Basa Sunda di Radio

Kamari ieu, aya sobat nu nyarita, pangna barudak ngora teu pati resep nyarita ku Basa Sunda téh, lantaran Basa Sunda (BS) dianggap basa kolot, teu gaul. Sok wé déngékeun, cenah, dina radio. Acara nu maké BS téh, boh iklan, boh siaran, rata-rata penyiarna geus kolot, atawa sok niron sora aki-aki.
“Jadi rumaja di urang mah teu anéh mun teu pati resep nyarita ku Basa Sunda téh da dianggapna Basa Sunda mah bahasa aki-aki,” pokna.

Mémang kitu kanyataanana. Aranglangka aya siaran radio nu maké basa panganteur BS, nu penyiarna masih kénéh rumaja, atawa minimal teu kadéngé ngolot, boh sorana boh gaya nyaritana. Réréana acara nu penyiarna rumaja téh, nya nu gaya nyaritana elu gué téa, nu geus dianggap jadi bagian tina kamus basa gaul maranéhna. Tur padahal, radio téh masih gedé pangaruhna dina lebah nyiptakeun trén di lingkungan para rumaja, lian ti media citak jeung utamana televisi.

Jigana taya salahna mun nu baroga stasion radio, milu narékahan sangkan BS diparaké ku para rumaja, ku cara midangkeun acara-acara nu maké panganteur BS nu dipidangkeun ku penyiar rumaja. Teu kudu riweuh ku undak-usuk nu matak murel, keun wé sina maké basa loma. Pan basa loma téh basa gaulna urang Sunda, sanés? Saeutikna nya pikeun nyaimbangan acara radio nu siaranana sok macarukkeun basa Indonésia jeung basa Inggris. Ti dituna mah meureun ngarah kadéngé gaul téa. Tapi, kuring kungsi boga tatangga, urang bulé nu heubeul dumuk di Tasik, sakali waktu ngadéngé dina radio aya penyiar bacéco maké basa Inggris. Manéhna mah ngadon seuri, “Logat jeung lafal Basa Inggrisna anéh,” pokna.

Kiwari keur aya trén anyar di kalangan artis nu –utamana– asalna ti Sunda. Nyaéta mun nyarita téh sok dipacarukkeun jeung Basa Sunda. Maranéhna mah meureun teu niat pikeun “ngamumulé” BS, sakumaha nu sok dicorowokkeun para ahli jeung pejabat, tapi temahna hadé pisan. Réa kekecapan BS nu kiwari jadi bagian tina basa gaul para rumaja. Dina blog kuring, sok remen manggih koméntar ti nu lain urang Sunda, upamana maké kecap “aya-aya waé”. Mun teu salah kecap aya-aya waé téh dipopulérkeun ku Jarwo Kwat dina Républik mimpi. Kitu deui obrolan Aming saparakanca dina Éxtravaganza, remen kadéngé nyunda. Najan maranéhna mah ukur boga niat hayang béda dina lebah nyarita, tapi pikeun ngipuk deui kareueus kana BS mah, hal ieu gedé mangpaatna.
Jigana, mémang kudu aya tarékah nu daria ti nu baroga média, utamana nu aya jeung sumebar di tatar Sunda, pikeun milu ngahurip-hirupkeun Basa Sunda. Da ngarepkeun ti dunya atikan mah teuing iraha buktina. Beuki dieu téh BS beuki diapilainkeun. Di tingkat SMA waé pan geus euweuh pangajaranana.***

0 Tanggapan ke “Basa Sunda di Radio”



  1. No Comments Yet

Tinggalkan Balasan