Arsip untuk Kategori 'Sajak Heubeul'

sajak-sajak heubeul

NU TIBELAT

geus anjog nu tibelat
ka hareupeun lawang nu kungsi nundung
beungeut-beungeut nu someah
hibar deui na angen-angen

kungsi teu silih takon
jeung usum, kungsi jadi tangkal
nu mugurkeun daun, kungsi jadi simpe
nu patelak jeung gedur jajantung
silalatu mumbul tina durukan halimun

anjog deui ka poe kamari
disawang ti tempat anggang
beungeut-beungeut someah ukur geter angin
nu nebarkeun kalimah panjang
satungtung labirin kingkin

UMUR

lolongkrang peuting peupeuntasan angin
lolongkrang beurang diambah wilangan
umur nu teu weleh kingkin
sabot mireng panggero nu ngajauhan

TUTURKEUN

tuturkeun ka mana suku nya ingkah
nuturkeun kalangkang wayah
tenjokeun saha nu tiheula nanya
sabot nunggelis ilang raga kumawasa