Bordél Tasik

pagawe-bordel-di-kawalu.jpg

Di Tasikmalaya kiwari teu kurang ti 14.216 unit usaha karajinan. Tina jumlah sakitu téh, 3.000 unit aya di kota Tasik. Réa di antarana nu hirup teu neut paéh teu hos. Utamana sanggeus harega BBM naék. Biaya produksi ngajaul, sedeng pemasaran beuki hésé.

Nu teu pati kapangaruhan teuing téh nyaéta pangusaha bordélan (bordir) nu aya di Kawalu. Para pangusaha masih kénéh bisa ngajalankeun usahana, najan tetep ngarasa kumaha ripuhna sanggeus harega BBM undak, nu ngarémbét kana undakna harega bahan baku jeung waragad lianna.

“Kanggo konsumsi pagawé wungkul gé tos sabaraha sadintenna téh, acan kanggo buruhna. Katambih ku biaya ancag-incigna masarkeun. Abot ku harega béngsin,” ceuk Lilis (36), salah saurang pangusaha bordél basa ditepungan di imahna di kampung Ciburuyan, Kawalu. Di imahna manéhna jeung salakina, Lian Wardi Liana (37), ngadegkeun pausahaan Alisa Bordir. Kiwari teu kurang ti 32 urang nu jadi pagawéna téh. Nu langsung digawé di imahna aya 9 urang, sedeng nu séjénna digarawé di imahna séwang-séwangan.

“Nu karaos pisan mah nya dina ngayaan bahan baku, mangkaning abdi mah nganggéna kaén nu rada lumayan awis, lian ti nu biasa téh. Upamina kaén sutra serat nanas ti Kalimantan,” cenah. Teu ngajéntrékeun sabaraha-sabarahana harega jenis kaén éta téh. Jenis nu dijieunna teu pati réa, ukur baju gamis, baju koko (kamprét), mukena jeung kabaya. Nu pangmahalna harega jualna téh 175 rébu, dipasarkeun ka toko jeung butik-butik nu aya di Tasik, Bandung jeung Jakarta.

Sanggeus BBM naék, manéhna jeung pangusaha bordél lianna, ayeuna leuwih ngutamakeun produksi pikeun pasar menengah ka luhur nu teu pati kaganggu ku undakna hahargaan. Alhamdulillah cenah teu pati ngagejrét teuing, najan mun dibandingkeun jeung keur can naék BBM, omsét usahana ayeuna keur rada turun. Ayeuna dina sabulanna panghasilan kotorna téh 20 juta. Beresihna 5 juta.

Nu keur jadi bangbaluh para pangusaha bordél di Kawalu, lian ti masalah hahargaan téh, nyaéta masalah pagawé. Utamana pagawé nu mahér maké mesin bordél nu masih dikéjék kénéh. Mesin bordél nu acan maké tanaga listrik. Asép (40) jeung pamajikanana, Elis (37), nu boga pausahaan bordél Queen di perum Tandala, Kawalu, nyebutkeun yén pikeun pasaran ka luar negri jeung konsumén kalangan élit mah nu payuna bordélan nu masih kénéh maké mesin kéjék. Pangna kitu téh, pédah hasil bordélanana leuwih wedel, béda jeung meunang mesin juki nu geus maké listrik atawa nu geus maké sistim komputerisasi.

“Upami bordélan kenging mesin kéjék mah diseuseuh nganggo mesin cuci téh teu gampil reksak. Tebih kualitasna sareng bordélan kenging mesin nu tos nganggo sistim komputer,” ceuk Asép. Kulantaran éta deuih manéhna teu ngarasa sieun kadéséh ku ayana mesin nu geus maké sistim komputerisasi nu diimpor ti Jepang. Sok sanajan meunang mesin komputer téh leuwih rapih katingalina jeung ongkos gawéna kawilang murah sarta produksina bisa cepet, tapi hasil bordélanana gampang murudul. Mun aya salambar benang nu pegat téh, terus murudul kabéh. Komo mun diseuseuh maké mesin cuci mah, dua kali nyeuseuh gé parejét bordélanana téh.

“Nu ngagaleuh bordélan kénging mesin komputer mah biasana kalangan menengah ka handap, utamina nu teu ngalartos kana kualitas bordélan. Nu ngalartos mah tetep milih nu kénging mesin manual,” cenah.

“Jeung abdi mah da teu panuju mesin bordél komputer asup ka urang téh. Kahiji, lapangan kerja jadi ngurangan da operatorna cukup dua-tilu urang, kaduana saleresna pamaréntah gé kudu ngarasa rugi, sabab mesin jiga kitu téh nu haregana bisa tepi ka 900 juta, teu aya pajegan. Ukur mayar pajeg sakali waktos mésér, pajak pembelian. Padahal pan sapédah waé nu ukur ratusan rébu, aya pénengan,” pokna.

Cécép (20), salah saurang pagawé di pausahaan bordél nu aya di Saguling, nyebutkeun yén langkana pagawé nu daék maké mesin manual téh lantaran migawéna teu bisa cepet mun dibandingkeun jeung maké juki listrik. Manéhna geus ampir dua taun buburuh jadi operator komputer di H. Imron. Buruh sapoéna 18 rébu.

“Atuda ayeuna mah nu diudagna panghasilan, janten milarian téh nu cepet sareng ageung buruhna,” cenah.

Héséna néangan pagawé nu daék maké mesin kéjék, ogé karasa ku Lilis. Aya gé cenah nu daék jeung bisa, jumlahna saeutik jeung geus karolot tur geus digarawé di pangusaha séjén nu geus leuwih heubeul usaha dina bordél.

Réréana pagawé téh cenah sok hayang milih borongan. Bubuhan bisa bebas nangtukeun waktu, béda jeung harian nu waktu gawéna ti jam 7 isuk-isuk tepi ka tabuh 4 soré. Digawé borongan mah panghasilan sapoéna bisa leuwih ti Rp 30.000, da teu kauger ku waktu jeung bisa ngalembur. Sedengkeun buruh pikeun nu harian mah Rp 22.500 sapoé.

“Tapi ari kanggo barang nu husus mah biasana buruhna hijian, upamina waé kanggo ngadamel kabaya nu motipna rada rumit, tiasa dugi ka 60 rébu hijina téh,” ceuk Lilis. Lila jeung sakeudeungna waktu migawé, gumantung kana kaparigelan pagawéna. (Nazhar)***

Iklan

About nazarudin azhar

urang sunda pituin

Posted on 26 Maret 2008, in Ngabako. Bookmark the permalink. Tinggalkan komentar.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: