pancakaki

nunu.jpg

Nepangkeun, sim kuring pun Nazaruddin Azhar. Lahir di Tasikmalaya, 23 Agustus 1973 (ah, tetela geus kolot umur teh nya?). Kiwari digawe di koran Priangan, medal di Tasik, bari ngasuh acara “Cakrawala Sastra Kita” jeung pidangan lalaguan rok klasik di RSPD Fm, Tasik. Nulis mah geus rada lila, ti taun 1992-an, maksud teh nulis atawa ngarang kalayan daria. Utamana nulis sajak, carpon, esey, jeung naskah drama, boh basa Sunda boh basa Indonesia. Eta oge aya nu kungsi dimuat di koran Priangan, majalah Mangle, Cupumanik, koran Galura, Kujang, Pikiran Rakyat, Kompas, Horison, Nova, Koran Tempo jeung lian ti eta. Ngan rereana mah kitu we, numpuk na laci. Matak nyieun blog oge nya sangkan teu numpuk teuing, da lacina rupek (hehe…). Aya deuih nu kungsi kamuat dina buku. Upamana wae pikeun carpon jeung sajak, dina buku antologi reaan: Ti Pulpen Tepi ka Pajaratan Cinta (Kiblat), Heulang Nu Ngajak Bengbat (Kiblat-PPSS), Poligami (GKT), Orasi Kue Serabi (SST), Muktamar (SST), Gelak Esei dan Ombak Sajak (Kompas), Aku Akan Pergi Ke Banyak Peristiwa (TBJB), Kembang Kadengda (TBJB), jeung lian ti eta. Ari naskah drama mah, nya kungsi dipentaskeun ku sababaraha grup teater di Jawa Barat, upamana wae ku Teater Sunda Kiwari, Bandung. Kungsi nampa hadiah sastra, nyaeta Hadiah Sastra LBSS ti Lembaga Basa jeung Sastra Sunda widang puisi (2006) jeung hadiah sastra DK Ardiwinata pikeun naskah drama BLOR! (1996). Lian ti nulis, mun keur di imah teh kitu we, ngadon ngasuh budak, keur meujeuhna resep ngarewong mun keur ngadelukan komputer teh.

6 Tanggapan ke “pancakaki”


  1. 1 Sandekala Maret 27, 2008 pukul 14:30

    Silahkan kunjungi http://teater-sandekala.blogspot.com untuk pementasan teater Sandekala

  2. 3 arif Juni 11, 2008 pukul 06:42

    punten bilih lepat
    ari nunu kapungkur kantos di SMIK tasikmalaya?
    punten nya soalna geuning rada mirip sareng balad kuring anu kapungkur sok babarengan aktif di teater
    puntennya upami lepat….

  3. 4 nazaruddin azhar Juni 13, 2008 pukul 06:50

    leres ang, kapungkur di SMIK gaduh rerencangan namina Arif………KAMANA WAE LUR? hehehe…lawas pisan nya teu tepung. damang juragan? di mana ayeuna?

  4. 5 Agus hernawan November 7, 2008 pukul 09:49

    kang nunu emut ka pribados, agus jalu sundana
    alias agus hernawan. kirim alamat email atanapi no telpun kangen yeuh….

  5. 6 nazaruddin azhar Juni 10, 2009 pukul 05:35

    gus, diantosan dina ym saderek teu aya wae uy…heuheu..kamana wae


Tinggalkan Balasan