NU TIBELAT
geus anjog nu tibelat
ka hareupeun lawang nu kungsi nundung
beungeut-beungeut nu someah
hibar deui na angen-angen
kungsi teu silih takon
jeung usum, kungsi jadi tangkal
nu mugurkeun daun, kungsi jadi simpe
nu patelak jeung gedur jajantung
silalatu mumbul tina durukan halimun
anjog deui ka poe kamari
disawang ti tempat anggang
beungeut-beungeut someah ukur geter angin
nu nebarkeun kalimah panjang
satungtung labirin kingkin
UMUR
lolongkrang peuting peupeuntasan angin
lolongkrang beurang diambah wilangan
umur nu teu weleh kingkin
sabot mireng panggero nu ngajauhan
TUTURKEUN
tuturkeun ka mana suku nya ingkah
nuturkeun kalangkang wayah
tenjokeun saha nu tiheula nanya
sabot nunggelis ilang raga kumawasa
mun dina lukisan tea mah hade lebah karakter guratna wungkul, ngan hanjakal bet rea nu ngarandeg palebah nyanghareupan kanyataan hirup. nya kitu tea geuning taya nu anyar utamana mah dina tema asa ulukutek di dinya-di dinya keneh. sigana mah leuwih hade saupama tema nu digali leuwih nyoko kana pasualan naon nu bakal kaalaman dunya dina mangsa nu bakal datang jeung naon nu bakal kaalaman dina mangsa alam padang anu tangtuna ku urang baris disorang. tah kitu.. sigana mah.
Nuhun Ang kana perhatosanana.