sajak sunda nazarudin azhar

saab

kuring rek miang ka saban kajadian, ceuk anjeun.
Jentreng kacapi geus direnghekkeun jempling.
Tur na palebah awak kuring nu teu sapinuhna bisa
dikawasa, renghik anjeun masih remen nyaliara.
Pitapak nu ditaheunkeun di saban tetelar
ukur ngelunkeun saab katineung, jeung saban detik
nu ditilar nguyumbangkeun kesang saparat ranjang

dina albeum heubeul tur kosong, beungeut-beungeut
urang dibalatakkeun kahayang nu teu pernah sawirahma
jeung gorowok usum katiga. Saparo nyawa kuring
ngambang na jero gelas, sedeng pikiran lir botol
nu ngangkleung di paul laut; arakna mudal
terus sirna na galura tan watesan

di dieu, akar-akar beurang ngarambat
na kornea panon kuring. Tina combrek tetenjoan
kakayon numuwuhkeun sirung nu terus
dipites-piteskeun peuting. Taya deui kalimah
nu bisa dikedalkeun ka sakur pigura nu gumeter.
Gambar leuweung jeung lukisan-lukisan pamandangan
ngarenghatkeun dirina sorangan sabot sakabeh dingding
ngajadi bagian waruga kuring, tur sarebu tatu
ditatah pikeun sapada hariring liwung nu manjang

2004

agustus

agustus ngelun tina hio sesa umur
nu diseungeut di gigireun lilin takdir.
Seungit malati ngahejokeun kalangkang
na gigir lomari baju. Sedeng sataranjang
awak anjeun masih keneh humarurung jero eunteung.
Tilupuluh lilin beureum ukur nyesakeun areng sumbu
nu ngotoran juru kamer, tapi anjeun
masih miharep caangna

wilujeng tepung taun! Dina layar monitor 14 in
nu pireu, nu katembong ramat lancah,
tapak ngenget na keretas, tulang-taleng kecap
nu bobor karahayuan memeh tandang makalangan
tina panon kana biwir kana hate deungeun-deungeun.
Agustus terus ngelun dina hurung pameakan.
Ti Agustus ka Agustus nutus kiray kekecapan
nu ngalakay memeh ngompet jadi hateup pisaungeun.
Batin nu midangdam pangreureuhan
ditangtang panas jeung hujan

wilujeng tepung taun! Pamajikan jeung anak anjeun
ngagupay tina rangkay katumbiri. Di sajeroeun diri,
anjeun ngarasa taya deui nu miduli,
lian ti geter nahnay nu haben ngitung kasangsri

2004

surawisesa, hiji mangsa

sabot urang pacekel leungeun, kakayon
nu akarna pasolengkrah boa geus mangpuluh taun
jadi wujud kapireu urang. Ti detik ka detik
nyaksen sareupna nu haben ngawihkeun kangen,
tempat impian diwangun jeung diancurkeun

lukut-lukut hideung, karaha pager satapak jalan,
lir keur nyirian renghap simpe nu nguniang
tina saban adekna wangkongan urang.
Langit masih keneh nyesakeun warna magenta,
jeung na sesela urat-urat cahaya nu beuki ipis,
sakur nu teu kataker ungkara, ngingkilaban di jauhna

kuring keur ngimpleng tegalan,
ngalelebah lendona lemah pikeun melak kayakinan
na sakujur batin anjeun. Girimis ti poe sejen
bakal tumiba, tur peuting-peuting
nu dihumuskeun mangsa baris ngemplohkeun kebon
atawa leuweung, tempat kasatiaan tinemu
jeung nu kungsi kaapilainkeun. Najan hirup
bakal tetep jadi kalang
pikeun urang nu hamo rengse ngukir angin

2004

blue moon
keur Peppi Kamadhatu

kamadhatu, kapireng galindeng anjeun.
Tina lebah pakentringna kembang-kembang kaca
nu keur alon tingkalayang na pasampangan implengan.
Gerendeng laweung padalisan blue moon
lir anggur nu ngan tinggal saregoteun
na karaha cangkir tineung. Rambatkeun eta sora piano
ka tempat nu dirusiahkeun ku nu maruja kaendahan;
maranehna nu keur nyaring na urat insomnia kuring.
Ka lebah jalan di luareun geunteul kaca jandela,
janari geus ngalung-ngalungkeun dadu
tina saban tungtung lagu, nu terus jadi kaulinan
saban kereteg nu keur laweun.
Beungeut-beungeut mojang nyicikaan
sedong-sedong birit kota, dadu muntir
tina kelet kana rindat kana saurat-urat sungkawa

meureun hirup ngan saheotan saksopon
di tiap bar nu teu bisa mere janglar.
Kuring masih keneh kudu ngitung cacaang lampu jalan
jeung tikungan nu hamo bisa kajumlahkeun,
saacan nepi deui ka ieu kamer memeh hujan

2004

jalan urang

jalan rumpil teh anu urang, Jikan.
Nu sok remen mere lewang lebah lungkawingna jungkrang.
Nu sakapeung mere nineung sabot bruh-breh
jalan heubeul nu geus kungsi kaliwatan.
Jalan netek nu ngajak lengkah ka jauhna.
Kumareumbing urang muru penclut pasir
nu tetela lain pasir pangahirna. Kalan-kalan
na rumpilna urang manggihan deui luang nu baheula,
nu sok remen kasampeur na obrolan nu teu pira

nyorang mongkleng mongkleng nu urang.
Nyorang caang caang nu urang. Na asih nu ngingkilaban
sok katembong pilampaheun. Najan teu kudu nyoara,
pan geter teh ngan angger eta-etana.
Nu masih keneh neba ku kaguligah, nu kalan-kalan
nyampalankeun kaseunggah. Tapi pan eta hirup nu urang.
Nu huripna karek tiba ngalangkangan.
Banda urang nu teu kudu diagulkeun,
aya na euweuh nu diheueuhkeun.
Dina seuri dina surti. Dina rasa
nu teu perelu dilisankeun

2005

Iklan

About nazarudin azhar

urang sunda pituin

Posted on 14 Agustus 2007, in Puisi and tagged , , . Bookmark the permalink. 2 Komentar.

  1. Sok rada hese ngait JIKAN sapagodos jeung urang, dibawa kana jalan nu keur disorang, atawa malikan deui jalan rumpil anu kungsi kaliwatan, lebah antara kahayang, tekad jeung profesi jalana sewang-sewangan, tungtungna pabuis cara pribados, bati kabita ku kang Nunu, Kang Nur, hanjakal sorangeun kuring tarahal pisan, nungguan pangsiun kitu?

  2. Leres pisan Kang. Ieu sajak diserat saparantos sim kuring tilu taun kurenan hehe. Harita, nembe tilu taun…duh…

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: