Di Sindanggalih méh kabéh arusaha kana mébel

jumali-jeung-budi.jpg

Mun pareng ngaliwat ka jalan Sindanggalih, Tasik, tangtu bakal katémbong méh saparat jalan pinuh ku pausahaan mébelér. Boh nu husus nyadiakeun bodasan atawa mébel satengah jadi, boh barang nu langsung pakéeun.

Salah saurang warga Sindanggalih, Déni (28), nyebutkeun, yén geus tibaheulana cenah daérah nu asup ka Kacamatan Tawang ieu téh, masarakatna arusaha kana mébel. Kaasup manéhna tangtuna gé, nu geus turun-tumurun ti akina kénéh ancrub kana ieu pakasaban.

“Usaha turunan. Tapi nya modal sorangan,” pokna basa ditalék naha manéhna neruskeun usaha kolotna atawa ngabaladah sorangan. Ti keur umur wewelasan taun kénéh manéhna geus dipapatahan ku kolotna usaha kana mébel téh cenah. Sanggeus kawin manéhna sina muka pausahaan sorangan. Ayeuna téh lumayan, omsét dina sabulanna geus lima jutaan.

“Tapi éta téh kotor. Beresihna mah paling gé ukur sajuta,” pokna nyebutkeun bati tina usahana. Rada undak téh pasaran mébel mah cenah mun rék lebaran. Bubuhan réa nu marudik tas arusaha di kota, jadi lebaran téh waktuna balanja pangabutuh kulawarga.

“Kana 25 tepi ka 30 persénan undakna téh,” cenah.

Di tempat gawéna katembong lomari, korsi jeung dipan nu masih bodasan kénéh. Manéhna ngajual lomari dua pintu tempat pakéan hijina Rp 200.000,-. Mun nu geus rapih meunang nyirlak hargana dua tikeleunana. Biasana cenah nu sok meuli bodasan téh ti toko mébel, boh nu aya di Tasik atawa ti Ciamis jeung Garut. Bapana mah, Odi (60), dina saminggu téh rata-rata tilu kali ngiangkeun bodasan ka Bandung. Sakali ngiangkeun aya kana 10 barangna.

Di mébelna aranglangka aya barang nu dijieun tina kai jati atawa kai nu kualitas hadé séjénna. Méh kabéh bahanna tina kai cayur, arba atawa tisuk. Bahan pikeun hiji lomari atawa ranjang rata-rata modalna Rp 100.000,-, nu mun geus anggeus harega jualna Rp 350.000,-.

“Atuda karéréaanana di dieu mah konsuménna menengah ka handap,” pokna. Maké bahan petingan téh mun aya nu mesen wungkul.

Nu buburuh di Déni téh ukur duaan, nyaéta Jumali (56) jeung incuna, Budi nu karék umur 14 taun. Satamatna ti SD budak téh langsung sina digawé. Pajahkeun téh neruskeun sakola gé kaituna mah angger kudu néangan gawé. Mending ti ayeuna kénéh sina milu buburuh. Keur mah waragad sakola beuki dieu beuki mahal.

“Sugan wé aya milikna mah éngkéna bisa muka pausahaan sorangan,” ceuk Jumali nu diajak ngobrol sabot manéhna ngadempulan lomari hancana. Jumali sorangan kungsi muka mébel ngan cenah teu kamodalan, “Ahirna mah jadi tukang buburuh wé, sanaos teu sabaraha gé, dikeureuyeuh,” pokna.

Dina nyieun barang, Jumali jeung tukang buburuh séjénna di Sindanggalih boga dua patokan. Nyaéta barang kelas ompréngan, nu kualitasna jajar pasar, jeung barang kelas anggonan nu kualitasna leuwih apik. Lamun nyieun lomari nu kelasna ompréngan, manéhna meunang buruh 15 tepi ka 20 rébu. Mun kelas anggonan, 30 tepi ka 40 rebu rupia tina hijina téh. Éta téh ti mimiti ngaragaji, nyugu, tepi ka jadi bodasan. Hiji barang kalan-kalan teu anggeus ku sapoé. Iwal mun manéhna jagjag, ti isuk jedur tepi ka soré jedér digawéna, bisa anggeus hiji. Tapi aranglangka da cenah beuki kolot téh beuki ripuh. Rada undak buruhna téh mun ngagawéanana tepi ka nyirlak atawa finishing. Tepi ka 50 – 60 rebu rupia hijina, kumaha modél lomarina.

“Kanggo barang nu sanés gé sapertos dipan, korsi, teu patos géséh buruhna téh,” cenah.

Perkara modél teu pati réa rupana cenah. Ti taun ka taun téh angger wé modél nu basajan bubuhan keur konsumén kelas handap téa. Ceuk Déni malah mun manéhna nyieun modél anyar téh sok kalah hésé ka payuna. Jadi angger wé kitu, barang-barangna téh teu pati réa kelirna. Nu pangréana dijieun téh cenah mun lomari modél kolumbia, terus ranjang modél kipas jeung modél fortuna, ditambah wéh mun aya nu pesen nyieun korsi modél semi antik nu rada réa ukiranana.

Pikeun bahan baku, méh kabéh pausahaan di ieu daérah meuli ti H. Muksin nu boga pabrik pangaragajian kai di éta tempat. Kaina ceuk salah saurang pagawé pabrikna, dibeuli ti para patani nu aya di wewengkon Tasik kidul. Ti Salopa, Karangnunggal, Salawu, jsb.

Lian ti nu langsung nyieun barang sorangan, di Sindanggalih téh réa ogé nu ngan ukur nampung barang jieunan masarakat. Upamana waé Aép (29). Manéhna geus ampir tujuh taun usaha kana mébel nu ukur nampung bodasan pikeun jualeun deui ka toko-toko. Ti mimiti rak tv nu haregana Rp 15.000,- tepi ka lomari, korsi, jsb.

  “Da di dieu mah ampir sadayana masarakat kana ngadamelan barang, janten nu teu buburuh di batur gé, nya ngadamelan nyalira di bumina,” ceuk Aép nu usaha neruskeun hanca kolotna. Manéhna mah teu kudu capé da masarakat nu rék ngajual bodasan daratang sorangan ka tempatna.

Tepi ka danget ieu, boh ceuk Aép atawa ceuk Déni, can kungsi aya pihak séjén boh ti pamaréntah atawa swasta nu bisa nyadiakeun modal injeumeun. Padahal cenah di Sindanggalih téh réa masarakat nu karék eungkeut-eungkeut usaha kana mébel nu ngabutuhkeun suntikan modal pikeun usahana. Tangtuna gé nu teu beurat teuing bungana, atawa krédit lunak téa.(Nazhar)*** 

Iklan

About nazarudin azhar

urang sunda pituin

Posted on 26 Maret 2008, in Ngabako. Bookmark the permalink. 10 Komentar.

  1. wah, jadi sono ka lembur… nuhun Pa, abdi ayeuna nuju ngumbara di hk.

  2. Hatur nuhun tos sindang. Mugia ieu blog janten panglipur nu teras maheutkeun sadayana ka lemah sarakan.

  3. Resep lah tulisan feature-na, sakali-kalieun mah kirimkeun atuh ka Cupumanik, urang muat dina majalah.

  4. hehe, mangga, panginten seratan nu sanesna…

  5. aeh, si akang.. damang juragan?? mani awis teupang.. kumaha kabar tasik ayeuna??

  6. nazaruddin azhar

    Berekah kang, sehat ari awak mah. Nu muriang teh biasa we pesak..hehehe…
    Tasik kiwari asa beuki teu mangrupa. Ilang jatidirina (duh…serius yeuh heuheu…), teu beda jeung kota sejen nu ngaheulakeun pangwangunan mol… pabeulit…

  7. alhamdulillah, sing bagja kang.. eusi pesak mah masih keneh bisa diteang (leres?) ngan eusi hate nu matak bagja mah hese geuningan.

    hayu atuh urang geuingkeun Tasik teh, ulah teuing dimumule ku kecap modern.

    kiwari nu dipikabutuh teh lain mol, eta kang syarif teh kumaha.. 🙂

    hiji wanci mah urang kudu rada tarik ngadeheus kang syarif teh, utamina perkawis eusi beuteung urang. da perkawis moral mah bagean urang sadaya.

    -ti dulur jauh.

  8. kang nunu kumaha damang? aya beja di lembur kuring mah desa sukatani kabupaten purwakarta, sakedap deui baris janten lautan cimata da geuning meh ampir sadaya dunung tos ngawitan janten kubang balas digalian sareng ditugaran…. ieung nasib lembur pamatuhan kiwari baris sirna salawasna…

  9. alhamdulillah yi, aya dina hibar pangdu’a.
    urang diajar sabar we, bari terus ihtiar, sangkan hirup aya mangpaatna. tong boroning gunung, dalah dunyana sorangan dina hiji waktu baris ancur…

  10. salam kenal ah yeuh…
    reueus masih keneh seueur urg sunda nu panceg ku kasundaana..

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: