Mei 12, 2008
Pasanggiri Maca Sajak Sunda di Ciamis
Posted by nazaruddin azhar under Pasanggiri Maca Puisi | Tag: Pasanggiri |[4] Comments
Poe Ahad kam
ari (11 Mei 2008), sapopoe ngabandungan nu maca puisi. Aya 75 patandang nu makalangan teh. Da cenah ceuk panata calagara, patandang teh diwatesanan ngarah teu lila teuing lumangsungna ieu acara. Atuda, tempatna ge di ruang sidang DPRD Ciamis, jadi ti Senen ka ditu mah tempatna tangtu geus diparake deui ku para wakil rahayat.
Rupa-rupa cara jeung gaya nu maraca. Kayungyun ku karancageanana. Teu kitu kumaha atuh, meh kabeh jadugna maca puisi ti Banjar, Ciamis, Garut, jeung Tasik, lalungsur ngiring tandang makalangan. Teu wudu, kuring katut saderek Ayi Kurnia oge Rizal Sabda (duanana ti Bandung) nu kapeto jadi rengrengan pangajen, rada leneng lebah nangtukeun saha nu kudu asup jadi patandang petingan (finalis).
Meh kabeh patandang mibanda kapunjulan nu pikareueuseun dina lebah macakeun sajakna. Ukur wewelasan nu kasebut “kurang sieup” teh. Bubuhan nyaeta, rereana jadugna nu tarurun teh. Ti umur 17 taun ka luhur. Najan kitu, aya hiji hal nu bisa jadi catetan, nyaeta rea keneh patandang nu jiga apal cangkem kana sajak nu bacakeunana. Katembong rea keneh nu teu enya-enya loma jeung ungkara nu nantrat na eta sajak. Teu ngabibisani meureun na kituna mah, bubuhan urang teh dina hirup kumbuh sapopoe geus beuki anggang jeung bacaan dina Basa Sunda. Najan bisa norolang nyarita basa Sunda ge, pan rea keneh nu ngatog dina lebah kudu maca tulisan dina basa Sunda mah.
Kilang kitu, ku ayana pasanggiri saperti nu diayakeun ku Komunitas Baca Puisi Ciamis (KBPC) ieu, nu diluluguan ku saderek X Yus Supriatna S.Sen, masarakat teh (dina hal ieu para patandang) diwanohkeun deui, disina loma deui jeung basa Sunda tinulis. Hiji tarekah nu kacida mulyana. Sugan we atuh, ku ayana pasanggiri jiga kieu, urang Sunda kahudang deui kanyaahna kana bacaan Sunda, boh sastrana atawa bacaan panglipurna.
Enya, nu idealna mah meureun para patandang teh teu ngan ukur ngadukduk maca samemeh prung. Patandang nu geus biasa maca bacaan dina basa Sunda, bakal leuwih siap pikeun tarung makalangan. Da katembong atuh, nu geus biasa maca basa Sunda mah, lebah ngunikeun kalimah atawa ungkara teh karasa plastis, adumanis jeung lentong nyunda nu kapireng lain ukur ladang latihan.
Lebah neuleuman eusi sajak deuih, rea keneh nu rumanggieung teh. Sajak nu dipilihan ku panata calagara, bawirasa geus rupa-rupa ‘kelirna’. Aya sajak nu nembrak midangkeun eusi sahinasna, aya oge nu dibulen ku pakakas metafor nu tangtu kudu enya-enya diteuleuman ngarah kapanggih genclang mutiarana. Hal ieu teh tangtu bakal mangaruhan kana gaya tandang (wiraga), jeung lentong oge pertelana ucapan (wirahma) eta patandang. Da kapan penghayatan (wirasa) nu hade dina lebah macakeun hiji sajak, bakal ngajurung timbulna gerak (gesture), emosi, jeung wirahma sora nu spontan teu dijieun-jieun.
Limawelas urang nu kapilih jadi patandang petingan (finalis), kaitung nu pangpunjulna ti antara patandang sejenna. Eta ge, mun seug patandang petingan bisa leuwih ti 15, jigana pangajen bakal leuwih logor nangtukeun ugeran. Da rea atuh patandang nu macana hade, kudu ngajungkel ajenna lantaran salah ngunikeun ungkara najan sakecap. Jigana mun seug arinyana bisa asup jadi patandang petingan, moal boa bakal leuwih sieup macana, da kapan sajak nu dibacana ge beda jeung waktu babak penyisihan. Ngan nyakitu tea, pangajen kudu bener-bener pageuh jeung tukuh kana aturan (teu meunang salah maca, lantaran bisa beda harti), lantaran jumlahna ngan limalas tea.
Ti sakitu puluh patandang, girang pangajen ukur nangtukeun tilu patandang pinunjul. Nya nu kasinugrahan teh nyaeta saderek Didon Nurdani (Ciamis), nyangking Pinunjul 1 tur dileler hadiah piala, piagem, katut duit Rp 2 juta. Terus Ageung S. Noor (Tasik), jadi Pinunjul 2 dileler piala, piagem, katut duit Rp 1,5 juta. Nu jadi Pinunjul 3, Imas (Garut), dileler piala, piagem, jeung duit pangaji sajuta rupia.
Pasanggiri Maca Puisi Sunda sa-Priangan Timur nu dialpukahan ku KBPC gawe rancage jeung Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK) Bandung ieu, tangtu dipiharep bisa manjang. Paling copel sataun sakali, ngarah beuki rea luang pikeun urang Sunda, nembongkeun karancagena dina maca sajak. Kitu tah. Tabe pun.***


