keur widya

image1tina panto kaca, urang angger teu bisa norah saha deui nu baris ngalalar di jalan. naha jalma saliwat, atawa nu geus puguh wawuh. atawa nu kungsi datang terus nawarkeun bangbaluh.

salasa teu beda jeung poe sejen, sanggeus hujan remen uluk salam, terus ngamparkeun tirisna. di buruan katembong keneh cileuncang katut daun usum nu muguran. jadi tatapakan pikeun sakabeh ingetan nu ngajak lunta, mireng celak cahaya di hujung jalan pangjauhna.

lawung teh ngan sabengbatan. embohna ukur hate nu haliwu, diajak ocon lamunan ti poe nu hamo bisa kalarung.

9 juni 09

6 Tanggapan ke “keur widya”


  1. 1 anjar Juni 14, 2009 pukul 02:31

    duh, siapa ini teh kang naz?
    ulah nyegruk terus ah bahaya..hehehe…

  2. 2 nazaruddin azhar Juni 14, 2009 pukul 02:55

    wilujeng siang juragan.
    perkawis nyegruk mah eta tangtos ageung paedahna kanggo ningkatkeun kualitas kaimanan sareng kejiwaan urang :p
    eh, anjar teh nu kapungkur tepang waktos di nyiar lumar ciamis?
    nuhun atuh parantos linggih ka blog sim kuring…

  3. 3 w Juni 15, 2009 pukul 22:17

    sae pisann dugi ka sim abdi teu ngartos. hehehe… 10 jempol w buat bapak! hehehe..

  4. 4 nazaruddin azhar Juni 15, 2009 pukul 22:27

    nu penting mah dugi ka geter hate…hehe… nuhun tos kersa ngaos sajakna neng…:))

  5. 5 dende solehudin Oktober 16, 2009 pukul 17:05

    Masih nyimpen no hp na kang?

  6. 6 nazaruddin azhar Oktober 19, 2009 pukul 22:34

    kang dende, nomer hapena aya, mung moal diwartos-wartos hehe. nuhun tos linggih kana blog sim kuring


Tinggalkan Balasan