Jodo jeung Sambel

Jodo jeung Sambel
Nazarudin Azhar

Sok remen ngadenge, bareto keur budak, cenah neangan pipamajikaneun teh kudu nu ngeunah sambelna.
Ingetan uing mun ngadenge kecap eta teh sok ras we kana coet, mutu, jeung sambeleun sapuratina. Di pilemburan mah, heueuh, sambel teh estuning piguran nu teu meunang absen pikeun marengan pamaen utama, nyaeta kejo haneut jeung peda beureum atawa kere jaer jeung sabangsana ti eta. Tangtuna ge kudu jeung lalabna. Tapi biasana mun uing, keur budak, milu nganteuran boh ka kebon boh ka sawah, tara dibawa ti imah lalabna mah. Tapi sok ngadadak ngala di tempat gawe.

Teuing kumaha da, sainget asa rupa-rupa pisan nu kungsi dijieun lalab teh. Mun keur ngoyos kebon atawa ngored, nu remen kapanggih teh reundeu, jonge jeung sabangsaning ’jujukutan’ nu paroho deui ngaranna, nu jadi ku karepna kalayan teu matak weureu. Teuing kumaha da, rupa-rupa pisan nu biasa dilalab di kebon teh. Pucuk daun nangka atawa cau rejang atah nu kakarak eusian, can kolot pisan, sok rajeun jadi coel sambel. Ka alpuket-alpuket asak dijieun lalab. Edas. Eta mun keur ngagawean kebon. Mun keur ngarambet atawa ngagemuk pare mah, biasana saladah atawa antanan nu sok jaradi na galengan sawah. Ari daun sampeu, daun gedang mah dibekel ti imah da kudu diseupan atawa dikulub heula. Malah pan di buruan imah ge najan saeutik lahanna, mun nu boga imah rapekan sok nyieun wadah tina aseupan butut, ditihangan ku awi, dipelakan leunca, terong atawa lalab lianna.
Estu tara susah, mun hayang ngamalkeun saran ti Pa Unus Suriawiria dina perkara mengkonsumsi lalab teh.
Sambelna deuih rupa-rupa. Sambel tarasi, sambel cikur, sambel oncom, sambel suuk, sambel kelewek, sambel kecap, sambel petis, sambel tomat, jrrd. Disaluyukeun jeung jenis lalab nu rek dihareupan. Malah pan mun di dapur ukur aya uyah jeung cengek, jadi sambel goang. Tetela, sambel teh geus dalit pisan jeung selera urang Sunda, utamana nu hirup di pilemburan.
Jadi imajinasi teh ukur tepi ka dinya mun ngadenge kolot nyarita kitu teh. Biasana ka anakna nu lalaki nu geus menter beger. Malah sakapeung sok aya tuluyna na pikiran, meureun jiga ema uing atawa Bi Nining tukang warung nu memang pinter nyambelna, nu kudu diteangan keur pipamajikaneun teh.

***
Rada ka beh dieu, sanggeus rada sur-ser hayang geura boga batur hirup, kapikiran deui tah kekecapan kolot baheula teh. Enya kolot baheula, da kolot ayeuna mah sok sahinasna, tara ieuh nyarita ku kalimah nu boga harti rangkepan jiga kitu. Arang langka dina ayana ge.
Nu ngeunah sambelna. Cenah. Ras ka anak tukang nasi padang. Kana sambelna. Lain. Teu pas jeung selera sambel eta mah. Atawa jiga sambel ceurikna warung Cibiuk kitu? Nu kungsi mudalkeun cipanon uing alatan ku ladana? Ras ka pagawena. Lain, deuih.
Sambel. Ahirna itu ieu lain. Nu tetela mah, lain sasambel-sambelna, jigana. Bet piraku kolot-kolot baheula nyarita pangangguran pisan, urusan jodo bet dikual-kaelkeun jeung sambel!
Lat we poho. Teu kungsi tatanya ka batur deuih, da ceuk angkeuhan urusan hirup di saluareun sambel ge tetela leuwih matak seuhah karasana. Rea masalah nu kudu leuwih daria ngayonanana. Malah tepi ka prukna pisan kurenan, teu inget saeutik-eutik acan tah kana perkara eta teh. Nu tetela mah jodo diatur ku Gusti. Peun.

Lalakon nu remen kabaca na carpon, novel jeung katenjo na film jeung sinetron, kaalaman. Lalakon nu kurenan, nu pajah sok biasa aya pacogregan. Bungbu rumah tangga tea. Rupa-rupa pasualan boh nu dijajadikeun, boh kajadian nu teu kahaja alatan can hatam maca watek sewang-sewang. Malah sakapeung pan sok rajeun mikir nu lain-lain mun tas ngalakonan adegan melodrama kitu teh. Ngan hiji waktu, nu ‘lain-lain’ teh bet brasna kana…sambel tea.

Pasipatan awewe nu rajeun sok kuraweud haseum, nu sok tembong imut manis, nu sakapeung matak rungsing jeung aral, nu sok… ah, jeung rea-rea deui pokona mah, nu ahirna mah angger we geuning matak nineung, nineung nu sok nyangkeh lengkah mapayan deui rarambat ramat kanyaah tea (diwawaas yeuh kalimah teh. Ehm). Jigana lebah dieu yeuh keunana babasan kolot yen pipamajikaneun kudu ngeunah sambelna teh.
Nyaeta, nu pinter ngolah sagala rupa suasana batin jeung pikiran sangkan jadi hiji ‘menu’ nu matak deudeuieun alatan rasana nu pelem jeung pedo elom! Kumaha we sambel, dina matak seuhahna ge tepi ka pokna sumpah pajar kapok ngadaharna, lah angger we geuning isuk geto ngadahar deui geus leungit ladana mah. Kudu kitu meureun. Kudu nu matak nineung sagalarupana. Rek nu ladana, nu amisna, nu haseumna, nu asinna, malah nu bauna pisan jiga bauna tarasi, ari dipopolahkeun ku nu bisa mah geuning matak mindo, matak poho kana diet. Pagawean nu jiga enteng tapi bangga tangtuna ge, mun eta perkara dilarapkeun kana rasa jeung suasana hate, kana harti nu leuwih jembar dina ngalakonan hirup enggoning ngawangun rumahtangga nu weweg pageuh. Da nu bisa ngolah rasa teh meureun, wanoja nu geus sawawa, nu koloteun pikiranana, nu perceka, nu bisa ngadumaniskeun tiap bab kahirupan rumahtangga katut konplikna sangkan jadi hiji lalakon nu mulus banglus tepi ka tutugna carita.

Heueuh, abong kolot baheula. Nyarita teh teu weleh make ‘seni’.

Lembur, 5 Januari 2004

Iklan

About nazarudin azhar

urang sunda pituin

Posted on 9 Januari 2008, in Ngabako. Bookmark the permalink. Tinggalkan komentar.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: