The History of T.O.

Pikeun para seniman nu jolna ti luar kota Tasik, malah ti sababaraha provinsi di Indonesia jeung ti mancanagara, boh pangarang atawa seniman teater nu kungsi magelaran di Gedung Kesenian Tasikmalaya, kungsi kasuguhan tutug oncom (TO).
Duka ti iraha mimitina, ngan sainget asana ti taun 1996, nyuguhan semah ku TO teh sasat geus jadi tradisi seniman Tasik. Utamana mah saparantos Acep Zamzam Noor al-Hajj, ngersakeun nuang TO tur ngaluarkeun ‘fatwa’ yen TO teh estuning katuangan nu seueur pisan paedahna, utamina kanggo ‘ningkatkeun kecerdasan umat manusia’.
Acep pisan nu mimiti boga pokal sangkan sakabeh tamu seniman ti mana wae nu datang ka Tasik, kudu sina ngasaan TO. Alesanana teh sangkan para seniman beuki cerdas uteukna, kasipuh mata batinna. Kitu. Nya ari alesan nu saenyana mah meureun TO teh kadaharan ngeunah, murah tur ‘merakyat’.
Ari nu jadi langganan teh nyaeta warung TO Ibu Juju, di sisi solokan Cimulu, Komplek Dadaha. Mun suguhaneunana rea, leuwih ti sapuluh urang, biasana sok dibungkus ku petugas nu diutus sina meuli ku Saehu (biasana mah seniman pangjuniorna nu ihlas nawarkeun jasa), tapi mun kurang ti sakitu mah sok diabringkeun ka warungna. Ngan nyakitu tea, warung TO Ibu Juju teh pangkakoncarana. Ti mimiti buka tabuh opat sore, tepi ka tutupna tabuh salapanan peuting, fans beratna teh teu weleh ngagimbung. Jadi memang kudu sabar nagog heula sisi jalan. Antri. Matak ceuk saderek Duddy RS –veteran wartawan Mangle– mah, TO teh salian ti mencerdaskan oge ngalatih kasabaran, cenah. Saha wae nu niat meuli TO di dinya, kudu we barang sapuluh tepika limalas menit mah nungguan diladangan. Anehna teh jalma-jalma sok katembong saroleh. Tara aya nu kadenge humandeuar atawa mamaksa hayang diheulakeun. Estu tartib. Nu datang pandeuri sabar nungguan, nu tiheula pon kitu deui sok terus surti, mun tas dahar rek udud teh tara terus anjeucleu dina korsi (korsi panjang tina bahbir nu ngan aya tilu siki ngariung meja), tapi sok ngolesed mere tempat ka nu lian. Sangkaan urang salila ieu yen cenah masarakat di urang teh geus napsi-napsi, individualis, saheulaanan mah peuyar mun keur aya di warung TO Ibu Juju mah. Rek pejabatna, seniman, pengusaha, tepi ka tukang beca, kabeh ge nembongkeun sikep nu silih ajenan.
Kuring sorangan geus ti taun 1994 sok rajeun dahar di dinya teh. Ti keur harega TO sapiring tiluratus perak (ayeuna dua rebu). Nu ngabedakeun TO Ibu Juju jeung nu sejenna, nya lebah sanguna nu pulen jeung sambelna nu eco. Boga ciri has sewang-sewangan atuh tukang TO ge. Mun nu di gang Pataruman mah ciri hasna teh sambel cikur, nu di jalan Gunung Sabeulah mah make kurupuk udang (bareto, duka dagang keneh si akangna ayeuna mah duka geus henteu), atuh di TO Ibu Juju Cimulu mah sambel tomatna, nu gurih semu amis tea, lian ti tutug oncomna teh.
Sakapeung mah bari ngadagoan di ladangan teh sok ras ka jaman keur budak, keur di lembur usum tigerat.
Bareto, ahir taun 1970-an, di lembur kuring, di Salawu, sangu tutug teh kungsi jadi kadaharan sapopoe. Nu dipake batur sangu dina tutug teh di antarana sampeu. Sampeu apuy nu hipu, rek beunang nyeupan, rek beunang mubuy dina hawu. Pangna sangu ditutug dicampuran sampeu teh, lain pedah selerana resep kana kadaharan jiga kitu, tapi beasna teu kabeuli rea. Malah asana beas tujuh kilo kurang teh bisa cukup keur saminggu didahar ku opat jiwa, da sanguna ditutug tea. Ampir prah di unggal imah kungsi ngadahar sangu nu ditutug jeung sampeu teh. Duka naon kasang tukangna pangna perekonomian urang lembur jaman harita sakitu weritna. Ngan nu rada inget-inget poho teh, di kulawarga kuring, pare meunang nyawah (nu sawahna ngan ukur satapak peucang) teu nepi ka usum panen deui, da hama wereng jeung beurit mahabu ngaranjah pasawahan nu balukarna pare nu kaala ceuk paribasana ngan ukur sacanggeum. Nya ahirna sok kudu meuli beas ka pasar Singaparna.
Unggal poe dahar tutug sampeu, tangtuna ge matak bosen. Urang lembur sok neangan tarekah sangkan beas nu geus diijir sakitu poeeun bisa mahi. Ahirna nya lian ti sok dicampur ku sampeu, sangu teh sok direumbeuy ku cau atawa jagong. Nu sok dipake reumbeuy teh bisa cau naon wae nu geus kolot tapi teu terus dipeuyeum, tapi disiksik sagegede jagong terus dicampurkeun jeung beas nu rek disangu. Waas, sangu teh rupana bodas jeung koneng. Mun ditanyakeun ka indung kunaon sangu teh kieu? Endog nu karoneng teh, sok geura dalahar, kitu tembal indung teh. Matak dahar teh sok kalah beuki segut da cenah sanguna make endog.
Taun 1982 kungsi deuih ngalaman dahar sangu direumbeuy teh. Waktu Galunggung bitu. Pan sawah harita teu gancang bisa digarap da kasaeuran ku lebu gunung. Malah kebon enteh atawa kebon lianna nu jadi panyindekelan hirup sapopoe, sarua ruksakna pikeun sababaraha waktu.
Ari tutug oncom mah asana kabehdieunakeun. Biasana dijieun teh mun keur teu boga duit pikeun meuli rencang sangu.  Da harega oncom mah teu sabaraha, malah bisa nganjuk ka warung bari jeung teu beurat teuing engke mayarna. Oncom nu rek ditutug biasana tara digoreng atawa dipasak jiga ilaharna di warung TO ayeuna, tapi sok dibeuleum dina ruhak na jero hawu. Mun geus asak direndos na coet, dibungbuan ku uyah cabe jeung cikur, terus digalokeun jeung sangu. Ngadaharna memeh dihuapkeun teh dikeupeul-keupeul heula, dicoelkeun kana sambel tarasi. Ngaranna nya…tutug oncom, tara ieuh disunggat-singget jadi TO.
Ayeuna mah beda deui. Tutug oncom teh geus lain kadaharan dina jaman tigerat, tapi geus jadi menu nu boga niley jual. Bisa jadi keur sababaraha jalma mah, TO teh mibanda unsur nostalgis, atawa miboga sensasi nu karasana beda lantaran aya kesan ‘merakyat’ tea. Da mun nenjo di warung Ibu Juju, nu datang ka dinya ngadon ne-o teh rea jalma jegud nu mobilna ngabaranyay.
TO nu hargana teu sabaraha tea kiwari bisa disebutkeun kadaharan nu miboga ajen nu bisa jadi leuwih punjul tibatan kadaharan nu jolna ti pabrik atawa perusahaan gede jiga KFC atawa Mc D. Tiap jalma nu datang ka warung kalayan ihlas merenahkeun dirina satata jeung nu lian. Lain wungkul antara kaya jeung miskin, atawa menak jeung somah, tapi oge antara etnis hiji jeung etnis lian. Da teu kurang-kurang masarakat turunan Tionghoa jeung turunan Arab nu aya di Tasik, nu dina kahirupan sosial jeung bisnisna arang langka pagilinggisik jeung ‘bangsa urang’, di dinya mah pabaur teu nembongkeun saha ieu aing. Atuh ti seler sejen nya kitu deui. Urang Jawa, Batak, Medan, Madura, Padang jeung nu lianna nu bisa dicirian tina lentong ngobrolna, geus dariuk di warung TO mah bener-bener nembongkeun sikep kasajaten selerna. Silih agehan tempat diuk. Unggeuk bari nyebut ‘tipayun’ cenah ka nu acan kaladangan. Estu akur asa jeung dulur najan dina telepisi –kungsi geuning, harita– keur harengheng tawuran antar etnis ge. Atuh wanoja nu tembong udel nu cenah eta teh gaya kota, ngarendeng jeung nu nyantri. Nu ginding teu ragab ngarendeng jeung nu dibaju parawilu. Malah sakapeung sok katembong pejabat boh eksekutifna boh legislatifna, ti kabupaten atawa kota Tasik, ngahenggoy TO di antara mahasiswa. Sakabeh jalma nu datang ka dinya saheulaanan nguculkeun ego-na sewang-sewangan. Jeung nu jadi pameungkeutna teh lain kaos partey atawa ideologi nagara nu remen dijorowokkeun ti luhur munara gading, tapi estu ukur hiji kadaharan kampung nu basajan pisan; Tutug Oncom.*

Nazarudin Azhar. Lembur, 30 September 2004

Iklan

About nazarudin azhar

urang sunda pituin

Posted on 28 Agustus 2007, in Ngabako and tagged , , . Bookmark the permalink. 3 Komentar.

  1. asa hoyong emam TO . . .

  2. artikel menarik, kang!

  3. simkuring kenal caket sareng akang tapi ongkoh akang sedep kana TO asa can pernah nyuhunkeun oncomna ka simkuring ( Kang Tomtom Tukang Oncom ti Ampera

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: