Setrés

KUNGSI aya nu méré tatarucingan. Hésé mana ngagambar kuda jeung ngagambar jurig? Tah, jawabanana téh, tangtu hésé kénéh ngagambar kuda, lantaran méh kabéh jalma apal kumaha ari kuda, jadi mun teu jiga téh gampil nyawadna. Ari ngagambar jurig mah bébas, kumaha aing wé, da moal aya nu nyawad. Mémangna saha nu apal kumaha ari jurig? Jadi kuma karep nu ngagambar wé. Da sanajan dina pilem jurig téh teu weléh digambarkeun cawigwig pikagilaeun, atawa awéwé pias nu buukna teu weléh ngarumbay panjang tur panonna dibuleudan hideung gé, da éta mah ciciptan. Bébas.

Tapi, heueuh, abong pangaresep jalma, teu sarua. Réa tétéla nu resep ka nu karitu téh. Geura, ceuk béja, nu sok ngunjal (ngadonlod) gambar jurig pikeun hapé téh réa pisan. Nu matak sok beuki mindeng diiklankeun geuning. Éta, nu sok diimplik-implikkan: ketik REG spasi Hantu, kirim ka nomer saanu, cenah, dipirig ku sora nu tingcikikik.

Sanajan sakumaha majuna téknologi, tétéla, teu matak ngaleungitkeun perkara nu sipatna tahayul. Samalah teknologi nu bisa jadi cicirén kamajuan jaman téh dimangpaatkeun pikeun nganteur karesep kana hal-hal nu sipatna tahayul téa. Upamana pikeun nu resep kana nu bau-bau alam gaib téa. Nu jadi pakakasna, nya salah sahiji barang hasil téknologi, nyaéta hapé téa.

Pikeun nu hayang beunghar ngadadak, tinggal miluan kuis. Ketik rég spasi jawaban. Harega sakali ngirim SMS duarébu pérak. Tur kudu ngirim paréa-réa. Leuh, temahna mah naon bédana jeung judi!

Lain wungkul kitu, pikeun nu resep norah nasib pikahareupeun, atawa ngaramal nasib, kapan bisa ngaliwatan nomer hapé nu disadiakeun propaider. Remen pan katénjo na tipi, ketik rég spasi mama, atawa spasi primbon, kirim ka nomer saanu…

Dina dunya bisnis, jigana hukum agama téh sok remen diapilainkeun. Da euweuh wawaran jiga peringatan dina bungkus rokok atuh. Pan dina roko mah aya peringatan pemerintah téa, yén ngaroko téh matak ngaruksak jajantung, bisa nimbulkeun impoténsi jeung lian ti éta. Dina iklan nu karitu mah taya peringatan nanaon. Padahal kuduna aya, nya. Upamana: Percaya pada ramalan nasib bisa merusak keimanan anda! Kumaha tah…

Ceuk dina harian Kontan (12/8), nurutkeun hasil surpéy AC Nielsen Media Research Indonesia, ngeunaan balanja iklan hotline service, party line, horoskop, jeung sabangsana, naék tepi ka 81 persén salila seméster I-2008, dibanding taun saméméhna.  Mun diduitkeun pangajina Rp 19,56 trilyun! Ceuk éta koran kénéh, pangna balanja iklan nu karitu ngajaul jumlahna, lantaran layanan SMS modél kitu keur meujeuhna payu. Ku naon pangna payu? Masarakat keur réa nu setrés terus néangan panglipur tina layanan SMS!***

0 Tanggapan ke “Setrés”



  1. No Comments Yet

Tinggalkan Balasan