti dina sagala rupana. Nalikeun tambangna gé kudu ku manéhna. Kitu deui méméh awina ditangtungkeun, manéhna kudu mariksa heula bisi masih kénéh aya tapak saréngséng dina buku-bukuna nu can kapapas. Malah mun manéhna salsé mah sok milu jeung nu ngala awi. Atuda kudu bener-bener pas awina gé, awi surat nu lempeng. Kolot teuing ulah, ngora teuing teu hadé. Kudu nu keur lumiat.

Ikin nu sapopoéna tukang buburuh tani, nyebutkeun yén aya tahapan nu teu meunang ditinggalkeun pikeun nu hayang bisa ngalais. Diantarana kudu ngalakonan puasa tujuh poé bari ngapalkeun jampé-jampéna. Éta téh dilakonan bari terus latihan. Mimitina dina tambang nu awina ukur 3 m, terus ningkat beuki luhur-beuki luhur.

“Sabenerna masing 20 m gé bisa ari aya mah awina nu ukuran sakitu,” ceuk Ikin nu terus nyaritakeun reregedna mun maén di kota, nyaéta aranglangka manggihan awi nu nya jangkung nya hadé. Kitu deui mun rék maén breg hujan. Mun hujanna gedé mah tara dipaké aral, nu sok matak degdegan téh mun hujanna ukur ngiripis, da tambang jeung awina sok jadi leueur. Lebah dieu mah kalan-kalan sok bari jeung lelenyapan maén téh, ngan can kungsi ngalaman cilaka alatan hujan mah, cenah.

Saméméhna nu sok ngalais di Pusaka Muda Mekar nu diadegkeun taun 1978 téh nyaéta Ébén (70). Kiwari kulantaran cenah rénghapanana beuki pondok alatan ku kakolotan, manéhna kapapancénan pikeun atraksi debus. Kitu lah, saperti ngagérésélkeun bedog kana beuheung sorangan, atawa ngeureut letah, tapi teu nanaon. Lian ti ngadebus manéhna ge sok purah ngabodor di handap, nyeta-nyeta aksi nu keur ngalais di luhur.

Sakali magelaran téh biasana 2 tepi ka 3 jam. Tiap maén adeganana sok akur. Mimitina dipagelarkeun heula sababaraha jurus penca bari nyarayuda, direumbeuy ku debus téa. Sabot kitu, Sarip mariksa deui tangkal awi bari di tiap awina manéhna mapatkeun du’a sangkan pagelaran lancar taya bancang pakéwuh. Ikin nu geus saged maké kabaya, ngahormat ka nu lalajo, terus naék. Sanggeus di luhur kabaya dibukaan, dipurag-puragkeun bari ngagulayun na tambang, tepi ka tinggal kolor jeung kaos. Geus kitu mah diteruskeun ku sababaraha atraksi, di antarana ngolécér, jungkir, saré, jeung ayun-ayunan bari terus ditabeuhan ku kendang penca.

Di Tasik dina taun 1970/80-an mah aya sababaraha hiji grup Lais téh. Nu séjénna nyaéta grup Lais di daérah Puspahiang nu dipingpin ku tukang ngalaisna nyaéta Suryana. Ngan sanggeus Suryana almarhum, grupna bubar da taya nu neruskeun. Di daérah Rancakawung, Cibalanarik, aya deuih grup Lais kawentar nu geus ngadeg ti taun 1960-an. Tukang ngalaisna nyaéta Saléh. Nyakitu, sanggeus Saléh tilar mah pes wéh taya nu neruskeun deui.

Perkara régenerasi nu sulit téh ceuk Obing. Aranglangka aya nonoman nu daék diajar ngalais da meureun resikona gedé téa. Kiwari gé di grupna ukur aya saurang nu keur diajar téh. Keur dipeuseuh kénéh ku Ébén jeung Ikin.(Nazhar)***

Iklan

About nazarudin azhar

urang sunda pituin

Posted on 26 Maret 2008, in Ngabako. Bookmark the permalink. 4 Komentar.

  1. Sok atuh urang dialajar ngalais. Tapi asa aringgis nempona ge. Kacipta mun tikosewad, lapur meureun moal bisa deui ngarang.

  2. hahaha…mending ngalais dina internet we lur…

  3. Bilih aya anu bade ngamaksad mintonkeun seni lais ti cipurut mangga kontak ka ardiana30@gmail.com atanapi ka 085323041407………. diantos

  4. nazaruddin azhar

    Jang Pato: Tah, geuning… Keun, manawi aya nu peryogi pintonan lais, tangtos dipasihan nomer kontak saderek.. Nuhun Lur…

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: