Tangkal Jati jeung Kareueus Urang Sunda

Tangkal Jati jeung Kareueus Urang Sunda
Nazarudin Azhar

Remen pisan urang ngadéngé paribasa ‘jati kasilih ku junti’. Biasana éta paribasa téh sok nyelap dina wangkongan nu aya patalina jeung kasundaan. Boh mun urang ngobrolkeun seni Sunda, basa Sunda, atawa budaya Sunda nu sagemblengna. Teu kudu ngotéktak kamus pikeun mikanyaho naon hartina. Ku saliwatan gé asana, urang baris apal yén éta paribasa téh kedal tina kahariwang jeung kamelang urang kana naon waé nu aya patalina jeung kasundaan, nu kiwari méhméhan tilem kasaeur ku rupaning panéka jaman.
Lamun urang leukeun niténan kekecapan dina éta paribasa, tangtu urang bisa langsung surti yén nu dipapandékeun kana kecap ‘jati’ téh taya lian iwal ti Sunda téa. Tangkal jati nu kualitas kaina kawentar hadé tur haregana leuwih punjul tibatan kai séjén, dijieun simbul nu bisa ngawakilan kareueus urang kana kasundaan. Jati mah kapan kai nu tara dimomorékeun. Biasana mun teu dijieun bahan wangunan, nya dijadikeun mébelér. Boh mébel nu diukir, boh nu polos, asal tina kai jati, haregana tara tepi ka sok dipépéngkéng, da puguh jati mah geus boga ajén nu ngajamin kana kakuatan jeung kareueus ka nu meulina.
Béda pisan jeung tangkal junti. Numutkeun katerangan dina kamus umum Basa Sunda nu disusun ku LBSS, tangkal junti téh nyaéta tangkal nu taya hargana jeung teu sabaraha gunana.
Ké, ari kecap ‘junti’ dina éta paribasa, nya ka mana brasna atuh? Tangtu wé, mun niténan éta paribasa mah, tangkal junti téh jadi gambaran pikeun sagalarupa hal nu aya di luareun wilayah kasundaan.
Hartina mun kitu mah salian ti Sunda téh atuh taya gunana pikeun kahirupan urang Sunda? Naha éta paribasa téh nandakeun yén urang Sunda teh superior? Leuwih luhung tur leuwih luhur martabatna jeung nu lain Sunda?
Ah, urang teu kudu boga sangkaan kitu. Nu dimaksud ku kecap ‘junti’ dina éta paribasa mah tangtu waé naon rupa hal nu teu pati aya gunana pikeun urang Sunda. Da kapan guna keur batur, can puguh mangpaat keur urang. Komo deui da maksud ieu paribasa mah leuwih neueul kana masalah rasa, kana masalah nu adek jeung batin urang Sunda. Nu matak éta paribasa téh sok diucapkeun pikeun ngagambarkeun kahariwang sangkan rasa kasundaan nu geus nyangkaruk dina batin urang teu kasilih ku saniskara nu bisa ngalantarankeun urang leungit kareueus salaku urang Sunda. Kapan cenah ceuk nu sok ngucapkeunana, “Ulah tepi ka jati kasilih ku junti…”
Tapi naha enya urang téh masih kénéh reueus jadi urang Sunda téh? Ieu patalékan tangtu teu bisa ukur dijawab kitu waé, da naon waé jawabanana can tangtu bisa ngawakilan tiap jalma nu lahir jeung hirup salaku urang Sunda. Da mun seug disebutkeun masih kénéh reueus, bisi patojaiah jeung kanyataan. Pan tong boro tepi ka apal kana bubuk leutikna urusan budaya Sunda, upamana, dalah nyarita ku basa Sunda gé réreana mah bangun nu geus haroréam. Pajarkeun téh nyarita ku basa Sunda mah hésé, sieun salah, sieun disebut ‘teu gaul’, antukna tiap nyarita sok ku basa Indonesia baé.
Urang tangtu teu bisa langsung kitu baé nyalahkeun maranéhna, nu nyebut hésé nyarita ku basa Sunda, atawa nyebut sieun disebut teu gaul. Kaayaan nu lumangsung di sabudeureun jeung dina hirup kumbuhna urang Sunda, geus réa nu matak ngajauhkeun urang Sunda jeung basana sorangan. Sedengkeun kapan basa téh salah sahiji poko utama nu bisa dipaké ukuran nanjeur jeung tumpurna budaya hiji sélér bangsa. Dina basa baris ébréh jati diri bangsa, jeung dina basa baris kaguar ajén budaya hiji bangsa nu mibanda éta basa.
Di antara nu geus milu ngajauhkeun urang Sunda jeung basana, teu bisa dipondah deui di antarana téh nyaéta média massa. Urang Sunda, salaku bagian ti nasion Indonésia, dina pajamanan kiwari geus kakepung ku rupaning média nu méh kabéh maké basa Indonesia, tur éta média téh geus jadi bagian tina pangabutuh sapopoé urang Sunda. Ari média massa téa kapan pangaruhna teu wungkul ngaliwat kana pancadria urang sabot urang nyanghareupanana, tapi deuih sok maseuk kana uteuk, nyosok jero mangaruhan sikep jeung gaya hirup urang saréréa. Televisi nu dilalajoanan, radio nu direungeukeun, koran nu dibaca, méh kabéh ngagunakeun basa Indonesia, jeung arang nembrakkeun hal-hal nu bener-bener dipikabutuh ku urang Sunda sangkan wanoh kana budayana. Nu matak teu ngabibisani mun urang leuwih loma jeung basa Indonesia tibatan jeung basa Sunda. Katambah deuih basa panganteur di sakola gé lain ku basa Sunda, ari lain dina jam pelajaranana mah.
Leuwih ripuhna deui, dina basa Sunda téh aya nu disebut undak usuk basa. Tah, ieu pisan nu matak rieut téh deuih. Panta-panta basa nu ku kolot-kolot urang diaku kalayan agul yén éta téh ciri luhungna basa Sunda. Kapan geus jadi kabiasaan di urang mah, kolot nu apal kana undak usuk sok resep nyalahkeun barudak ngora nu nyarita ku basa Sunda tur ceuk maranéhna salah da teu surup jeung aturan undak usuk téa. Antukna barudak nu harayang nyarita ku basa Sunda téh lain kalah pok, tapi kalah murengked da sieun salah téa. Padahal mah mun dijujut ka jauhna, dina basa Sunda mah euweuh nu disebut undak usuk téh. Basa Sunda nu dipaké ku karuhun urang ratusan taun kalarung sipatna démokratis, égalitér.
Upamana mun urang niténan naskah-naskah kuna, kayaning “Carita Parahiyangan”, naskah ti Jaman Pajajaran, abad ka 16, nu dirékontruksi ku Atja dina taun 1968. Dina ieu naskah, basa dina paguneman nu dipaké boh ku raja, patih atawa ku batara, katut somahna, éstuning satata. Euweuh nu disebut panta-panta basa.
Undak usuk téh sabenerna datang ti Jawa, dibawa ku Mataram basa ngéréh tanah Sunda, taun 1621 – 1705. Jadi lain produk budaya urang Sunda. Ceuk Iwa Lukmana, dosén FPBS UPI Bandung, dina éséyna nu dimuat ku Cupumanik No. 30, aya sababaraha alesan nu ngalantarankeun undak usuk basa diparaké tur dimekarkeun ku urang Sunda (ti) jaman harita. Kahiji, kaom ménak Sunda nu harita jadi panaklukan Sultan Agung boga anggapan yén undak usuk téh mangrupa alat nu ampuh pikeun nandeskeun kakawasaanana jeung miara gaya hirupna nu féodal. Kadua, harita ménak Sunda boga anggapan yén produk urang Jawa téh, kaasup undak usuk basa, dianggap luhur ajénna ku maranéhna. Malah lain wungkul undak usuk nu diadopsi ku urang Sunda téh, tapi ogé kaasup produk budaya séjén kayaning tembang jeung dangding. Katiluna, diadopsina undak usuk ku urang Sunda téh jigana dideudeul ku para pangagung Mataram. Ari sababna, maranéhna pisan kapan nu pasti bakal narima basa anu panglemes-lemesna, kaasup laku tatakrama séjén, samodél nyembah. Ieu kabiasaan téh nya tangtu milu nguatan kakawasaan maranéhna di tanah jajahanana, di lembur urang harita.
Tangtu wé, undak usuk téh bisa disebutkeun produk jaman féodal nu sabenerna geus teu manjing hirup dina alam démokrasi kiwari. Kasebutna urang téh geus jadi bangsa nu merdéka, tapi dina kanyataanana réa kénéh urang Sunda nu keukeuh ngeukeuweuk nganggap jimat kana budaya warisan penjajah. Kaasup undak usuk basa jeung sikep popoyongkodan, heurin ku létah dina sakalieun rék nyarita, sikep sadaya-daya, kumaha gamparan, sumuhun dawuh, jsb, nu salila ieu masih kénéh sok ditémbongkeun ku urang Sunda.
Moal enya rék kitu waé mah urang Sunda téh? Iraha beuntana?
Heueuh. Mulang deui kana tangkal jati dina paribasa di luhur. Asana bet kalah jadi ningnang mun urang ngakukeun tagog lir tangkal jati, ari sikep masih kénéh miyuni jukut rihut. Geus waktuna urang Sunda ajeg dina kuda-kuda nu tanggoh pikeun ngayonan saniskara nu matak ngancurkeun ajén kasundaan. Ulah ngan ukur nataran kahariwang jeung kahoncéwang inggis jati kasilih ku junti, tapi teu jeung prakna némbongkeun kareueus urang salaku urang Sunda. Geus waktuna urang Sunda némbongkeun wewesén-na, sangkan turunan urang kabawa reueus jadi urang Sunda. Da meureun kahareupna mah kaayaan dunya téh bakal leuwih ngabelesat majuna ti nu keur kaalaman ku urang ayeuna. Jaman kasajagatan (globalisasi) nu hamo bisa dipungpang tangtu bakal gedé pangaruhna tur bisa ngarungkadkeun tangkal jati nu aya na mamaras rasa urang, mun teu ti ayeuna diipuk tur dipiara ku tarékah nu daria, sangkan wedel jeung tanggoh akarna. Cara ngipuk jeung miarana nya urang kudu leuwih deukeut jeung leuwih wanoh kana ajén inajén kasundaan. Boh ngaropéa nu nyampak dina budayana, boh ningkatkeun saniskara ajén kahirupan dina sagala widang, sangkan urang saeutikna bisa satata jeung bangsa nu geus kasebut maju.
Urang Sunda mangsa kiwari masih kénéh (réa nu) hirup dina dunya paradok. Jiga tadi téa, ongkoh ngaku bangsa nu luhung, tapi sok teu payaan mun nyanghareupan budaya deungeun nu dianggap leuwih hurung-hérang tangtunganana. Ngaku boga sikep silih asah silih asih silih asuh, tapi dina kanyataan sok resep silih réngkas jeung papada urang. Hal ieu pisan jigana nu ngalantarankeun urang Sunda teu réa mibanda préstasi nu pikareueuseun, dibanding jeung sélér bangsa séjén nu geus bisa ngangseg tur tepi ka nanjeurna di tataran nasional. Utamana dina widang pulitik jeung pamaréntahan. Da dina widang séjén mah urang téh teu éléh jajatén ku nu séjén. Teu matak pikahariwangeun teuing. Upamana dina widang kasenian. Najan réréana itikurih sorangan, meres késang jeung tanaga tur teu mikiran untung rugi matéri, réa seniman boh nu bagerak dina widang seni Sunda tradisi, boh seni Sunda kontémporér, nu geus némbongkeun gawé rancagé jeung préstasina.
Lian ti éta, nu matak reueus téh kiwari geus mimiti ngaruniang deui inohong-inohong nu misono guluburna deui lemah sarakan. Di daérah-daérah marucunghul organisasi-organisasi kasundaan. Upamana nu dinawaétuan ku Bah Darja saparakanca di Dangiang Sunda Pakidulan, Tasikmalaya. Atuh di puseur dayeuh, upamana di Bandung, kiwari mimiti renung pepetétan media massa nu eusina leuwih nyoko kana kasundaan. Contona tv-tv swasta nu ngajagokeun acara-acara seni Sunda, nu cenah rétingna teu éléh ku acara-acara nu biasa disiarkeun ku tv swasta salila ieu. Malah kapan ayeuna aya ‘Koran Sunda’. Surat kabar harian dina Basa Sunda. Surat kabar harian kadua di tatar Sunda sanggeus ‘Sipatahunan’ nu geus almarhum puluhan taun katukang, jeung surat kabar harian nu ngan hiji-hijina dina basa daérah di Indonésia mangsa kiwari.

(hanjakal, waktu tulisan ieu dikana blogkeun, Koran Sunda geus taya dikieuna…)
Jadi meureun ayeuna nu pantes disebut nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama nguniangna deui Ki Sunda téh. Atuh urang gé ulah tinggaleun, ulah teuing ngukut kahoncéwang, bisi mopo méméh prak. Mending urang nganawaétuan deui, madakeun léngkah babarengan dina jalan nu geus ditaratas ku karuhun urang. Karuhun nu geus ‘nitipkeun’ banda rumateun, sangkan nepi tur bisa nerus mangsa jadi kareueus turunan urang saterusna. Tangkal jati nu tumuwuh na batin urang saréréa téa. Enya. Mun éta banda dirumat ku sikep jeung tarékah urang nu daria, piraku Ki Sunda teu moncorong deui pamorna. Prung, ah!***

1 April 2006

Iklan

About nazarudin azhar

urang sunda pituin

Posted on 9 Januari 2008, in Ngabako. Bookmark the permalink. 2 Komentar.

  1. Asswrwb.
    Sampurasun.
    Alhamdulillah, gening aya keneh nu rajin nyerat kasundaan. Emang teh urang Bandung nu nuju ngumbara di peuntaseun Jawa gaduh budak tilu tos karolot, ngan nu bungsu mah karek kelas 6 SD. Nitenan seratan alo Nazarudin, meni reueus pacampur sedih anu tungtungna bingung sorangan, utamana mikiran “undak usuk basa sunda”.
    Eta seratan alo teh ninggang pisan kana pangalaman Emang. Barudak emang nu dua lahir di Bogor anu basa sapopoena basa “sunda kasar”(???) , sedengkeun kolot emang nganjrek di Garut nu undak usuk basana beleger dipake. Kulantaran ngarasa sieun bisi wae barudak mun cumarita jeung ninina, uana, emangna, jsb. matak pikaeraeun make basa “sunda bogor”, nya barudak teh ku emang dicarek nyarita make basa sunda, jadi sina mamalayuan bae. Antukna, da nepi ka ayeuna jigana teh teu ngarti sakecap-kecap acan basa sunda teh lo!boro-boro kudu jeung ngomongna. Tah! sanggeus maca tulisan alo “jati kasilih ku junti” dina ieu rohangan, emang jadi ngarasa jelema nu kaasup ngabogaan anleh nyilih jati ku junti tea lo!, anu leuwih cilakana! emang disakolakeun ku bapa teh ngahaja ka SMA Pasundan Bandung nu di Jalan Balong Gede tea, tukangeun bioskop Dian, maksud bapa supaya bisa neuleuman kabudayaan jeung kasenian sunda. Kacida pisan emang teh ngarasa kaduhung sagede gunung nu panggedena di dunya, naha make kudu nyarek make basa sunda bogor ka barudak emang sorangan?????????????

    Nuhun lo, sok nyerat deui sing rajin. Emang jadi asa kahibur di pangumbaraan nu geus leuwih ti saparapat abad.
    Eh enya hilap, bahan-bahan bacaan nu jiga kieu teh ku emang sok dipake bahan “obrolan” dina acara Sunda di RRI Samarinda, emang pangasuhna sok sanajan lain pagawe RRI oge, resep lo! najan teu dihonoran oge.

    Wass

    Mang Ayi – Samarinda

  2. Haturan Mang Ayi, di Samarinda.

    Alhamdulillah upami ieu seratan tiasa kaaos ku Emang, kalayan tiasa aya mangpaatna. Insya Allah, ka payunna ieu blog baris dipepekan deui ku seratan nu sanesna, sasieureun sabeunyeureun manawi aya mangpaatna utamina kanggo ngaraketkeun silaturahmi antawis sim kuring sareng kanca nu aya di mana wae, di sakuliah dunya.

    Kalintang reueusna sim kuring, waktos terang Emang gaduh acara di RRI Samarinda. Mugia wae sing teras nanjung acarana, sing langsung seueur pamiarsana. Tangtos kana diantos-antosna ku urang Sunda nu aya di pangumbaraan, di sabudeureun Samarinda. Wilujeng Mang. Salam baktos ti sim kuring di Tasikmalaya. Mugia urang sadayana aya dina ginanjar kawilujengan salamina.

    Wassalam.

    Naz.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: