Arsip untuk Kategori 'Puisi'

keur widya

image1tina panto kaca, urang angger teu bisa norah saha deui nu baris ngalalar di jalan. naha jalma saliwat, atawa nu geus puguh wawuh. atawa nu kungsi datang terus nawarkeun bangbaluh.

salasa teu beda jeung poe sejen, sanggeus hujan remen uluk salam, terus ngamparkeun tirisna. di buruan katembong keneh cileuncang katut daun usum nu muguran. jadi tatapakan pikeun sakabeh ingetan nu ngajak lunta, mireng celak cahaya di hujung jalan pangjauhna.

lawung teh ngan sabengbatan. embohna ukur hate nu haliwu, diajak ocon lamunan ti poe nu hamo bisa kalarung.

9 juni 09

Puisi Nazaruddin Azhar nu Sanesna

Cikaracak

cikaracak tina juru mata poé
ninggang batu dina lungkawingna haté
laun-laun jadi hélok, mireng nu sakapeung nalék
naha rék sabara abad, sangkan cinta léah sujud?

deuh, sukma nu ngamangandeuh
na landeuheun lilinduh jalan satapak
nu ditaratas karuhun

leuh, poma tong nabeuh bangbaluh
saban reureuh léngkah keuna ku pitapak
balas meungpeun ku paralun

teu kaci teu wani
surti mah sok pasinikeun

teu naha teu naon
sono mah geura tohonan

2006

Gerendeng

kana pencrong nu kapelong
sakapat wanci ngaléong

langit lir lautan sora
tapi kekembangan nu heubeul geus jadi rampé
katalimbeng deui di kebon simpé

taya isarah
taya

ukur gerendeng nu maneuh
di luar sungkawa

2006

Cinema Paradisso

dunya bakal terus robah, Alfrédo
jiga saban adegan na sahunyud séluloid
nu ngalangkangkeun rupa jeung sora
sanggeus kasorot cahaya

lalakon hideung bodas
nu bisa beueus ku lawas
pias sanggeus sakolébat nyacas
lir katineung na lening peuting
méméh bala ku rupaning carita
na poé anyar nu masih kénéh tumiba

hirup nu kudu ditaker ku kasurtian
bakal tetep ngamalirkeun aworna ceuceub jeung héman
dina moral carita nu salawasna robah
na layar panénjo urang

2006

Wahangan Waktu

pahareup-hareup jeung hirup
nu can kaheurap huripna
wahangan waktu
mungkas séah jero dada

tatu batu céda kula
leuwi diparak asihna
ti ditu dikeprak suka
kawihna nalék nu sirna

aya jeung euweuh
silih bagéakeun galeuh
sabot mulang ka melangna
nu langgeng ngajirim kula

2006

Sabot Tepung

sanggeus sakabéhna kedal
jadi arak nu mudal tina gelasna
nu tinggal saukur botol nu harapa dina dada

musik nu milu ngusikkeun kasono urang
teu kungsi nepungkeun
naon nu keur dipimelang

ukur simpé nu demit
sésélékét dina késétan biola
lir wawakil hiji sora
nu leungit tina wirahma

2006

Kasuwung

manéhna terus miharep aya nu ngaliwat
tur nyimpangkeun imutna. Padahal cikénéh téh pamit
tapi, ké lanan, pokna terus melong deui umpalan halimun
nu bedah tina saban juru taun. Taya sasaha. Malah angin
nu sok nyalingker dina sesela pager, pan angger taya jirimna
bari nahan kahanjelu sanggeus saban peuting nyaring
manéhna terus mulang kana urat panon kuring

ayeuna nya kuring nu panasaran, mindeng nyebutkeun ké lanan
bari nénjokeun kasuwung nu geus neureuy sakur jalan

2005

Sora

pasemon nu ngaboéhrarang melong kakosong
di satukangeun tulang iga. Jangjang simpé ngeleper
kakubeng guruwung dada. Aya rasa nu ngeprulkeun karahana
aya manuk ngelak ti hiji munara sora. Walungan-walungan anyar
mubus kana lipetan waktu sabot sakabéh séahna
ngelun jadi saab nu kulawu

di darmaga pangimpungan sakur kalangkang
mangrebu lagu nu kungsi kahariringkeun
ukur jadi sapada nu kabaca dina urat angin tineung
peuting ngalambak gumulung, nyéblokkeun teuteupan anjeun
kana patelakna sora nu nolak jeung ngabaeukeun

2005

Puisi Nazaruddin Azhar

Poé-poé Kalarung
:Tori Amos

kukupu nu ngabrul tina pigura bodas
jangjangna raca ku denting piano kayas
jadi sabubuhan poé-poé kalarung
nu meuntasan leuweung pangpung
sabot dina rumbay rambut anjeun
1000 kalakay miharep dipuisikeun

hawar-hawar nu cunduk ti riuk usum
lir madakeun alum sora na rangkulan geter bulan
nu ngajangkari na lénglang kasurti langit
sanggeus simpé karadak ku lukut nahun
sanggeus taya deui eunteung pikeun nu nyungsi laratan

da horéng wirahma anyar
nu ngaweuhan dina umur sésa lampar
ukur kelir nu mindingan tapak céda
na sakujur cinta nu geus teu majar kumaha

2006

Sanggeus Kapalidkeun Angin
: Sarah Brightman

di hiji musieum
leungeun anjeun robah jadi lilin beureum
ngusap peteng nu sumerah
ka cahaya nu nampanan kaguligah

sakabéh sarah sanggeus kapalidkeun angin
ukur tiba ka muara nu saat walunganana
implengan beuki jauh tina lambak pangbagéa
ngahunyud jadi sakadar catetan
ladang nyungsi impian teu kasurahan

ti hiji musieum
maridang deui dalingding puisi tingtrim
sanggeus peuting di luareun ieu sukma
ukur jempling nu geus leungiteun sihirna

2006

Hiji Albeum
: Joan Baez

potrét-potrét burem hiji albeum
lain jandéla bukaeun mangsa kapahung
sanggeus tineung ngajak lunta nikreuhan tarahal jalan
nu terus nanjak bangun leungiteun pudunan

haleuangkeun deui tapi lain lagu tamba
najan mangabad kasimpé
bisa rubuh ku ngan sajentréng wirahma
seuneu urang aya na pirunan sora
nu mampuh meruhkeun haté
nu mindeng sungkan tamada

2006

Rangrang Kamelang
: Rita Tila

dayeuh bungur pamiangan
ayeuh ku sagulubur héman
sora saha nu sumambat
ti hiji tabet sabot témbong katumbiri
nu kungsi dalit jeung niat
raket dina sakarémbong wanci

tapi lalakon, welit kapisahkeun jalon
sakelir tapi da béda suhunan
saban lilir kasepi misah wangunan

mending sapih saméméh ajal rumekah
ulah nolih sakabéh awal kapeurih
hiji dungus mun téa mah diiwalkeun
ukur humus keur leuweung sapandeurieun

2006

*Rangrang Kamelang, judul lagu ciptaan Nano S

Kota Katuna
: Jewel

kota katuna, kota pinuh ku momonés
nya di dinya, simpé téh remen kaderes
sabot leumpang mipir jungkrang
rembet ku lampu baranang

héab anggur direkéskeun jadi dunga
keur maranéhna nu ngawangun ieu surga
tempat urang kapaksa jadi jarum jam
dina pamuiran rasa nu béda jeung nu diajam

ka lebah datangna peuting
nu lawas ilang sarina
lir wanoja geulis tapak ngaropéa
anjeun mindeng ngahariring
sangkan petétan teu sirna
dirérab héab katiga

kana ranjang nu ngan saukuran awak
galindeng téh sakapeung lir nu nyasaak
sakebét tresna dina surat tan alamat
dina dada nu geus heubeul teu karumat

2006

Halaman Berikutnya »